Ceuk kuring mah sikep kitu teh datangna tina panempo anu telik/objektif, teu bisa disebut midua. Urang Sunda ngajenan/ajrih ka urang Arab anu alus kaislamanana, komo kanyataan yen sare'at Islam pamungkas teh datangna ti Kanjeng Nabi anu urang Arab. Tapi, kanyataanana di masarakat, urang Arab anu minangka ajengan teh teu loba, da malah lolobana mah nu daragang, nya di antarana dagang duit (bawa ti Tatar Arab meureun, anu dina Qur'an oge pan geus ti baheulana prak2an riba). Lamun midua mah meureun ongkoh ajrih tapi geuleuh ka hiji jinis. Ari ieu mah pan ajrih ka si fulan (baca: si pulan) Arab anu soleh, tapi ngageuhgeuykeun si fulan sejenna anu kalakuanana pikaresepeun peureup.
On Wed, Dec 10, 2008 at 10:25 PM, Waluya wrote: > Bah AA, lamun diimeutan mah, umumna urang sunda teh rada midua ka urang > Arab teh. Sakapeung urang Arab teh dihormat jeung diajenan dianggap > "mumpuni" dina soal agama. Tapi di sisi lain, urang sunda oge nyarieun > banyol nu obyekna urang Arab, urang Arab dijieun bahan piseurieun. >
