> From: "Tata Mustasya" <[EMAIL PROTECTED]>
>  Mun masyarakat geus sejahtera, jadi babu teh pilihan, lain kapaksa.

Satuju Kang Tata. Memang hij-hijina cara masyarakat kudu sejahtera, supaya
pagawean jadi babu teh pilihan lain kapaksa. Babu diperlukeun di
Indonesia, buktina urang kota keukeuleuweuhan lamun poe lebaran, da para
babu mudik sadayana. Terus terang we kuring oge di imah aya PRT ( ah
...embung nyebut babu mah) maklum kuring jeung pamajikan sarua digawe.
Ayeuna kakara ganti, nu heubeul geus 12 taun di imah kuring, manehna
hayang balik ka lemburna di Bantar Ujeg Majalengka, omongna mah geus lila
teuing ngumbara. Nya dijurungkeun, sugan we manehna di lemburna bisa
usaha, da ku kuring teh dikursuskeun ngaput (ngajahit) tepi ka bisa pisan.

Meunang tilu bulan teu boga PRT, niatna mah moal boga deui, da barudak
geus galalede. Hayang ngalatih barudak sina mandiri. Ngan mimiti mah ampir
unggal poe kuring jeung pamajikan suntuk-sentak we ka budak, sina diajar
digawe di imah. Tapi lila-lila mah barudak (kuring oge jeung pamajikan)
jadi biasa, biasa ngagawekeun pagawean rutin di imah. Datang weh hiji
masalah, minggu kamari, pamajikan di opnameu di RS, kitu deui budak nu
bungsu. Pamajikan mah tekanan darah rendah ari si Bungsu mah panas. Walah
....karasa ripuh, sagala ku sorangan, da budak nu sejen sarakola tepi ka
sore. Tungtungna pagawean di kantor cul, nguruskeun imah we jeung nu
gering.

Sore-sore, bel diimah disada, aya budak awewe make kurudung kira-kira
umurna 17 taunan. Ditanya aya kaperluan naon?. Horeng teh manehna neangan
gawe jadi PRT, geus 20 poe kukurilingan, tapi acan meunang wae. Manehna
urang Garut. Kuring ragu-ragu rek narima teh, da niatna oge moal boga PRT
deui, tapi ieu ....awak mani lungse kieu ngagawekeun pagawean di imah.
Nelepon ka Pamajikan di RS, pamajikan teh kalahka malikkeun, cenah moal
boga deui PRT. Ceuk kuring teh :"Enya, niatna mah kitu, ngan ieu baju
setrikaaneun numpuk, kamar barudak paburantak,  tengah imah jiga kapal
peupeus!"

Tungtungna pamajikan satuju, geus saminggu di imah kuring aya PRT deui ......

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke