> From: Rudy
> Kang Waluya.Wilujeung enjing kang,.
> Cik..cik.. pengemut kang waluya evolusi urang sunda dina religi bakal 
> kumaha? Kang kapungkur nganggeum sunda
> Wiwitan teras Hindus jeung Budha teras deui islam janten mayoritas tah 
> teras kapayun bakal kumaha ?

Walah si Kang Rudy mah, naros teh anu sesah pisan. Sigana nu langkung pas 
ngawaler ieu Ambu Dian, anjeunna akhlina. Mung kuring aya catetan, sigana 
robahna jadi Islam ti agama buhun, sanes "evolusi" tapi nyaketan "revolusi", 
sabab ukur dina waktos nu relatif sakedap. Abad ka 15 masih aya karajaan 
Pajajaran, tapi 200 taun saentasna, leungit teu aya sesana, robah jadi 
karajaan-karajaan Islam  (Banten, Cirebon). Hanjakal pisan catetan sajarah, 
pangpangna sajarah sosial ampir teu aya atawa sapotong-potong ( Sajarah 
sosial= sajarah masyarakat biasa, sanes carita para raja jeung para syeh 
wungkul).

Religi atawa kayakinan, cenah mah fitrah (insting) manusa. Nu disebut 
insting mangkeluk, biasana aya terus sanajan ngalaman evolusi Contona 
insting nyalametkeun diri, kabeh mangkeluk dibekelan hal ieu. Kitu deui 
insting kana Kayakinan pasti aya terus dina diri manusa, kaasup urang Sunda. 
Dina pelem Holywood, nu ngaku atheis oge, lamun kaget sok ngomong: "oh my 
God!".....

Jadi kapayunna urang Sunda tetep bakal boga religi, ngan meureun religi nu 
kumaha, gumantung ka kaayaan jeung pangaruh luar. Kaayaaan mangaruhan pisan 
kana religi. Lamun urang Sunda jadi subur-makmur, adil, relijius urang Sunda 
bakal leuwih longgar jeung moderat. Tapi lamun urang Sunda katalangsara, 
sifat relijiusna bakal leuwih kuat jeung bisa mucunghul kaum militan.

Naha kitu? Salah sahiji faktor manusa boga kayakinan/religi kulantaran 
nyanghareupan KATEUPASTIAN. Beuki teu pasti kahirupan, manusa bakal leuwih 
ngadeukeutkeun kanu Maha Kawasa, tapi lamun kateupastian ngurangan, biasana 
manusa sok poho kanu Maha Kawasa. Contona di nagara-nagara maju jeung 
makmur, sifat religius jadi ngurangan, beda jeung dinagara-nagara miskin 
(atawa berkembang), sifat relijius kuat pisan, malah jadi kaleuleuwihi, jadi 
militan.

Tos ah ngacaprukna .......

Baktos,
WALUYA
 


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke