kang imun lepat ngagaris nu penting. eusi nu kang imun ngeunaan islam, sae pisan, malih mah teges pisan,...
naha cecekelan elmu ka-islaman TEU NERAP tina karakter akang sebagai personal islami oge sebagai pendakwah? kang imun leuwih ciga 'pendakwa' sanes 'pendakwah' cobi ngaca heula diri, pami akang hoyong sunda jeung islam selaras tur katampi alus dimata non sunda non islam oge urang2,... cobi jieun diskusi atanapi dialog na nu ngaguluyur sae,... dakwah bukan sekedar isi kitab kang,... tapi kaluar tina diri nu karakterna sae,... pami debat politik, akang tepat pisan,... sapertos akang nu tiasa sae di percaturan politik,... pami di tatanan kasundaa - kaislaman,... katampina teu 'sejuk' ,teu nyieun 'nyaman' kunaon atuh akang teh??? meni nga dakwah ku nafsu sareng amarah? kade ditukangeun aya nu numpakan akang, nu boga maksad malah ngajadikeun islam awon katingalina,.... akang heuras ngabela agama islam.... sanes heuras atuh sae na,... 'teges' kituh, pami heuras mah negatif kang,... ke ciga imam samudra ,... heuras,... jelegur!!! pami teges, nya ... eta kukuh kana sikep ka-islaman,... eta sae kang. pami karakter akang diskusina ciga kitu, ngangge emosi jeung teu raoseun ucapanana,... atuh lain karakter islami, oge lain karakter sunda. kasimpulanana, soal eusi sikep, kuring reueus satuju pisan ka kang imun, pan urang sa-agama. tapi pami karakter omongan,... abdi mah sieun ah jadi babaturan kang imun, jalmina emosian, kasar, teu jembar,... kanu kitu, cukup wanoh, alim gaul ah sok atuh kang, diajar jembar,... sugan jante papakean nu sae keur akang dina ngabela islam jeung sunda,.... kisunda di ieu milis seueur nu teu sa-ageman sareng abdi, tapi pami karakterna sae, jembar, kondusif,... nya abdi oge resep silaturahmi sareng aranjeuna,... pan kisunda teh sadulur2, dicontokeun ku rasul ka paman na, leres? hapunten kang imun,... kuring seja mairan nu teu pantes ka kolot, tapi.., ieu kusabab didasaran kanyaah ka agama kuring jeung ka sunda kuring. tapi pami keukeuh wae kana pamadegan nu kasar,.... nya,.. mangga weh, panginten cobian di imunisasi heula, supados teu keuna virus (hehehehe, ah,..jadi ngacapruk kuring teh nya,...) rampes =roch= --- In [email protected], engkus ruswana <engkusrusw...@...> wrote: > > He...he...he...., kalem kang Imun, kedah jembar ari dina magunemkeun elmu mah. >  > Kersaning Gusti Nu Maha Suci, manusa dibere sumanget jeung kahayang ngudag elmu kalayan neangan "bener nu sajatina" (kaabus widang agama), tah tangtu dina ngudag nu mana atuh elmu sajati teh, urang kudu terbuka kana kritik jeung pamikiran nu lian, gunakeun budi-pangarti ulah kasered ku napsu/emosi...cool...wae cool......, sabab ceuk pamikiran simkuring elmu nu sajati mah moal bisa kaoyagkeun deui, moal bisa dibantah deui, dina harti bisa ditarima sacara "universal" ku bangsa naon bae, ku basa naon bae, ku agama naon bae, ku dadasar naon bae. >  > Contona nu geus bisa disebut elmu : rasa uyah teh asin, rasa gula teh amis, rasa cuka teh haseum, seuneu mun dicagap panas, mun nyagap cai tangtu baseuh....... tah saha nu bisa ngabantah hal ieu? (soal ngaran jeung ngucapkeun mah luyu kumaha basa jeung bangsana bae). >  > Tah nu saperti kitu nu moal bisa dibantah deui karek disebut "elmu dengan kebenaran yang sejati", tangtu dina widang agama ge kudu bisa nepi kadinya (sakali deui soal basa kumaha bangsana bae). >  > Dina ngudag bener nu sajati kang, tangtu kade urang ulah nyepeng "elmu beo" (pinter ngomong tapi teu ngarti naon nu diomongkeun - contona geuning beo mah dimana diajarna ngomong selamat pagi,....eeh kajeung beurang, sore, peuting, nyebutna teh selamat pagi bae), pon kitu deui urang ulah diajar "elmu monyet ngagugulung kalapa" (nyaho ngeunah, tapi teu bisa mesekna, sedengkeun ku batur te meunang), oge