Sejatina milis ieu teh milis anu "wajibul kudu" (istilah Kang
Setia Permana), ngobrolkeun SARA ( khususon suku), leres
teu ?
Naha bet wajibul kudu ? Apan aya katerangan dina
Kitab, yen teu samangsa-mangsa Gusti Allah nyiptakeun jelema
bersuku-suku jeung berbangsa bangsa pikeun silih kenal/wawuh.
Geus wawuh tangtu tiasa ngamaklum, naha bet kitu naha bet kieu.
Aya seratan sae anu di serat dina koran PR, ngunaan pari
polah/tingkah laku jeung adat-adatan urang Arab, duh handeueul teu
kaburu di kliping.
Hiji contoh anu ka emut dina seratan koran PR, hiji mangsa urang
jerman aya perlu dina urusan bisnis, dina basa basina, si urang Jerman
teh muji ka urang Arab, "Juragan, eta jam Rolex
anu di anggo ku juragan sae pisan katingalna !!!", kitu ceuk urang
Jerman teh.
Ku kasolehan urang arab eta, jol ngaleupaskeun eta jam terus dibikeun ka urang
jerman.
Urang jerman hookeun, ku bageurna eta urang arab, anu bageur
masihan jam Rolex anu sakitu muuahalna (puluhan juta?). "Teu
naon-naon juragan, abdi masih gaduh hiji deui jam Rolex di rorompok".
Hiji mangsa urang arab, ngayakeun kunjungan balesan datang
ka nagara jerman, panggih deui eta jeung urang jerman,
diundang ka imahna. Terus urang arab teh males muji ka
urang jerman, "Tuan, mobil mercedes tuan bagus sekali
", ceuk urang arab teh.
Surti inget ka pamasihan Jam Rolex anu dibere ti manehna, urang
jerman jadi bingung baluweng, dina jero hatena mikir,
maenya mobil mercedes manehna (anu hargana ratusan juta) kudu oge
dibikeun ka manehna ?
Teu kacarioskeun dina seratan eta kumaha saterasna dongeng diluhur.
Baktos.
mz
--- On Wed, 12/10/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
Enya meureun kitu. Maksud kuring midua teh, "Arab" sacara umum. Nu
kuring
teu pati kaharti, nu ngajajah Indonesia teh sabenerna urang Walanda. Tapi
anehna heureuy nu ngageuhgeuykeun urang Walanda ampir teu aya, komo nu
lisan mah. Malah ceuk Pak Ayip Rosyidi, Roman-roman Yuhana anu kritis kana
kaayaan sosial oge, nempatkeun para "Tuan besar" ieu jadi tokoh-tokoh
panyalamet. Leuwih ajrih ka Walanda tinimbang ka urang Arab kitu?
Baktos,
WALUYA
----- Original Message -----
From: Kumincir Wikidisastra
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Wednesday, December 10, 2008 10:37 PM
Subject: Re: [kisunda] Urang Arab Tembang Cianjuran -> Re: Evolusi religi
Urang Sunda
Ceuk kuring mah sikep kitu teh datangna tina panempo anu telik/objektif, teu
bisa disebut midua. Urang Sunda ngajenan/ajrih ka urang Arab anu alus
kaislamanana, komo kanyataan yen sare'at Islam pamungkas teh datangna ti
Kanjeng Nabi anu urang Arab. Tapi, kanyataanana di masarakat, urang Arab anu
minangka ajengan teh teu loba, da malah lolobana mah nu daragang, nya di
antarana dagang duit (bawa ti Tatar Arab meureun, anu dina Qur'an oge pan
geus ti baheulana prak2an riba). Lamun midua mah meureun ongkoh ajrih tapi
geuleuh ka hiji jinis. Ari ieu mah pan ajrih ka si fulan (baca: si pulan)
Arab anu soleh, tapi ngageuhgeuykeun si fulan sejenna anu kalakuanana
pikaresepeun peureup.
__._,_.