> From: Kumincir Wikidisastra
> Upami teu lepat, pangarang2 Sunda jaman baheula teh ampir sakabehna
> golongan menak, sahanteuna priyayi. Kangaranan > menak/priyayi, kapan dina
> jaman Walanda hirupna senang-senang bae, teu sadar kana kanyataan yen
> sabenerna urang
> Sunda teh keur dijajah Walanda.
Teu sadayana pangarang Sunda jaman kolonial dipikaresep ku Walanda. Salah
saurangna nya Yuhana ieu. Yuhana lamun teu salah ngilu barontakna pagawe
kareta Api di Bandung 1927, manehna dipecat. Kajadian barontakna pagawe
kareta Api taun 1927 ngakibatkeun sababaraha urang dibuang ka Digul Papua.
Ti harita Yuhana jadi pangarang, ngan karya-karyanana teu dimedalkeun ku
"Balai Pustaka" (boga pamaretah walanda), tapi ku penerbit swasta. "Balai
Pustaka" embungeun medalkeun roman nu dikarang ku pemberontak. Ceuk Pa Ayip,
Yuhana, hiji-hijina pangarang nu hirup ukur tina hasil karanganana (lain
pagawe/ priyayi nu digajih ku pamarentah). Tapi sanajan kitu Yuhana tetep
hormat ka urang Walanda .....
Sigana mah saperti nu disebut ku Kang Iman, urang walanda nu pagiling gisik
jeung pribumi (bumiputera) umumna kalakuanana alus, jeung teu "kontradiksi"
saperti urang Arab (tina panenjo urang Sunda). Keur urang Sunda, kulantaran
Islam teh lahir di tanah Arab, boga hiji harepan "Arab" oge kudu sasuci
Islam. Tapi dina kanyataanana "kontradiksi", urang Arab nu daratang ka Tatar
SUnda henteu "Sasuci" jeung anggapan. Malah aya nu jadi rentenir (Arab
Mindring). Ieu cigana nu akhirna mucunghulkeun banyol nu ngageuhgeuykeun
urang Arab.
Lamun ka urang Walanda, ah da geus sidik "beda", jadi teu aya nu kudu
digeuhgeuykeun ......
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/