>Leres pisan, pribados oge sapagodos sanes bade ngocal-ngocal. Ieu mah estuning 
>hoyong terang. Seueur anu nyebatkeun ayana agama Sunda, tapi ari wujudna 
>kumaha? kumaha prak-prakanana? samar keneh wae, margi teu aya anu nerangkeun 
>kalawan eces. Padahal cenah, mibanda kaarifan anu luhung.
Nuhun.
 
>Assalaamu'alaikum,
>
>Kahatur baraya sadaya,
>
>Simkuring kuram-kirim naon bae, kaasup nu jadi bahasan di dieu lain
>maksud rek ngocal-ngocal, ngaganggu kayakinan atawa ageman batur. Taya
>lian, maksud teh pikeun muka wawasan bae, ngeunaan naon nu aya di
>sabudeureun urang. Nya tangtuna (kusabab ieu mah milis urang Sunda)
>kaasup naon (bae) nu jadi ageman urang Sunda, ti sumber mana bae nu
>bisa kasungsi.
>
>Sakitu bae anu kapihatur, mangga lajengkeun!
>
>sikandar
>
>---------- Forwarded message ----------
>Asep Dedi Suhendra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>Rahayu Kang....,
>
>Haturan tepang sareng Sim Kuring Asep Oeking, wiwitan ti Ciwaruga,
>Bandung, ayeuna nuju Ngalanglan di nageri deungeun-FL,USA.
>
>Langkung ti payun sim kuring bade sanuk2,parantos tumorojog tanpa
>rarapan, teu kirang sareng teu langkung bade nyuhunkeun dihapunten
>bilih aya luhur bahe carek, dina mairan artikel dina ieu rohangan,
>teu aya sanes sim kuring teh hoyong mungkas obrolan perkawis ieu anu
>tos di padungdengkeun ku Kang kumincir, soalna masalah ieumah
>masalah kayakinan ulah rek di parebutkeun, da ujung-ujungnateh bakal
>lumpat kana kayakinan.
>
>Didunya aya mangratus-ratus kayakinan anu nerap dina kahirupanana,
>sumebar di tiap juru dunya ngan sababraha bae anu bisa dibedakeun,
>anu niat hade jeung niat teu hade, carana nyebarna bari maksa jeung
>teu maksa, kayakinan anu sok ngagogoreng kayakinan anu lian jeung
>anu tara ngagogoreng, tah... tos ayeunamah urang pungkas bae
>padungdengan ieu obrolan teh, satuju lah,... mangga bae urang silih
>cepeng kayakinan masing2 kukalakuan nyata anu hade dina kahirupan,
>ulah rek silih oleg kana kayakinan anu lian, da ari geus waktuna
>rungkad caringin di buruan mah ngan iwal tikalakuan anu hade anu
>bisa di andelkeun, iwal ti amal perbuatan, cag.. tutup lawang
>sigotaka.
>
>Hayu urang silaturahmi bae....
>Baktos
>
>Asep-Oeking-FL
>
>
>PENTING..!
>
>attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
>dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
>pencabutan membership.
>
>terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
>mengupdate antivirusnya.
> 
>Yahoo! Groups Links
>
>
>
> 
>
>
>
>
Ganjar Kurnia



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke