--- In [email protected], Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>

> 
> Tungtungna pamajikan satuju, geus saminggu di imah kuring aya PRT
deui ......


Baraya,

Masalah babu tea. Naha ieu teh ngan saukur pangabutuh atawa oge
nyambung kana urusan gengsi? Bisa jadi oge dua2na.

Di NL, oge di nagara2 sejen anu moderen. EUWEUH sistem babu saperti di
RI! Padahal mun dibanding2 mah sistem hirup di nagara2 maju leuwih
RIWEUH tinimbang di RI. Komo mun salaki jeung oamajikan na full time
gawe... budak uruseun pabalatak. Tapi... teu kadenge jelema ngaheruk
kulanataran teu dibabuan? Cik... naon alesanana?

Perbabuan di NL geus diformalisasi. Mun perlu jasa tukang beberesih,
tukang ngasuh, tukang masak bisa oge... tapi hubungannana lain siga di
urang. Babu teh apan sok jadi hak milik nu mere pagawean. Malah ceuk
kuring mah memeper2 perbudakan... diskploitasi nepi ka beak. Di NL mah
pagawe service siga kieu ditangtayungan hukum. Jadi hubungan na ge,
hubungan profesional.

Memang, teu loba anu boga kalakuan goreng ka babu (meureun)...
tapi...kuring mah loba menuang dongeng ngeunaan nasib babu anu
dikakaya. Tapi anu jadi masalah teh, sikep kieu mun teu atur... nya
bakal langgeng. Ari kahayang mah... atur sing bener. Pan eta teh
manusa keneh, lian ti kitu bangsa sorangan deuih.

baktos,

Rahman

Kirim email ke