ari si kg Waluuuuuuuy...
leres sidulur Dayak teh , nyanggem kitu?
SEDANG TIDAK BERAGAMA?
jadi si animismeu teh...
agamanya dapat sajah macam-macam sa-praknya?
aeh2 babanjaran....
cik, tiasa dipedar rada lebar?
pan cenah deui wae, kaharingan?
ceuk siAmbu , agama ka-hyang-an
manawi....
he33x!
....oc tea...

--- On Sun, 11/9/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Dayak
To: [email protected]
Date: Sunday, November 9, 2008, 7:33 AM

> From: SASTRANEGARA THARYANA
> Si akang Waluya many resep jalan2 di padalaman kalimantan, ngiringan atuh 
> kang.....
> Abdi palay ngelmu mandou ti urang dayak nu tiasa ngapung.

Wah ayeuna mah parantos rame Kang Yana, benten jeung 25 taun kapengker. Nu 
matak hookeun urang Dayak basa kuring diditu, ngarakuna teh "Sedang tidak 
beragama" ....hehehe. Cenah riwayatna teh maranehna mimiti "teu boga
agama", 
animismeu. Geus kitu asup missionaris Katolik, nya arasup Katolik, malah 
nyieunn gerejana sagala. Pastorna urang Bule. 2 taun sang pastor didinya, 
terus ditarik deui. Urang Dayak  jadi "tidak beragama" deui, salila 2
taun. 
Jebul datang deui missionaris Kristen (protestan). Nya ararasup kana 
Protestan. Tapi Bapa Pendeta teu lila didinya ...indit deui. Jadi weh waktu 
kuring datang kadinya, maranehna nyebut "sedang tidak beragama".
Gerejana 
kosong euweuh tanda salib sauetik-eutik acan,  tara dipake kebaktian, ukur 
dipake sayang bangbara nu ngaraliang dina tihang-tihangna.

Urang Dayak sareng mandauna tiasa ngapung ....hehehehe sering kuring oge 
ngareungeu kaasup kumaha "sakti"na maranehna. Taun 1979 di Kalbar aya

"kerusuhan Rasial" antara Dayak vs Madura. Di taun 1982, waktu kuring

kadinya, dongeng-dongeng kasaktian urang Dayak masih nerekab, pajarkeun teh 
aya dukun Dayak nu leumpangna dina daun cau acleng-aclengan siga simeut. 
Tradisi "mangkok merah" nu matak muriding bulu punduk. Urang Dayak
lamun 
ngajak kampung/suku sejen merangan "musuh" make cara mangkok merah
ieu. Nu 
ngajak babarengan perang, ngeureut curukna, getihna ditandean mangkok. Geus 
kitu mangkok ieu dikirim ka kampung sejen. Lamun kampung ieu nyaluyuan, 
manehna oge sarua ngeureut curukna, getihna ditandean ku mangkok. Mangkok 
terus dikirim kaditu-kadieu, akhirna ger perang ....merangan urang Madura.

Tapi sanajan loba carita pikasieuneun, sabenerna lamun urang geus
"gaul" 
jeung maranehna, karasa yen maranehna teh sabenerna jalma ramah, balalageur 
sederhana mikirna ditambahan polos bolostrong. Nu penting ulah diganggu 
.........

[Kungsi dtawaran beuleum lancah maung!]

Baktos,
WALUYA



------------------------------------

Yahoo! Groups Links






      

Kirim email ke