No Bra
Sanggeus survey di SKP I Sintang reres, kuring saparakanca ngajugjug ka SKPG
Sintang. Lokasi ieu, ayeuna mah kaliwatan ku jalan Sintang - Putusibau (Kota
Putusibau ayana di jero pisan, ibukota kabupaten Kapuas Hulu). Tapi taun
1982 mah jalan ka Putusibau teh kakara tepi ka SKP G, jeung kakara dijieun.
Ti Sintang ka SKP G, ngilu kana treuk proyek (kontraktor land clearing), nu
supirna judes pisan, padahal mah ku kuring teh rek dibayar. Waktu tepi ka
SKP G, si supir "judes" teh ngarurusuh kudu gagancangan nurunkeun barang,
sabab cenah manehna sieun kapanggih ku bosna ngompreng mawa panumpang. Mani
teungteuinganan pisan, da lamun loba kendaraan mah, kuring oge moal ngilu ka
manehna.
Keur rurusuhan nurun-nurunkeun barang, ti kajauhan kaciri aya nu mureleng,
terus nyampeurkeun, nanya ka kuring rombongan timana, bari romanna jiga nu
teu suka kadatangan kuring teh. Ceuk kuring teh rombongan ti Bandung rek
survey cai. Terus manehna teh mencrong ka Supir treuk jiga nu rek ngambek.
Si Supir ukur alangah-elengeh. Kuring surti, euh ieu bos supir teh, paingan
atuh supir treuk teh ngarurusuh da bosna mani galak kitu.
Rek tunyu-tanya soal pangrereban ka si Supir atawa ka bosna, jadi haroream
da ku jararudes tea. Kabeneran aya nu nyerangkeun, awakna buligir, ngan make
calana pondok warnana hideung. Ku kuring digeroan, sabab kuring geus nyangka
manehna teh lain pagawe kontraktor tapi urang Dayak. Manehna nyampeurkeun,
terus diajak ngobrol, yen kuring perlu pangrereban. Ceuk manehna aya di
kampung. Aya imah anyar, kosong, tadina dieusian ku juru ukur topografi nu
aranna Pa Kasno, urang Jawa, tapi boga pamajikan urang dinya (Dayak). Pa
Kasno teh keur balik heula ka Jawa, Jadi imahna kosong, da pamajikan Pa
Kasno nu urang Dayak balik deui ka "Imah Panjang", embungeun nyicingan
imahna. Kacida kuring atohna, nya bring sarerea laleumpang, barang-barang
dibawa dibarantuan ku urang Dayak, ngajugjug lembur urang Dayak, kira-kira
750 m ti camp kontraktor land clearing teh. Tepi weh kuring ka lembur nu
dijugjug. Beda jeung urang Dayak di SKP I, Geuningan Urang Dayak di SKP G
mah, masih asli pisan, katingali di lemburna ngan aya wangunan imah
hiji-hijina, bentukna panggung jeung luhur ngan panjang pisan ( imah Adat
Dayak sok disebut " Rumah Panjang"). Eta imah eusina jelema salembur,
dihandapeun imah pabaliut babi jeung hayam. Lokasi Imah panjang ieu di
tempat nu rada luhur nu kalebakna aya walungan leutik.
Di lebak deukeut walungan aya dua wangunan deui, nu hiji mah weweg jeung
rada gede, ari nu hiji deui mah kacirina teh asal jadi, leuwih pantes
disebut saung. Ku urang Dayak nu nganteur, rombongan kuring dianteurkeun ka
wangunan nu asal jadi tea. Kuring protes, naha henteu diwangunan nu hiji
deui wae. Si Dayak teh kalahka mureleng : " Itu Gereja Pak, Pendetanya lagi
pulang dulu, jadinya seperti tidak dipakai!" Nya, enggeus ari kitu mah,
kuring sarerea narima kudu sare didinya. Terus beberes, nyiap-nyiapkeun
sagala rupa , teu karasa waktu nyelerek ka sore. Kira-kira jam tilu, kuring
ngalangeu ka deukeut gereja. Dihareupeun gereja, aya jalan satapak anu
ngahubungkeun Imah Panjang jeung walungan. Jigana mah jalan paragi ka
walungan. Bener we teu kungsi lila aya nu ngabring, marake samping hideung
....beuki deukeut....beuki deukeut, kuring molohok mata simeuteun, molohok
lain pedah nu ngalangkung ka walungan teh istri, tapi eta geuningan ngan
ukur disamping wungkul, kaluhur mah teu nganggo nanaon, tinggulayun, aya nu
neuhneur keneh, aya nu "hebring" , aya oge anu kagungan nini-nini (teu pati
ditempo eta mah). Keur molohok kitu, na ari bereyek teh babaturan ngariluan
caringogo di hareupeun gereja, lalajo anu ngalangkung bade ibak ka walungan.
Nu dilalajoan, sugan era sugan kumaha, ih nya biasa we, sakitu "kagungan"
kamana-mendi teh. Da meureun keur maranehna mah geus biasa, euweuh masalah.
Diserangkeun teh, kalahka nyerengeh seuri. Si Kusnandar lumpat, nyokot
tustel, pek moto. Mimitina motona teh ti kajauhan, lila-lila ngadeukeutan,
tepi ka deukeut pisan, da waktu diafdruk teh, nu katingali teh tinggal "dua
gedang"na wungkul. Tapi nu difoto ukur nyarengeh, henteu niat arek
"akting",kaciri pisan yen maranehna teh teu nyaho kana barang nu dibabawa ku
si Kusnandar teh. Nu rek mandi teh aya kana dua puluh urangna, jadi wareg
lalajo teh da ditarungguan waktu balikna oge.
Ti Peutingna ngan ribut we ngobrolkeun "No Bra", ngan kabeneran di rombongan
teh aya santri, Pa Endun, jeung ongkoh geus aya umuran. Mamatahan, geulis
teh didieu dilapangan, ari engke mah dibawa ka Bandung, moal bisa
dibawa-bawa ka pertemuan arisan ibu-ibu atawa Dharma Wanita sagala, da basa
Indonesia ge teu bisa. Ditambahan ku kuring, enya urang Dayak teh kulitna
mah kararoneng, tapi coba tenget-tenget, geuning awakna teh pinuh ku hapur,
mani bararodas ting jareplak!
Poe kadua jeung saterusna, beuki biasa ningali nu teu make baju jeung kutang
teh, teu raribut wae, jeung ongkoh beuki lila beuki sadar yen rombongan
kuring teh cicing dilingkungan masyarakat nu tadina terasing, anu ayeuna
kakara terbuka ku Jalan Sintang-Putusibau, anu acan opat bulan. Aya rasa
simpati, karunya ka maranehna, mana teuing sabenerna mah maranehna teh
"Shock" ku ngadadakna asup urang luar jeung mamawa budaya beda pisan.
Loba nu ngamanfaatkeun maranehna, jiga Pa Kasno, juru ukur topografi tea.
Kuring papanggih jeung Pa Kasno teh di Pontianak, basa rek balik ka Bandung,
papanggih di kantor Transmigrasi terus kabeneran sahotel. Geuning Pa Kasno
teh geus umuran , umurna aya kana lima puluh taunna, ari pamajikan "Dayak"na
umurna 15-16 taun. Manehna ukur nyakakak seuri waktu dicaritakeun yen
"pamajikanana" nu urang Dayak nungguan, terus kalahka ngomong : " Saya tidak
akan ke Sintang lagi, pekerjaan di Kalbar sudah selesai!".
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/