He...he...he...., kalem kang Imun, kedah jembar ari dina magunemkeun elmu mah.
 
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, manusa dibere sumanget jeung kahayang ngudag 
elmu kalayan neangan "bener nu sajatina" (kaabus widang agama), tah tangtu dina 
ngudag nu mana atuh elmu sajati teh, urang kudu terbuka kana kritik jeung 
pamikiran nu lian, gunakeun budi-pangarti ulah kasered ku 
napsu/emosi...cool...wae cool......, sabab ceuk pamikiran simkuring elmu nu 
sajati mah moal bisa kaoyagkeun deui, moal bisa dibantah deui, dina harti bisa 
ditarima sacara "universal" ku bangsa naon bae, ku basa naon bae, ku agama naon 
bae, ku dadasar naon bae. 
 
Contona nu geus bisa disebut elmu : rasa uyah teh asin, rasa gula teh amis, 
rasa cuka teh haseum, seuneu mun dicagap panas, mun nyagap cai tangtu 
baseuh....... tah saha nu bisa ngabantah hal ieu? (soal ngaran jeung ngucapkeun 
mah luyu kumaha basa jeung bangsana bae). 
 
Tah nu saperti kitu nu moal bisa dibantah deui karek disebut "elmu dengan 
kebenaran yang sejati", tangtu dina widang agama ge kudu bisa nepi kadinya 
(sakali deui soal basa kumaha bangsana bae).
 
Dina ngudag bener nu sajati kang, tangtu kade urang ulah nyepeng "elmu beo" 
(pinter ngomong tapi teu ngarti naon nu diomongkeun - contona geuning beo mah 
dimana diajarna ngomong selamat pagi,....eeh kajeung beurang, sore, peuting, 
nyebutna teh selamat pagi bae), pon kitu deui urang ulah diajar "elmu monyet 
ngagugulung kalapa" (nyaho ngeunah, tapi teu bisa mesekna, sedengkeun ku batur 
te meunang), oge ulah nuturkeun "elmu tuturut munding" ( kajeung ditungtun ku 
budak olol leho, nya nurut bae)...Eeh...beunghar oge geuning kekecapan Sunda 
pikeun nyimbulkeun jalma sangkan ulah heureut pikirna. 
   
Gusti Nu Maha Suci geus ngersakeun manusa jadi mahluk nu pangmulyana diantara 
sakabeh mahluk Gusti lianna. Tah mun geus boga rasa rumasa kana kersaning ti Nu 
Maha Kawasa, atuh geura mulang tarima ka Pangeran teh, ku cara pek panggihan 
elmu nu sajati, pek geura pake elmu sajati ti pangeran nu tangtu mahi keur 
sakumna manusa, bangsa naon bae. 
 
Kumaha carana.....?
Haar..... apan eta Gusti teh geus nitipkeun parabot pikeun bekel ngalakon di 
dunya, nyaeta diri sakujur jeung kalengkepanana, kalayan engke dimana anjeun 
geus beak ngalalakon, tangtu dipenta pertanggungjawaban ku nu bogana, eta mobil 
jeung parabotanana dipake naon bae di dunya teh.....he...he...he..... 
 
Naon parabot nu dititipkeun bekel ngumbara teh?
1. tah eta panon jeung awasna, 
2. tah eta sungut jeung ucapna, 
3. tah eta ceuli jeung dengena, 
4. tah eta irung jeung ambeuna, 
5. tah eta uteuk jeung elinganana,
6. tah eta sarap nu aya di sakujur badan jeung rasana,
7. tah eta hate jeung pikirna,
8. tah eta leungeun jeung obahna,
9. tah eta suku jeung langkahna,
kalayan "kuringNa" sorangan nu jadi saksi.
 
Tah eta parabot nu kudu digunakeun dina raraga ngalalakon di dunya, oge dina 
raraga ngelmu di dunya, kaabus ngudag bagbagan sajatining agama...... Naha make 
parabot naon mun teu make parabot ieu.....?, mun embung make eta parabot 
titipan ti Nu Maha Kawasa, sarua jeung teu ngahargaan ka Anjeunna,  atuh geura 
pulangkeun bae ka nu bogana, sabab eta parabot lain anjeun nu boga. 
 
Memang bener kang, neuleuman agama teu ngan ukur ditalar make logika, tapi 
ngagunakeun eta salapan parabot jeung pangawasana, lain ngagugulung elmu cenah, 
lain ngelmu munding, lain ngelmu monyet, tapi ngelmu Kamanusaan nu bakal 
kaharti jeung karasa ku manusa, nu benerna "universal" sabab kitu nu 
disebut elmu Gusti mah. Kade urang ulah ngalalaworakeun kana kawelas-kaasih 
Gusti nu geus ngangkat manusa leuwih luhur ajenna tinimbang mahluk lianna. Ulah 
ngarendahkeun darajat nu geus dikersakeun ku Nu Maha Kawasa.
 
hapunten kang bilih teu sapagodos mah, da namina elmu kedah dipagumenkeun 
henteu disimpen di handapeu kasur, atawa disakralkeu dijieun jimat. Rampes...
 
Cag.
 
Engkus. 
  

--- Pada Sab, 13/12/08, Halimun An <[email protected]> menulis:

Dari: Halimun An <[email protected]>
Topik: Re: [kisunda] Re: Evolusi religi Urang Sunda
Kepada: [email protected]
Tanggal: Sabtu, 13 Desember, 2008, 6:28 AM






uing teu wawuh jeung k nonggerak, atawa k agu pakusarakan (eta kahiji)

nu kaduana, ari guntreng masalah agama kudu make dadasara kitab suci, ulah ukur 
dadasar kana logika atawa dikira-kira. Sabenerna nu di pedar ieu leuwih 
ngacapruk batan
uing (ulah disensor ki oman da uing jeung k oman teh saagama)

uing hayang nanya, geus saluhur kumaha logika jelema teh, na bet wani2 ngabaca
agama ukur ditalar ku logika ?
na bet ngabahas nabi muhammad kunaon lahir di arab jsb make logika ?

arek islam bijilna ti arab atawa ti tempat lain eta lain urusan manusa.
eta skenario Allah swt, pasti aya maksudna. Teu kaharti ?
nya kusabab logika jelema mah deet... boro2 mikiran kunaon islam turun di arab,
mikiran papatong kunaon jangjangan oge dijamin moal bisa ngajawab...
mun ngajawab pasti ngacapruk.

di arab, lain islam kapangaruhan budaya arab, tapi budaya arab nu kapangaruhan 
ku islam.
tah didinya oge salira mikirna tos pabaliut.. kunaon ? sabab coba maca agama 
ukur
ku logika... mun ieu di sensor uing nangtang kuncen2 debat jeung uing...
uing mah daek paeh soal ngabela agama mah kulan.. teu kusabab hayang kapuji...

heuuueuuuh cape... kuncen teu jelas... atawa boa2 teu resep pedah uing
heuras ngabela agama islam (teuing AH !!!)

--- On Fri, 12/12/08, engkus ruswana wrote:

Kang Maman, 

Ari ceuk pamikiran simkuring mah, nu ngaranna agama pasti teu leupas tina 
budaya dimana agama eta dilahirkeun, ngan memang lolobana nu ngagem agama teu 
bisa ngabedakeun mana nu eusina (hakekat) agama, jeung mana bungkusna (budaya). 
Memang kasaksi lolobana mah nu dikeukeuweuk teh mung ukur budaya/bungkusna. 
Padahal mun nu geus apaleun mah tangtu nu dicokot teh (eusina), na ngagugulung 
cangkang/bungkusna mah can tangtu cocog. Mun dahar cau pan cauna kulitna mah 
dipiceun, sarupaning kadaharan nu make bungkus tangtu cangkangna mah ngan ukur 
diperlukeun teh memeh didahar supaya teu kakotoran. 

Naon pangpangna simkuring nyebutkeun agama teu leupas jeung budaya, da geuning 
kanyataan kulantaran agama Islam lahir di Arab, dutarima ku Nabi Muhammad SAW 
nu urang Arab, atuh tangtu kahartina jeung katarimana ku diri Anjeunna teh dina 
basa nu kaharti ku Anjeunna, nyaeta Basa Arab, matak pantes mun wahyu-wahyu nu 
katampa tur terus dituliskeun dina Kitab Sucina teh make Basa Arab. Coba lamun 
Nabi Muhammad teh urang Sunda, pasti wahyu jeung ayat-ayatna nu dituliskeun 
meureun make basa Sunda. Jadi kacida wajarna lamun dina ngadidik cara kumawula 
ka Gusti, ngadidik cara etika (contona papakean), nungtun ngokolakeun kahirupan 
jeung sajabana luyu jeung kaayaan kahirupan di tanah Arab. Coba bae diaji dina 
surat-suratna, geuning aya nu nyaritakeun conto kahirupan hiji kulawarga Arab, 
aya nyabit-nyabit Onta, Korma, zan-zam jsb. Teu aya nyabit soal kelenci, 
sampeu, curug jsb. Kitu deui dina
ngatur hubungan sosial kakulawargaan, kadudukan awewe jeung lalaki, jsb..pasti 
loyog jeung situasi/kondisi di tempat eta kalahiran agama. Agama lian ti Islam 
ge pasti moal beda, nu lahir di Cina pasti teu leupas jeung budaya Cina...nu 
dilahirkeun di India , moal leupas ti budaya India , nu dilahirkeun di 
Yahudi,moal leupas ti budaya Yahudi,..... nu dilahirkeun di tanah Sunda, pasti 
teu leupas jeung budaya Sunda. Jadi ceuk saha agama teu leupas jeung budaya. 
Cara misahkeunana, nya gampang, tinggal aji mana cangkang jeung mana eusina. 

Mun diguar eusina (hakekatna), boh nu di Arab, di India, di Yahudi, di Cina di 
Sunda, di Yunani, kuring yakin teu sabaraha beda, sabab elmu Tuhan mah pasti 
sarua. jeung pasti Kawelas-kaasih Gusti mah moal ngabeda-beda, dimana aya jalma 
bener nu boga tekad jeung ngulik kana elmu Gusti...pasti tinemu jeung hakekatna 
eta elmu (da jalma bener jeung bersih teh tangtu lain ngan ukur di Arab, di 
unggal wewengkon ge pasti aya). Sedengkeun dina prak-prakanana ngajalankeun 
sareat agama, tangtu beda-beda, gumantung jeung kaayaan alam jeung budaya 
bangsa dimana agama eta dilahirkeun. 

Urang geus pada sapuk yen Gusti atawa kumaha bae nyebutna (gumantung 
basa/budayana) Maha Uninga karek geretesna hate oge geus kanyahoan, nu hartina 
make basa naon bae Gusti mah ngartieun, tong boro basa manusa, dalah basa sato 
jeung tatangkalan ge Anjeunna apaleun. 

Jadi tangtu moal aya akurna mun marebutkeun benerna elmu teh ngan diukur ku 
sareat/bungkusna. kitu bawirasa simkuring mah. 

Tah kukituna anu kudu disungsi teh, nya eusina, tangtu endahna da bakal 
kapangkih akurna teh. 
 














      
___________________________________________________________________________
Nama baru untuk Anda! 
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke