cing ayeuna kang Imun geura medar 
1) guntreng masalah agama anu make dadar kitab suci, ulah ukur dadasar kana 
logika atawa dikira-kira
2)  geus saluhur kumaha logika Kang ngabaca agama oge ngabahas nabi muhammad nu 
lahir di arab jsb make logika ? 
3) nu kumaha logika nu deet teh?
4) naha bet nyuhunkeun tulung ka kuncen anu pedah sa agama?  
5) heuras ngabela agama islam (teuing AH !!!) sadayana ge ngabela kayakinan = 
agama = ageman pasti heuras....

ari ningal kiritik korotok na mah kang Imun teh kritikus OKEH
sigana... ngan okehna teu acan dilandasi ku informasi anu lengkep
cing ... cing..... atuh.... ulah mung ukur kikiritikan kokorotokan....

Diantos nya Kang Imun.... ahli Virus.....

Tabe pun Ingsun
AMBU
 



________________________________
From: Halimun An <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, December 13, 2008 6:28:18 AM
Subject: Re: [kisunda] Re: Evolusi religi Urang Sunda


uing teu wawuh jeung k nonggerak, atawa k agu pakusarakan (eta kahiji)

nu kaduana, ari guntreng masalah agama kudu make dadasara kitab suci, ulah ukur 
dadasar kana logika atawa dikira-kira. Sabenerna nu di pedar ieu leuwih 
ngacapruk batan
uing (ulah disensor ki oman da uing jeung k oman teh saagama)

uing hayang nanya, geus saluhur kumaha logika jelema teh, na bet wani2 ngabaca
agama ukur ditalar ku logika ?
na bet ngabahas nabi muhammad kunaon lahir di arab jsb make logika ?

arek islam bijilna ti arab atawa ti tempat lain eta lain urusan manusa.
eta skenario Allah swt, pasti aya maksudna. Teu kaharti ?
nya kusabab logika jelema mah deet... boro2 mikiran kunaon islam turun di arab,
mikiran papatong kunaon jangjangan oge dijamin moal bisa ngajawab...
mun ngajawab pasti ngacapruk.

di arab, lain islam kapangaruhan budaya arab, tapi budaya arab nu kapangaruhan 
ku islam.
tah didinya oge salira mikirna tos pabaliut.. kunaon ? sabab coba maca agama 
ukur
ku logika... mun ieu di sensor uing nangtang kuncen2 debat jeung uing...
uing mah daek paeh soal ngabela agama mah kulan.. teu kusabab hayang kapuji...

heuuueuuuh cape... kuncen teu jelas... atawa boa2 teu resep pedah uing
heuras ngabela agama islam (teuing AH !!!)

--- On Fri, 12/12/08, engkus ruswana wrote:

Kang Maman, 

Ari ceuk pamikiran simkuring mah, nu ngaranna agama pasti teu leupas tina 
budaya dimana agama eta dilahirkeun, ngan memang lolobana nu ngagem agama teu 
bisa ngabedakeun mana nu eusina (hakekat) agama, jeung mana bungkusna (budaya). 
Memang kasaksi lolobana mah nu dikeukeuweuk teh mung ukur budaya/bungkusna. 
Padahal mun nu geus apaleun mah tangtu nu dicokot teh (eusina), na ngagugulung 
cangkang/bungkusna mah can tangtu cocog. Mun dahar cau pan cauna kulitna mah 
dipiceun, sarupaning kadaharan nu make bungkus tangtu cangkangna mah ngan ukur 
diperlukeun teh memeh didahar supaya teu kakotoran. 

Naon pangpangna simkuring nyebutkeun agama teu leupas jeung budaya, da geuning 
kanyataan kulantaran agama Islam lahir di Arab, dutarima ku Nabi Muhammad SAW 
nu urang Arab, atuh tangtu kahartina jeung katarimana ku diri Anjeunna teh dina 
basa nu kaharti ku Anjeunna, nyaeta Basa Arab, matak pantes mun wahyu-wahyu nu 
katampa tur terus dituliskeun dina Kitab Sucina teh make Basa Arab. Coba lamun 
Nabi Muhammad teh urang Sunda, pasti wahyu jeung ayat-ayatna nu dituliskeun 
meureun make basa Sunda. Jadi kacida wajarna lamun dina ngadidik cara kumawula 
ka Gusti, ngadidik cara etika (contona papakean), nungtun ngokolakeun kahirupan 
jeung sajabana luyu jeung kaayaan kahirupan di tanah Arab. Coba bae diaji dina 
surat-suratna, geuning aya nu nyaritakeun conto kahirupan hiji kulawarga Arab, 
aya nyabit-nyabit Onta, Korma, zan-zam jsb. Teu aya nyabit soal kelenci, 
sampeu, curug jsb. Kitu deui dina
ngatur hubungan sosial kakulawargaan, kadudukan awewe jeung lalaki, jsb..pasti 
loyog jeung situasi/kondisi di tempat eta kalahiran agama. Agama lian ti Islam 
ge pasti moal beda, nu lahir di Cina pasti teu leupas jeung budaya Cina...nu 
dilahirkeun di India , moal leupas ti budaya India ,  nu dilahirkeun di 
Yahudi,moal leupas ti budaya Yahudi,..... nu dilahirkeun di tanah Sunda, pasti 
teu leupas jeung budaya Sunda. Jadi ceuk saha agama teu leupas jeung budaya. 
Cara misahkeunana, nya gampang, tinggal aji mana cangkang jeung mana eusina. 

Mun diguar eusina (hakekatna), boh nu di Arab, di India, di Yahudi, di Cina di 
Sunda, di Yunani, kuring yakin teu sabaraha beda, sabab elmu Tuhan mah pasti 
sarua. jeung pasti Kawelas-kaasih Gusti mah moal ngabeda-beda, dimana aya jalma 
bener nu boga tekad jeung ngulik kana elmu Gusti...pasti tinemu jeung hakekatna 
eta elmu (da jalma bener jeung bersih teh tangtu lain ngan ukur di Arab, di 
unggal wewengkon ge pasti aya). Sedengkeun dina prak-prakanana ngajalankeun 
sareat agama, tangtu beda-beda, gumantung jeung kaayaan alam jeung budaya 
bangsa dimana agama eta dilahirkeun. 

Urang geus pada sapuk yen Gusti atawa kumaha bae nyebutna (gumantung 
basa/budayana) Maha Uninga karek geretesna hate oge geus kanyahoan, nu hartina 
make basa naon bae Gusti mah ngartieun, tong boro basa manusa, dalah basa sato 
jeung tatangkalan ge Anjeunna apaleun. 

Jadi tangtu moal aya akurna mun marebutkeun benerna elmu  teh ngan diukur ku 
sareat/bungkusna. kitu bawirasa simkuring mah. 

Tah kukituna anu kudu disungsi teh, nya eusina, tangtu endahna da bakal 
kapangkih akurna teh. 
    


      

Kirim email ke