Beuleum Lancah Maung
Saptu, 18 Nopember 2006

Waktu di SKP I Sintang, kuring campur gaul jeung urang Dayak Pedalaman. 
Pagawe lokal nu mantuan digawe urang Dayak, barudak kira-kira umurna 17-20 
taun. Rata-rata tamatan SD, jadi lumayan barisa maca. Sanajan geus sarokala 
tapi masih muncul sifat-sifat suku pedalaman, terutami dina barang dahar.

Tengah poe survey di lapangan sok istirahat "makan siang", sarerea sok muka 
bekel masing-masing. Kitu deui barudak pagawe lokal. Hiji waktu si Henry, 
pagawe lokal, ngukuy taneuh terus leungeunna ati-ati newak ..........lancah 
maung!.

Kuring kacida sieunna, komo ningali huntu lancah maung anu gerak-gerak jiga 
gegep rek ngegel, tapi pundukna dicekelan ku si Henry. Lancah maungna 
warnana henteu hideung jiga lancah maung di urang, tapi semu coklat, ngan 
gedena dua kali leuwih gede ti lancah maung di urang. Ku si Henry eta lancah 
teh dikusrukeun kana durukan, dibolak-balik. Kuring bari ngahuap dahar 
nempokeun we polah si Henry teh. Geus asak, terus dicokot, na ari sok teh 
diteundeun kana piring alas kuring, bari ngomong : "Enak Pak labah rasanya 
seperti udang!"

Sajongjonan mah kuring ngahuleng, rek ngahuap teu jadi, jadina keuheul, 
beuteung lapar keneh ari ieu aya beuleum lancah dina piring, ampir-ampiran 
ngambek, ngan ras inget meureun si Henry teh ngahormat ka kuring da beuleum 
lancah teh teu didahar ku manehna. Gancangan kuring ngomong : " Rasa udang 
Henry? saya tidak suka udang suka gatal gatal", bari kop beuleum lancah tina 
piring teh dicokot, ditunda dina alas si Henry. "Ah Bapak, tidak tahu yang 
enak", cenah bari nyokot beuleum lancah terus disamualkeun, dicapek bangun 
nu nikmat ngan selera dahar kuring jadi leungit!

Baktos,
WALUYA 


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke