Enya balageur urang dayak mah Bah ...kuring ge meunangkeun anakna  he he he
.....
geus batian 2 deuih ayeuna mah ..


[Kungsi dibaeudan anak dayak]  :))




On Sun, Nov 9, 2008 at 10:33 PM, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   > From: SASTRANEGARA THARYANA
>
> > Si akang Waluya many resep jalan2 di padalaman kalimantan, ngiringan atuh
>
> > kang.....
> > Abdi palay ngelmu mandou ti urang dayak nu tiasa ngapung.
>
> Wah ayeuna mah parantos rame Kang Yana, benten jeung 25 taun kapengker. Nu
> matak hookeun urang Dayak basa kuring diditu, ngarakuna teh "Sedang tidak
> beragama" ....hehehe. Cenah riwayatna teh maranehna mimiti "teu boga
> agama",
> animismeu. Geus kitu asup missionaris Katolik, nya arasup Katolik, malah
> nyieunn gerejana sagala. Pastorna urang Bule. 2 taun sang pastor didinya,
> terus ditarik deui. Urang Dayak jadi "tidak beragama" deui, salila 2 taun.
> Jebul datang deui missionaris Kristen (protestan). Nya ararasup kana
> Protestan. Tapi Bapa Pendeta teu lila didinya ...indit deui. Jadi weh waktu
>
> kuring datang kadinya, maranehna nyebut "sedang tidak beragama". Gerejana
> kosong euweuh tanda salib sauetik-eutik acan, tara dipake kebaktian, ukur
> dipake sayang bangbara nu ngaraliang dina tihang-tihangna.
>
> Urang Dayak sareng mandauna tiasa ngapung ....hehehehe sering kuring oge
> ngareungeu kaasup kumaha "sakti"na maranehna. Taun 1979 di Kalbar aya
> "kerusuhan Rasial" antara Dayak vs Madura. Di taun 1982, waktu kuring
> kadinya, dongeng-dongeng kasaktian urang Dayak masih nerekab, pajarkeun teh
>
> aya dukun Dayak nu leumpangna dina daun cau acleng-aclengan siga simeut.
> Tradisi "mangkok merah" nu matak muriding bulu punduk. Urang Dayak lamun
> ngajak kampung/suku sejen merangan "musuh" make cara mangkok merah ieu. Nu
> ngajak babarengan perang, ngeureut curukna, getihna ditandean mangkok. Geus
>
> kitu mangkok ieu dikirim ka kampung sejen. Lamun kampung ieu nyaluyuan,
> manehna oge sarua ngeureut curukna, getihna ditandean ku mangkok. Mangkok
> terus dikirim kaditu-kadieu, akhirna ger perang ....merangan urang Madura.
>
> Tapi sanajan loba carita pikasieuneun, sabenerna lamun urang geus "gaul"
> jeung maranehna, karasa yen maranehna teh sabenerna jalma ramah, balalageur
>
> sederhana mikirna ditambahan polos bolostrong. Nu penting ulah diganggu
> ........
>
> [Kungsi dtawaran beuleum lancah maung!]
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke