Naon lepatna upami sabagean US gaduh ciri urang Garut, kang?

  




________________________________
From: Maman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, December 18, 2008 10:28:28 AM
Subject: Re: [kisunda] Re: Evolusi religi Urang Sunda


--- On Sat, 12/13/08, Halimun An <halimun...@yahoo. com> wrote:

From: Halimun An <halimun...@yahoo. com>


uing teu wawuh jeung k nonggerak, atawa k agu pakusarakan (eta kahiji)

Nuhun atuh teu ngangkeun oge, syareatnamah leres duka upami hakekatnamah.  
he..he..
nu kaduana, ari guntreng masalah agama kudu make dadasara kitab suci, ulah ukur 
dadasar kana logika atawa dikira-kira. Sabenerna nu di pedar ieu leuwih 
ngacapruk batan uing (ulah disensor ki oman da uing jeung k oman teh saagama)

Tah geuningan rumaos ngacapruk. Alhamdulillah.  Mung nyaeta numutkeun emutan 
pribadosmah, agama (islam) teh pikeun jelema anu daek malikir,  teu sakadar  
¨samina wa athoina¨.
uing hayang nanya, geus saluhur kumaha logika jelema teh, na bet wani2 ngabaca 
agama ukur ditalar ku logika ?
na bet ngabahas nabi muhammad kunaon lahir di arab jsb make logika ?

Naha Nabi Muhammad lahir di arab ?   Margi di arab jaman harita jelemana geus 
loba nu aredan ngalewatan batas-batas kamanusaan, jahil kabina-bina,  umpanana 
ngurebkeun orok hirup-hirup.
Naha agama perlu oge dinalar ku logika? Kusabab jalma mah lain sato, boga akal 
jeung pamilih. 

arek islam bijilna ti arab atawa ti tempat lain eta lain urusan manusa.
eta skenario Allah swt, pasti aya maksudna. 

Teu kaharti ? nya kusabab logika jelema mah deet... boro2 mikiran kunaon islam 
turun di arab, mikiran papatong kunaon jangjangan oge dijamin moal bisa 
ngajawab... mun ngajawab pasti ngacapruk.

Bener ari deet na mah pikiran jelema teh, ngan sadeet deetna jelema dina 
berpikir, lain hartina NGABOBODO MANEH,  da jelema mah boga sifat makhluk anu 
paling sampurna, naha disebut makhluk anu paling sampurna? Sabab jelema ku 
elmuNa anu dipasikeun ti Anjeuna bisa nganyahokeun saha Anjeuna. Allah SWT.
Naha papatong jangjangan?  Kumargi eta parantos Qudrat sareng Iradatna,  mung 
palebah dieu urang tiasa ningali Keagunngan Tuhan.

di arab, lain islam kapangaruhan budaya arab, tapi budaya arab nu kapangaruhan 
ku islam. tah didinya oge salira mikirna tos pabaliut.. kunaon ? sabab coba 
maca agama ukur ku logika... mun ieu di sensor uing nangtang kuncen2 debat 
jeung uing... uing mah daek paeh soal ngabela agama mah kulan.. teu kusabab 
hayang kapuji...

Daek paeh ngabela agama,  atanapi ¨ngabela"Alloh ?  Parantos wawuh teu  acan 
sareng anu dibelana ?  Tungtung-tungtungna lain ngabela  Alloh, da  memang  
Alloh mah syareatna teu perlu dibela.   Anu osok kaliru mah  nya  ¨ngabela¨  
salah  sasaran tea,   hayang  negakeun  (istitusi/birokrasi )  Agama (islam)  
tibatan  mere conto nyata  amar maŕuf nahi mungkar,  ojol-ojol ngaboman 
jelma-jelema anu ¨teu puah teu dosa¨  .
Budaya teh hartina anu dimaksud ku kuring mah, buah akal budi  haisl pamikiran 
manusa, bisa oge adat jeung istiadat anu turun tumurun ti jaman baheula, nepi 
ka kiwari. Dina raraga NGIGELAN jaman jeung nyesuaikeun perkembangan Alam (anu 
keur menuju kanu karusakan).
heuuueuuuh cape... kuncen teu jelas... atawa boa2 teu resep pedah uing
heuras ngabela agama islam (teuing AH !!!)

