Enya meureun kitu. Maksud kuring midua teh, "Arab" sacara umum. Nu kuring 
teu pati kaharti, nu ngajajah Indonesia teh sabenerna urang Walanda. Tapi 
anehna  heureuy nu ngageuhgeuykeun urang Walanda ampir teu aya, komo nu 
lisan mah. Malah ceuk Pak Ayip Rosyidi, Roman-roman Yuhana anu kritis kana 
kaayaan sosial oge, nempatkeun para "Tuan besar" ieu jadi tokoh-tokoh 
panyalamet. Leuwih ajrih ka Walanda tinimbang ka urang Arab kitu?

Baktos,
WALUYA

----- Original Message ----- 
From: Kumincir Wikidisastra
To: [email protected]
Sent: Wednesday, December 10, 2008 10:37 PM
Subject: Re: [kisunda] Urang Arab Tembang Cianjuran -> Re: Evolusi religi 
Urang Sunda


Ceuk kuring mah sikep kitu teh datangna tina panempo anu telik/objektif, teu 
bisa disebut midua. Urang Sunda ngajenan/ajrih ka urang Arab anu alus 
kaislamanana, komo kanyataan yen sare'at Islam pamungkas teh datangna ti 
Kanjeng Nabi anu urang Arab. Tapi, kanyataanana di masarakat, urang Arab anu 
minangka ajengan teh teu loba, da malah lolobana mah nu daragang, nya di 
antarana dagang duit (bawa ti Tatar Arab meureun, anu dina Qur'an oge pan 
geus ti baheulana prak2an riba). Lamun midua mah meureun ongkoh ajrih tapi 
geuleuh ka hiji jinis. Ari ieu mah pan ajrih ka si fulan (baca: si pulan) 
Arab anu soleh, tapi ngageuhgeuykeun si fulan sejenna anu kalakuanana 
pikaresepeun peureup.




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke