ooooooo....kiiitu kutan?
janten satengah nyindir ni yeeeeee...?
he33x!
...oca tea...

--- On Sun, 11/9/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Dayak
To: [email protected]
Date: Sunday, November 9, 2008, 7:39 PM

> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja
> leres sidulur Dayak teh , nyanggem kitu?
> SEDANG TIDAK BERAGAMA?

Leres pisan Bah Oza, nyariosna ge teu riuk-riuk, saolah-olah kajadian biasa, 
malah  sabalikna kuring nu ngajenghok sabab di jaman harita, nyarios kitu di 
Jawa, bisa-bisa asup ka panjara da disangka Atheis. SIgana ieu ku 
pinter-pinterna kaum missionaris dina nyebarkeun agamana, tepika urang Dayak 
nu saleresna mah gaduh KAPERCAYAAN ASLI, nganggap kapercayaan asli maranehna 
teh Non Agama. Ieu saluyu jeung nagara/pamarentah nu mung ukur nyadiakeun 
"Panto Sawarga" lima panto (ayeuna genep) keur rakyatna ....hehehehe.

Agama Hindu Kaharingan, dianut ku urang Dayak di Kalimantan Tengah 
(Palangkaraya), ieu benten sareng kapercayaan asli Dayak di Kalimantan Barat 
atawa Timur. Sapertos disebatkeun ku Ambu Dian, kecap "Dayak" teh
saleresna 
kecap ti urang luar keur penduduk Kalimantan di Pedalaman sareng Non Muslim. 
Padahal teu mungkin di hiji Pulo nu kaasup pangageungna sa Dunya, pendudukna 
saragam (sasuku). Di Kalbar wae aya puluhan Basa (bahasa) nu dianggo. Kuring 
oge gara-gara nganggap urang Dayak basana sarua, kabelejog. Kulantaran perlu 
urang lokal, kuring mamawa urang Dayak ti daerah Sanggauledo waktu 
kukurilingan di Kalbar, eh ....pas tepi ka tempat sanes, manehna ge sarua 
teu ngartieun basana. Nya tuntungna mah Basa Indonesia we sabab umumna 
maranehna ngangalarti.

Upami Urang Kalimantan Muslim, disebatna urang Melayu (Kalbar) atawa urang 
Banjar (Kalsel, Kalteng sareng Kaltim). Urang Kalimnatan Muslim, cenah mah 
aslina Dayak oge, ngan kulantaran harirup di muara-muara Sungai ageung jeung 
sisi laut, maranehna sering kontak jeung dunya luar, peradabanana langkung 
maju......

Baktos,
WALUYA







------------------------------------

Yahoo! Groups Links






      

Kirim email ke