salian ti kitu, pernah ngadenge saeutik dongeng ngeunaan sastra samemeh merdeka, utamana era pujangga baru... jaman harita nu berwenang medalkeun roman teh balai pustaka, nu diawasi kalayan ketat ku pamarentahan walanda harita. salasahiji hal nu teu meunang aya dina roman roman jaman harita nyaeta ajakan sangkan inlander ngalawan ka walanda. matakna teu aneh lamun roman-roman wedalan bp euweuh nu ngagogoreng ka walanda. conto kasus dina roman marah rusli 'kasih tak sampai' tea. tokoh utamana nu protagonis nu hayangeun paeh tea, samsul bahri, pan salasahiji tangtara walanda. sabalikna, datuk maringgih, si jahat si tukang ngarebut kabogoh batur jadi 'pejuang' nu ngalawan walanda...
jeung kulantaran kitu, ieu mah rek ngagosip da rada poho deui saha jeung naon karyana, dina sajarah sastra sunda aya karya-karya sastra petingan nu ditolak ku balai pustaka dipedalkeun make jalur jero taneuh, mun istilah kiwari mah indie tea meureun nya? da dinilai subversif ku balai pustaka. meureun On Thu, Dec 11, 2008 at 8:17 AM, Kumincir Wikidisastra < [EMAIL PROTECTED]> wrote: > Upami teu lepat, pangarang2 Sunda jaman baheula teh ampir sakabehna > golongan menak, sahanteuna priyayi. Kangaranan menak/priyayi, kapan dina > jaman Walanda hirupna senang-senang bae, teu sadar kana kanyataan yen > sabenerna urang Sunda teh keur dijajah Walanda. > > Mun disebut leuwih ajrih, sigana leres, jamana feodal tea atuh... Ajrih > dina harti yen Walanda mah darajatna leuwih luhur batan bangsa Sunda, malah > leuwih luhur batan menak-menak tedak raja-raja Sunda. Eksploitasi penjajah > ka rahayat Sunda dianggap memang geus kudu kitu ayana, da ti baheulana oge > rahayat mah kumawula ka nu kawasa... Teu aya nu lepat, najan aya oge nu > ngarasa henteu kitu... Meureun... > > > On Wed, Dec 10, 2008 at 10:54 PM, Waluya wrote: > >> Enya meureun kitu. Maksud kuring midua teh, "Arab" sacara umum. Nu >> kuring >> teu pati kaharti, nu ngajajah Indonesia teh sabenerna urang Walanda. Tapi >> anehna heureuy nu ngageuhgeuykeun urang Walanda ampir teu aya, komo nu >> lisan mah. Malah ceuk Pak Ayip Rosyidi, Roman-roman Yuhana anu kritis kana >> >> kaayaan sosial oge, nempatkeun para "Tuan besar" ieu jadi tokoh-tokoh >> panyalamet. Leuwih ajrih ka Walanda tinimbang ka urang Arab kitu? >> > > -- > sikandar > kumincir.blogspot.com > > _._,___ > -- d-: dudi herlianto :-q ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