ulah nuturkeun "elmu tuturut munding" ( kajeung ditungtun ku budak olol leho, nya nurut bae)...Eeh...beunghar oge geuning kekecapan Sunda pikeun nyimbulkeun jalma sangkan ulah heureut pikirna. >    > Gusti Nu Maha Suci geus ngersakeun manusa jadi mahluk nu pangmulyana diantara sakabeh mahluk Gusti lianna. Tah mun geus boga rasa rumasa kana kersaning ti Nu Maha Kawasa, atuh geura mulang tarima ka Pangeran teh, ku cara pek panggihan elmu nu sajati, pek geura pake elmu sajati ti pangeran nu tangtu mahi keur sakumna manusa, bangsa naon bae. >  > Kumaha carana.....? > Haar..... apan eta Gusti teh geus nitipkeun parabot pikeun bekel ngalakon di dunya, nyaeta diri sakujur jeung kalengkepanana, kalayan engke dimana anjeun geus beak ngalalakon, tangtu dipenta pertanggungjawaban ku nu bogana, eta mobil jeung parabotanana dipake naon bae di dunya teh.....he...he...he..... >  > Naon parabot nu dititipkeun bekel ngumbara teh? > 1. tah eta panon jeung awasna, > 2. tah eta sungut jeung ucapna, > 3. tah eta ceuli jeung dengena, > 4. tah eta irung jeung ambeuna, > 5. tah eta uteuk jeung elinganana, > 6. tah eta sarap nu aya di sakujur badan jeung rasana, > 7. tah eta hate jeung pikirna, > 8. tah eta leungeun jeung obahna, > 9. tah eta suku jeung langkahna, > kalayan "kuringNa" sorangan nu jadi saksi. >  > Tah eta parabot nu kudu digunakeun dina raraga ngalalakon di dunya, oge dina raraga ngelmu di dunya, kaabus ngudag bagbagan sajatining agama...... Naha make parabot naon mun teu make parabot ieu.....?, mun embung make eta parabot titipan ti Nu Maha Kawasa, sarua jeung teu ngahargaan ka Anjeunna,  atuh geura pulangkeun bae ka nu bogana, sabab eta parabot lain anjeun nu boga. >  > Memang bener kang, neuleuman agama teu ngan ukur ditalar make logika, tapi ngagunakeun eta salapan parabot jeung pangawasana, lain ngagugulung elmu cenah, lain ngelmu munding, lain ngelmu monyet, tapi ngelmu Kamanusaan nu bakal kaharti jeung karasa ku manusa, nu benerna "universal" sabab kitu nu disebut elmu Gusti mah. Kade urang ulah ngalalaworakeun kana kawelas-kaasih Gusti nu geus ngangkat manusa leuwih luhur ajenna tinimbang mahluk lianna. Ulah ngarendahkeun darajat nu geus dikersakeun ku Nu Maha Kawasa. >  > hapunten kang bilih teu sapagodos mah, da namina elmu kedah dipagumenkeun henteu disimpen di handapeu kasur, atawa disakralkeu dijieun jimat. Rampes... >  > Cag. >  > Engkus. >   > > --- Pada Sab, 13/12/08, Halimun An <halimun...@...> menulis: > > Dari: Halimun An <halimun...@...> > Topik: Re: [kisunda] Re: Evolusi religi Urang Sunda > Kepada: [email protected] > Tanggal: Sabtu, 13 Desember, 2008, 6:28 AM > > > > > > > uing teu wawuh jeung k nonggerak, atawa k agu pakusarakan (eta kahiji) > > nu kaduana, ari guntreng masalah agama kudu make dadasara kitab suci, ulah ukur dadasar kana logika atawa dikira-kira. Sabenerna nu di pedar ieu leuwih ngacapruk batan > uing (ulah disensor ki oman da uing jeung k oman teh saagama) > > uing hayang nanya, geus saluhur kumaha logika jelema teh, na bet wani2 ngabaca > agama ukur ditalar ku logika ? > na bet ngabahas nabi muhammad kunaon lahir di arab jsb make logika ? > > arek islam bijilna ti arab atawa ti tempat lain eta lain urusan manusa. > eta skenario Allah swt, pasti aya maksudna. Teu kaharti ? > nya kusabab logika jelema mah deet... boro2 mikiran kunaon islam turun di arab, > mikiran papatong kunaon jangjangan oge dijamin moal bisa ngajawab... > mun ngajawab pasti ngacapruk. > > di arab, lain islam kapangaruhan budaya arab, tapi budaya arab nu kapangaruhan ku islam. > tah didinya oge salira mikirna tos pabaliut.. kunaon ? sabab coba maca agama ukur > ku logika... mun ieu di sensor uing nangtang kuncen2 debat jeung uing... > uing mah daek paeh soal ngabela agama mah kulan.. teu