Kang Maman, Ari ceuk pamikiran simkuring mah, nu ngaranna agama pasti teu leupas tina budaya dimana agama eta dilahirkeun, ngan memang lolobana nu ngagem agama teu bisa ngabedakeun mana nu eusina (hakekat) agama, jeung mana bungkusna (budaya). Memang kasaksi lolobana mah nu dikeukeuweuk teh mung ukur budaya/bungkusna. Padahal mun nu geus apaleun mah tangtu nu dicokot teh (eusina), na ngagugulung cangkang/bungkusna mah can tangtu cocog. Mun dahar cau pan cauna kulitna mah dipiceun, sarupaning kadaharan nu make bungkus tangtu cangkangna mah ngan ukur diperlukeun teh memeh didahar supaya teu kakotoran. Naon pangpangna simkuring nyebutkeun agama teu leupas jeung budaya, da geuning kanyataan kulantaran agama Islam lahir di Arab, dutarima ku Nabi Muhammad SAW nu urang Arab, atuh tangtu kahartina jeung katarimana ku diri Anjeunna teh dina basa nu kaharti ku Anjeunna, nyaeta Basa Arab, matak pantes mun wahyu-wahyu nu katampa tur terus dituliskeun dina Kitab Sucina teh make Basa Arab. Coba lamun Nabi Muhammad teh urang Sunda, pasti wahyu jeung ayat-ayatna nu dituliskeun meureun make basa Sunda. Jadi kacida wajarna lamun dina ngadidik cara kumawula ka Gusti, ngadidik cara etika (contona papakean), nungtun ngokolakeun kahirupan jeung sajabana luyu jeung kaayaan kahirupan di tanah Arab. Coba bae diaji dina surat-suratna, geuning aya nu nyaritakeun conto kahirupan hiji kulawarga Arab, aya nyabit-nyabit Onta, Korma, zan-zam jsb. Teu aya nyabit soal kelenci, sampeu, curug jsb. Kitu deui dina ngatur hubungan sosial kakulawargaan, kadudukan awewe jeung lalaki, jsb..pasti loyog jeung situasi/kondisi di tempat eta kalahiran agama. Agama lian ti Islam ge pasti moal beda, nu lahir di Cina pasti teu leupas jeung budaya Cina...nu dilahirkeun di India, moal leupas ti budaya India, nu dilahirkeun di Yahudi,moal leupas ti budaya Yahudi,..... nu dilahirkeun di tanah Sunda, pasti teu leupas jeung budaya Sunda. Jadi ceuk saha agama teu leupas jeung budaya. Cara misahkeunana, nya gampang, tinggal aji mana cangkang jeung mana eusina. Mun diguar eusina (hakekatna), boh nu di Arab, di India, di Yahudi, di Cina di Sunda, di Yunani, kuring yakin teu sabaraha beda, sabab elmu Tuhan mah pasti sarua. jeung pasti Kawelas-kaasih Gusti mah moal ngabeda-beda, dimana aya jalma bener nu boga tekad jeung ngulik kana elmu Gusti...pasti tinemu jeung hakekatna eta elmu (da jalma bener jeung bersih teh tangtu lain ngan ukur di Arab, di unggal wewengkon ge pasti aya). Sedengkeun dina prak-prakanana ngajalankeun sareat agama, tangtu beda-beda, gumantung jeung kaayaan alam jeung budaya bangsa dimana agama eta dilahirkeun. Urang geus pada sapuk yen Gusti atawa kumaha bae nyebutna (gumantung basa/budayana) Maha Uninga karek geretesna hate oge geus kanyahoan, nu hartina make basa naon bae Gusti mah ngartieun, tong boro basa manusa, dalah basa sato jeung tatangkalan ge Anjeunna apaleun. Jadi tangtu moal aya akurna mun marebutkeun benerna elmu teh ngan diukur ku sareat/bungkusna. kitu bawirasa simkuring mah. Tah kukituna anu kudu disungsi teh, nya eusina, tangtu endahna da bakal kapangkih akurna teh. cag. Engkus
--- Pada Kam, 11/12/08, Maman <[email protected]> menulis: Dari: Maman <[email protected]> Topik: Re: [kisunda] Re: Evolusi religi Urang Sunda Kepada: [email protected] Tanggal: Kamis, 11 Desember, 2008, 12:21 PM Arab != Islam. Seueur dina danget kiwari, jalmi anu sesah ngabedakeun mana (budaya) Arab mana (ajaran) Islam. "Pemurnian" (ajaran) Islam malihan janten "arabisasi", sedengkeun patohidanana meh meh kalangkung, kapopohokeun. (tah seratan siga kieu oge tangtos aya nu napsirkeun yen pribados anggota JIL he...he.he. keun bae ah !). . Padahal emutan sim kuring, Agama Islam mah pikeun jelema anu daraek mikir, nya hasilna budaya tea, nya anu daek ngagunakeun akal-pikiranana anu optimal. Ceuk kuring anu bodo, kunaha urang Islam hese "maju", kulantaran kapentok "Hkm." BID'AH. Saeutik-eutik bid'ah, euweuh dina sunahna. Nu kabaca ku uing, mung sakadar duduga, hapunten upami lepat. Naha ki Halimun an, gaduh tutulisan anu "teu paruguh", anu katingal jelas-jelas memperjuangkeun (syiar) Islam anu nyunda (kahoyongna mah), katingal aya "benang beureumna" antawis Kang Halimunan, Ki Nonggerak, sareng Kang Agus Pakusarakan; RESPON anu marucunghul di ieu milis numutkeun raraosan anjeuna asanateh TEU SINKRON sareng anu dimaksad sareng kahoyong anjeuna. Tungtung-tungtungna ngacapruk teu puguh(sorangan) . Punten sakali deui, ieu mung sakadar emutan abdi, punten upami lepat. Wallohualam. ("jero laut tiasa kaduga, komo jero hate, anu teu sameter-meter acan tina mastaka ha..ha..ha.. ") Baktos mz --- On Wed, 12/10/08, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu m...@yahoo. com> wrote: From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu m...@yahoo. com> ".....Punten. ..... . siga rada sinis nya ari ka urang Arab ? Kunaon nya ?..." Kang Abbas, asana patarosan eta teu kdah dialungkeun. .. anu puguh mah mending langsung be madungdengkeun KASUNDAAN wae ... da sami2 kawargian SUNDA! From: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> To: kisu...@yahoogroups .com Sent: Wednesday, December 10, 2008 4:29:28 PM Subject: Re: [kisunda] Re: Evolusi religi Urang Sunda AA: Punten...... . siga rada sinis nya ari ka urang Arab ? Kunaon nya ? Kang Halimun mah hoyong dukungan di na MAJUKEUN Sunda; tapi nu sejen api lain wae. --- On Wed, 12/10/08, Kang Maman <manz2...@yahoo. com> wrote: From: Kang Maman <manz2...@yahoo. com> Subject: [kisunda] Re: Evolusi religi Urang Sunda To: kisu...@yahoogroups .com Date: Wednesday, December 10, 2008, 3:57 AM Anu gaduh kakeuheul jeung katingal ambek-2an teh juragan Halimun nyalira. Pedah kitu balad di kisunda kirang ngadukung Arab ? "what happen Agan ?". Hidup Palestina !!! :) --- In kisu...@yahoogroups .com, Halimun An <halimun_an@ ...> wrote: > moal komentar ah, sok ngambek Ada Naruto, Sandra Dewi dan MU di Yahoo! Indonesia Top Searches 2008. http://id.promo.yahoo.com/topsearches2008
