> From: SASTRANEGARA THARYANA
> Si akang Waluya many resep jalan2 di padalaman kalimantan, ngiringan atuh
> kang.....
> Abdi palay ngelmu mandou ti urang dayak nu tiasa ngapung.
Wah ayeuna mah parantos rame Kang Yana, benten jeung 25 taun kapengker. Nu
matak hookeun urang Dayak basa kuring diditu, ngarakuna teh "Sedang tidak
beragama" ....hehehe. Cenah riwayatna teh maranehna mimiti "teu boga agama",
animismeu. Geus kitu asup missionaris Katolik, nya arasup Katolik, malah
nyieunn gerejana sagala. Pastorna urang Bule. 2 taun sang pastor didinya,
terus ditarik deui. Urang Dayak jadi "tidak beragama" deui, salila 2 taun.
Jebul datang deui missionaris Kristen (protestan). Nya ararasup kana
Protestan. Tapi Bapa Pendeta teu lila didinya ...indit deui. Jadi weh waktu
kuring datang kadinya, maranehna nyebut "sedang tidak beragama". Gerejana
kosong euweuh tanda salib sauetik-eutik acan, tara dipake kebaktian, ukur
dipake sayang bangbara nu ngaraliang dina tihang-tihangna.
Urang Dayak sareng mandauna tiasa ngapung ....hehehehe sering kuring oge
ngareungeu kaasup kumaha "sakti"na maranehna. Taun 1979 di Kalbar aya
"kerusuhan Rasial" antara Dayak vs Madura. Di taun 1982, waktu kuring
kadinya, dongeng-dongeng kasaktian urang Dayak masih nerekab, pajarkeun teh
aya dukun Dayak nu leumpangna dina daun cau acleng-aclengan siga simeut.
Tradisi "mangkok merah" nu matak muriding bulu punduk. Urang Dayak lamun
ngajak kampung/suku sejen merangan "musuh" make cara mangkok merah ieu. Nu
ngajak babarengan perang, ngeureut curukna, getihna ditandean mangkok. Geus
kitu mangkok ieu dikirim ka kampung sejen. Lamun kampung ieu nyaluyuan,
manehna oge sarua ngeureut curukna, getihna ditandean ku mangkok. Mangkok
terus dikirim kaditu-kadieu, akhirna ger perang ....merangan urang Madura.
Tapi sanajan loba carita pikasieuneun, sabenerna lamun urang geus "gaul"
jeung maranehna, karasa yen maranehna teh sabenerna jalma ramah, balalageur
sederhana mikirna ditambahan polos bolostrong. Nu penting ulah diganggu
........
[Kungsi dtawaran beuleum lancah maung!]
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/