Heuras ?  Atanapi negtreug?  ha..ha..ha..  

punten, numutkeun pemendak abdi, ieu teh ciri khas  urang garut (ASGAR)....
Ampun paralun anu disuhun, PUNTEN KA URANG GARUT(nu sanesna) .Baktos
mz



--- On Fri, 12/12/08, engkus ruswana wrote:

Kang Maman, 

Ari ceuk pamikiran simkuring mah, nu ngaranna agama pasti teu leupas tina 
budaya dimana agama eta dilahirkeun, ngan memang lolobana nu ngagem agama teu 
bisa ngabedakeun mana nu eusina (hakekat) agama, jeung mana bungkusna (budaya). 
Memang kasaksi lolobana mah nu dikeukeuweuk teh mung ukur budaya/bungkusna. 
Padahal mun nu geus apaleun mah tangtu nu dicokot teh (eusina), na ngagugulung 
cangkang/bungkusna mah can tangtu cocog. Mun dahar cau pan cauna kulitna mah 
dipiceun, sarupaning kadaharan nu make bungkus tangtu cangkangna mah ngan ukur 
diperlukeun teh memeh didahar supaya teu kakotoran. 

Naon pangpangna simkuring nyebutkeun agama teu leupas jeung budaya, da geuning 
kanyataan kulantaran agama Islam lahir di Arab, dutarima ku Nabi Muhammad SAW 
nu urang Arab, atuh tangtu kahartina jeung katarimana ku diri Anjeunna teh dina 
basa nu kaharti ku Anjeunna, nyaeta Basa Arab, matak pantes mun wahyu-wahyu nu 
katampa tur terus dituliskeun dina Kitab Sucina teh make Basa Arab. Coba lamun 
Nabi Muhammad teh urang Sunda, pasti wahyu jeung ayat-ayatna nu dituliskeun 
meureun make basa Sunda. Jadi kacida wajarna lamun dina ngadidik cara kumawula 
ka Gusti, ngadidik cara etika (contona papakean), nungtun ngokolakeun kahirupan 
jeung sajabana luyu jeung kaayaan kahirupan di tanah Arab. Coba bae diaji dina 
surat-suratna, geuning aya nu nyaritakeun conto kahirupan hiji kulawarga Arab, 
aya nyabit-nyabit Onta, Korma, zan-zam jsb. Teu aya nyabit soal kelenci, 
sampeu, curug jsb. Kitu deui dina
ngatur hubungan sosial kakulawargaan, kadudukan awewe jeung lalaki, jsb..pasti 
loyog jeung situasi/kondisi di tempat eta kalahiran agama. Agama lian ti Islam 
ge pasti moal beda, nu lahir di Cina pasti teu leupas jeung budaya Cina...nu 
dilahirkeun di India , moal leupas ti budaya India , nu dilahirkeun di 
Yahudi,moal leupas ti budaya Yahudi,..... nu dilahirkeun di tanah Sunda, pasti 
teu leupas jeung budaya Sunda. Jadi ceuk saha agama teu leupas jeung budaya. 
Cara misahkeunana, nya gampang, tinggal aji mana cangkang jeung mana eusina. 

Mun diguar eusina (hakekatna), boh nu di Arab, di India, di Yahudi, di Cina di 
Sunda, di Yunani, kuring yakin teu sabaraha beda, sabab elmu Tuhan mah pasti 
sarua. jeung pasti Kawelas-kaasih Gusti mah moal ngabeda-beda, dimana aya jalma 
bener nu boga tekad jeung ngulik kana elmu Gusti...pasti tinemu jeung hakekatna 
eta elmu (da jalma bener jeung bersih teh tangtu lain ngan ukur di Arab, di 
unggal wewengkon ge pasti aya). Sedengkeun dina prak-prakanana ngajalankeun 
sareat agama, tangtu beda-beda, gumantung jeung kaayaan alam jeung budaya 
bangsa dimana agama eta dilahirkeun. 

Urang geus pada sapuk yen Gusti atawa kumaha bae nyebutna (gumantung 
basa/budayana) Maha Uninga karek geretesna hate oge geus kanyahoan, nu hartina 
make basa naon bae Gusti mah ngartieun, tong boro basa manusa, dalah basa sato 
jeung tatangkalan ge Anjeunna apaleun. 

Jadi tangtu moal aya akurna mun marebutkeun benerna elmu teh ngan diukur ku 
sareat/bungkusna. kitu bawirasa simkuring mah. 

Tah kukituna anu kudu disungsi teh, nya eusina, tangtu endahna da bakal 
kapangkih akurna teh. 
 
 


      

Kirim email ke