> From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
> AA: Punten...... . siga rada sinis nya ari ka urang Arab ? Kunaon nya ?

Bah AA, lamun diimeutan mah, umumna urang sunda teh rada midua ka urang Arab 
teh. Sakapeung urang Arab teh dihormat jeung diajenan dianggap "mumpuni" 
dina soal agama. Tapi di sisi lain, urang sunda oge nyarieun banyol nu 
obyekna urang Arab, urang Arab dijieun bahan piseurieun. Seueur bodor lisan 
urang Sunda nu "nyeungseurikeun" urang Arab. Tapi kuring moal nyutat, sabab 
baheula kuring dituduh "racist" di millis Kusnet.

Kunaon pangna kitu? Ieu sigana mah akibat politik kolonial, nu nempatkeun 
status  sosial urang Arab nu ngalumbara di Indonesia, salaku warga kelas 
dua, sahandapeun urang Eropa, tapi saluhureun bumiputera. Urang Arab 
disajajarkeun jeung urang Cina jeung India. Tuan jadi "wan" keur urang Arab 
dina letah Sunda. Akibat beda status sosial ieu, kaum bumiputera, kaum nu 
paling dileyek hakna, ngalawan kateuadilan ieu, ngalawanna lain ku fisik, 
tapi ...ku heureuy nyeungseurikeun. Cenah di masyarakat nu kateken, sok 
mucunghul banyol-banyol nu nyeungseurikeun, sabab ari ngalawan mah teu bisa.

Banyol ka urang Arab umumna lisan, tapi aya saurang pangarang, Yuhana, 
pangaran Sunda di taun 1920'an nu kasohor ku carita " Rusiah nu Goreng 
Patut" (Karnadi Bandar Bangkong) , dina romanna nu sejen  sok 
ngageuhgeuykeun urang Arab  jeung  para Haji!.  (Ayip Rosyidi, "Ngalanglang 
Kasusateran Sunda"). Ieu contona nu dicutat ku Pa Ayip tina novel "Carita 
Mugiri", Kumaha Wan Gulam Gofir, Arab Mindring (Urang Arab nu sok 
nginjeumkeun duit), susundaan tembang Cianjuran, hayang kataksir ku wanoja 
Sunda:

Kolear kalakay fandan,
tangkal kaso dihadaf fifindin,
ayam kecil sisi enfan,
manuk-manuk sarong japati,
difaraban gambir.........

Baktos,
WALUYA 


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke