Si akang Waluya many resep jalan2 di padalaman kalimantan, ngiringan atuh 
kang.....
Abdi palay ngelmu mandou ti urang dayak nu tiasa ngapung.

Kang Yana


________________________________
From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Sunday, November 9, 2008 9:06:51 AM
Subject: Re: [kisunda] Dayak


> From: SASTRANEGARA THARYANA
> Baraya uing ngobrol jeung urang dayak asli , aya carita imbal balik
> dina jual beli, suku dayak pedalaman nukeuran sa ember "emas murni" ngan 
> sa ukur menta di ganti ku "uyah". Ieu teh
> kajadian cara imbal balik / jual beli masih aya di suku dayak pedalaman 
> kalimantan nepi ka ayeuna di jaman modern.

Kuring kungsi nganjrek jeung urang Dayak di pedalaman Kalbar di taun 1982 
aya kana 2 bulanna.. Harita halodo panjang (pas Galunggung bitu) , walungan2 
nyaeutikan caina, walungan Kapuas anu sakitu gedena, di palebah kota Sintang 
Kalbar jerona ukur satuur. Parahu nu bisa jalan ukur parahu leutik, ari 
"bandung" mah teu jaralan da kandas (bandung = parahu gede, disaungan siga 
imah, alat transportasi vital di walungan Kapuas jeung anak-incuna) . 
Kabutuhan poko jadi hese, komo di pedalaman mah.

Keur sagala werit kitu, kuring asup ka pedalaman. Ari nganjrek teh disisi 
kampung Urang Dayak. Nu disebut kampung teh imahna ngan hiji ngan 
....panjang dieusian sababaraha kulawarga. Nu istimewa awewena teu 
dikarutang alias teu make BH, tinggulatung we, komo nini-nini mah ...hahaha. 
Unggal isuk urang Dayak sok daratang ka camp, mawa daun sampeu tepi ka 
hayam hayang ditukeuran ku .....uyah!

Unggal poe uyah ditukeur-tukeurkeun , tungtungna ampir beak, atuh kapaksa 
kudu balanja ka kota (sintang). Ngan cilaka nu balanja teh tepi ka tilu poe, 
da ngandelkeun suku, teu bisa make parahu, da walungan incuna Kapuas teh 
ampir garing!

Baktos,
WALUYA

 


      

Kirim email ke