kusabab hayang kapuji... > > heuuueuuuh cape... kuncen teu jelas... atawa boa2 teu resep pedah uing > heuras ngabela agama islam (teuing AH !!!) > > --- On Fri, 12/12/08, engkus ruswana wrote: > > Kang Maman, > > Ari ceuk pamikiran simkuring mah, nu ngaranna agama pasti teu leupas tina budaya dimana agama eta dilahirkeun, ngan memang lolobana nu ngagem agama teu bisa ngabedakeun mana nu eusina (hakekat) agama, jeung mana bungkusna (budaya). Memang kasaksi lolobana mah nu dikeukeuweuk teh mung ukur budaya/bungkusna. Padahal mun nu geus apaleun mah tangtu nu dicokot teh (eusina), na ngagugulung cangkang/bungkusna mah can tangtu cocog. Mun dahar cau pan cauna kulitna mah dipiceun, sarupaning kadaharan nu make bungkus tangtu cangkangna mah ngan ukur diperlukeun teh memeh didahar supaya teu kakotoran. > > Naon pangpangna simkuring nyebutkeun agama teu leupas jeung budaya, da geuning kanyataan kulantaran agama Islam lahir di Arab, dutarima ku Nabi Muhammad SAW nu urang Arab, atuh tangtu kahartina jeung katarimana ku diri Anjeunna teh dina basa nu kaharti ku Anjeunna, nyaeta Basa Arab, matak pantes mun wahyu-wahyu nu katampa tur terus dituliskeun dina Kitab Sucina teh make Basa Arab. Coba lamun Nabi Muhammad teh urang Sunda, pasti wahyu jeung ayat-ayatna nu dituliskeun meureun make basa Sunda. Jadi kacida wajarna lamun dina ngadidik cara kumawula ka Gusti, ngadidik cara etika (contona papakean), nungtun ngokolakeun kahirupan jeung sajabana luyu jeung kaayaan kahirupan di tanah Arab. Coba bae diaji dina surat-suratna, geuning aya nu nyaritakeun conto kahirupan hiji kulawarga Arab, aya nyabit-nyabit Onta, Korma, zan-zam jsb. Teu aya nyabit soal kelenci, sampeu, curug jsb. Kitu deui dina > ngatur hubungan sosial kakulawargaan, kadudukan awewe jeung lalaki, jsb..pasti loyog jeung situasi/kondisi di tempat eta kalahiran agama. Agama lian ti Islam ge pasti moal beda, nu lahir di Cina pasti teu leupas jeung budaya Cina...nu dilahirkeun di India , moal leupas ti budaya India , nu dilahirkeun di Yahudi,moal leupas ti budaya Yahudi,..... nu dilahirkeun di tanah Sunda, pasti teu leupas jeung budaya Sunda. Jadi ceuk saha agama teu leupas jeung budaya. Cara misahkeunana, nya gampang, tinggal aji mana cangkang jeung mana eusina. > > Mun diguar eusina (hakekatna), boh nu di Arab, di India, di Yahudi, di Cina di Sunda, di Yunani, kuring yakin teu sabaraha beda, sabab elmu Tuhan mah pasti sarua. jeung pasti Kawelas-kaasih Gusti mah moal ngabeda-beda, dimana aya jalma bener nu boga tekad jeung ngulik kana elmu Gusti...pasti tinemu jeung hakekatna eta elmu (da jalma bener jeung bersih teh tangtu lain ngan ukur di Arab, di unggal wewengkon ge pasti aya). Sedengkeun dina prak-prakanana ngajalankeun sareat agama, tangtu beda-beda, gumantung jeung kaayaan alam jeung budaya bangsa dimana agama eta dilahirkeun. > > Urang geus pada sapuk yen Gusti atawa kumaha bae nyebutna (gumantung basa/budayana) Maha Uninga karek geretesna hate oge geus kanyahoan, nu hartina make basa naon bae Gusti mah ngartieun, tong boro basa manusa, dalah basa sato jeung tatangkalan ge Anjeunna apaleun. > > Jadi tangtu moal aya akurna mun marebutkeun benerna elmu teh ngan diukur ku sareat/bungkusna. kitu bawirasa simkuring mah. > > Tah kukituna anu kudu disungsi teh, nya eusina, tangtu endahna da bakal kapangkih akurna teh. > > > > > > > > > > > > > > > > ___________________________________________________________________________ > Nama baru untuk Anda! > Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. > Cepat sebelum diambil orang lain! > http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/ > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[email protected] mailto:[email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
