Upami teu lepat, pangarang2 Sunda jaman baheula teh ampir sakabehna golongan
menak, sahanteuna priyayi. Kangaranan menak/priyayi, kapan dina jaman
Walanda hirupna senang-senang bae, teu sadar kana kanyataan yen sabenerna
urang Sunda teh keur dijajah Walanda.

Mun disebut leuwih ajrih, sigana leres, jamana feodal tea atuh... Ajrih dina
harti yen Walanda mah darajatna leuwih luhur batan bangsa Sunda, malah
leuwih luhur batan menak-menak tedak raja-raja Sunda. Eksploitasi penjajah
ka rahayat Sunda dianggap memang geus kudu kitu ayana, da ti baheulana oge
rahayat mah kumawula ka nu kawasa... Teu aya nu lepat, najan aya oge nu
ngarasa henteu kitu... Meureun...

On Wed, Dec 10, 2008 at 10:54 PM, Waluya wrote:

>   Enya meureun kitu. Maksud kuring midua teh, "Arab" sacara umum. Nu
> kuring
> teu pati kaharti, nu ngajajah Indonesia teh sabenerna urang Walanda. Tapi
> anehna heureuy nu ngageuhgeuykeun urang Walanda ampir teu aya, komo nu
> lisan mah. Malah ceuk Pak Ayip Rosyidi, Roman-roman Yuhana anu kritis kana
> kaayaan sosial oge, nempatkeun para "Tuan besar" ieu jadi tokoh-tokoh
> panyalamet. Leuwih ajrih ka Walanda tinimbang ka urang Arab kitu?
>

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke