satuju lah kuring jeung eta mah nyaa moal pendak mun ngabandingkeun sistem feodal jeung sistem demokrasi, soalna masing2 boga + oge - na. inti na mah, dua sistem eta mun dijalankeun murni bin orisinil sesuai jeung teori, nyaa pasti weh rahayat mah panuju
ning jaman demokrasi ayeuna ge, ari kuring ningali mah, utamana di indonesia, geus asa kabablasan sagalana... nyaa eta tea meureun, kurang pas jeung teorina pas praktek mah... angger, meureunnnn.... --- In [email protected], Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote: > > jaman suharto tungtung, kuring mayar spp ngan 450 rebu, harga beas mun teu > salah dua rebu. kiwari di unipersitas nu sarua spp dua jutaan, harga beas 7 > rebuan. rarasaan mun make ukuran sakola jeung beas eta, jaman suharto leuwih > raharja manan ayeuna. tapi geuning nu ngamasalahkeun pamarentahan suharto > loba. > > sejenna, dina sistem karajaan baheula, aya nu make ugeran 'nagara teh kula'. > sanggem raja teh sami jeung hukum. sejen deui dina sistem nu anyar, model > demokrasi (ayeuna mah nagara karajaan ge seueur nu nganut model ieu), hukum > teh dijieun make kasapukan balarea. > > tangtu dina dua sistem eta aya keleuwihan kakurangan masing-masing, ngan ari > cek kuring mah sistem demokrasi asa leuwih loba alusna manan sistem > otoriter. sahenteuna kuring masih boga peluang jadi 'raja' nagara tanpa kudu > neueul palatuk bedil. > > raharja teu ngan saukur murah dahar jeung sakola. atawa sagala ngalayah di > imah...... > > 2010/7/20 JB <jungkir_balik2...@...> > > > > > > > rarasaan kuring mah, jigana rahayat mah moal ngamasalahkeun make sistem > > modern atawa feodal atawa jadul ge, nu penting raharja jeung teu nabrak > > norma2 kahirupan/hukum. > > > > meureuunnn.... > > (nya rarasaan nya jigana, nya meureun, teu yakin pisan kan? hehe...) > > > > > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, jalakpakuan@ > > wrote: > > > > > > Jadi nyerah nya urang sunda ngaraharjakeun rahayat make sistem jeung > > organisasi modern. > > > Powered by Telkomsel BlackBerry® > > > > > > -----Original Message----- > > > From: "JeBe" <jungkir_balik2002@> > > > Sender: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com> > > > Date: Tue, 20 Jul 2010 05:27:48 > > > To: <[email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>> > > > Reply-To: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com> > > > Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR > > > > > > Sae pisan pamadegan bah oman teh > > > Sumuhun ulah gareuwah heula, ari aya mangpaatna jang karaharjaan rahayat > > mah teu aya salahna > > > Urang tingali weh naon programna, mudah2an teu sakadar KONGRES hehe > > > Sent from MobilePhone® > > > > > > -----Original Message----- > > > From: oman abdurahman <omanarah@> > > > Sender: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com> > > > Date: Tue, 20 Jul 2010 11:58:52 > > > To: <[email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>> > > > Reply-To: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com> > > > Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR > > > > > > Baraya, > > > > > > Ngiring ngawangkong, mudah2an teu ngabuntut bangkong ...atawa...urang > > > nganggo jurus "cai dina gelas satengah pinuh" alias jurus optimistis > > heula, > > > heuheu. > > > > > > Geus rada lila si kuring meunang beja ayana kagiatan pajemuhan para > > > "raja-raja" sa-Nusantara di Bandung. Anu dimaksud para "raja-raja di dieu > > - > > > urang definisikeun heula sawatara waktu - nyaeta aranjeunna anu masih > > > katurunan para raja-raja di Nusantara baheula. Diantarana wae, raja > > Kutai, > > > Raja Palembang (Sriwijaya), Raja Bugis/Bone, raja Cirebon, jrrd. Data > > > tambahan ngeunaan hal ieu anu pantes dihubung-hubungkeun, upamana wae, > > dina > > > hiji kasempetan nalika si kuring mulang ti Jakarta ka Bandung keun, di km > > > 40-an, mobil si kuring disusul (disalip) ku hiji mobil anu dina panto > > tukang > > > eta mobil aya tulisan "raja Kutai" lengkep jeung simbolna. > > > > > > Ari tempat pajemuhanana di Bandung, diantarana nyaeta di bumina salah > > > saurang kasepuhan di Bandung anu kawentar ku jujulukna: "Abah Olot" atawa > > > "Rachmat Bedog". Anjeunna oge malah anu jadi pacurhatan (tempat curhat, > > ceuk > > > para abg mah) alias tempat para raja2 ti sakuliah Nusantara ieu nepikeun > > > pangangluhna (keluhanana). Naon anu diadukeun ka abah Olot ku aranjeunna > > > teh? loba hal, diantarana wae masalah-masalah sapopoe anu mindeng > > kapanggih > > > ku urang sarerea di media massa: tambah nyirorotna karaharjaan rahayat, > > > karusakan lingkungan, tambah leungitna hak tanah ulayat atawa tanah adat > > > (kaasup leuweung, sumber cai, jsb), harga-harga pangabutuh sapopoe anu > > wuwuh > > > pating terekel nararaek, jsb. > > > > > > Bari ngangluh atawa curhat teh - sakumaha tina obrolan abah Olot (abah) > > via > > > tlpn - sadaya eta wawakil "karajaan2" teh ngabadamikeun kumaha jalan > > > kaluarna, kumaha hadena, boh ngageuingkeun pamarentahan anu aya ayeuna > > atawa > > > ningkatkeun karaharjaan "rahayat" di wewengkonna sewang-sewangan bari > > tetep > > > aya dina pigura (bingkai) NKRI. > > > > > > Geus sababaraha kali akhir-akhir ieu si kuring ditawaran miluan ngariung > > > atawa ngahajakeun ka bumi abah atawa si kuring sorangan janji "tarsok" > > > ("sebentar-besok" atawa "muhun engke atawa enjing" atawa "inggih-inggih > > ora > > > kapanggih" ceuk urang wetan mah) pikeun tepang sareng "para raja ieu" > > atawa > > > ngawangkon ngeunaan maksud eta pajemuhan2 sareng abah Olot. Ngan nya > > kitu, > > > teu kalis ku balas pakepuk atawa cicing, tacan kalaksanakeun wae. Nepi ka > > > "kasus" anu akhir ieu anu mana kang Oca jadi "raja", kamari oge kebat > > > ditaroskeun ka abah via sms. Waleran abah: "teu bisa dina sms ngajawabna > > > atawa ngobrolna. Nya si kuring oge "tarsok" deui wae ngawalon abah dina > > sms" > > > (enya ari kituna mah, teu nalipaka maneh wae anu nanya teh - nya kuring > > tea > > > - hehehe). > > > > > > Minangka panutup, sababaraha kacindekan kuring tina ieu "fenomena kang > > Oca > > > jadi Raja" nyanggakeun sarupa di handap ieu: > > > > > > 1) Katurunan para raja sa-Nusantara di urang katembongna masih aya di > > > kieuna. Di sagigireun masih aya, aranjeunna oge masih lumayan mibanda > > sumber > > > daya (resources) atawa kakuatan, boh mangrupa harta banda atawa rajakaya > > > atawa rakyat anu masih ngahargaan ka aranjeuna; > > > > > > 2) Leuwih ti eta, ieu para raja teh dina waktuna rahayat sangsara mindeng > > > jadi gunung pananggeuhan masyarakatna pikeun kaluar tina pasoalan anu > > > disanghareupana ku masyarakatna di wewengkonna masing-masing. Pon kitu > > > deui, ieu katurunan raja-raja sa-Nusantara teh masih mibanda wibawa oge > > > perhatian pikeun ngurus "rahayat"-na. Leuwih jauh ti eta, ieu para > > katurunan > > > raja-raja teh masih mikiran kumaha NKRI pikahareupeun ku cara jeung > > > kakuatanana masing2 anu masih ngari danget ieu > > > > > > (Catetan: nya panyimpangan aya wae hiji dua kasus. Aya oge katurunan > > > raja-raja anu geus teu nolih ka nasib rahayatana, sakumaha baheula wae > > keur > > > jaman Walanda, aya anu ngalawan penjajah, teu kurang oge anu gawe bareng > > > jeung nu ngajajah); > > > > > > 3) Kukituna, kasus "kang Oca jadi raja" keun wae heula teu kudu buru-buru > > > geruh atawa ulah gagancangan ear, kusabab sababaraha hal. > > > > > > - Kahiji, urang tacan jelas pisan naha kang Oca teh satuju dipaparin > > gelar > > > siga kitu atawa ukur lalandian ti pihak pakumpulan "raja2" sa Nusantara > > wae > > > eta mah anu karumpul di hiji tempat laju maparin gelar ka sababaraha > > > "tokoh". Babandinganana, lamun urang aya anu maparin katuangan atawa > > > panganggo (baju atawa kaen), urang pan moal langsung nolak sapajodogan ku > > > sabab ngaragangan tea ka anu maparin. Kajaba lamun anu dibikeun ka urang > > teh > > > hiji hal anu pibahlaeun, jst. > > > > > > - Kaduana, urang apan tacan nampi ti kang Oca kumaha sikepna atawa > > > kateranganana ngeunaan eta kajadian anjeunna "dilantik". Boa-boa nalika > > > dilantik teh anjeunna mah satemenna teu hadir, jst. > > > > > > - Katiluna, na bet jadi pasoalan teuing. Salila teu ngalanggar hukum > > posotif > > > di ieu NKRI mah eta "pelantikan" teh sah-sah wae. Malah, urang antosan > > > pancen jeung pelaksanaan tina tugas kang Oca anu sakitu ageungna (hilap > > > deui, "raja" urusan naon tah kang Oca teh, aya dina deklarasi anu > > > dipostingkeun ka ieu milist). Sah-sah wae hiji warga Indonesia kenging > > gelar > > > "raja" di jaman kiwari, komo bari mancen tugas anu mulia keur masyarakat > > > mah. Yulia Perez atawa Sahrani wae nalika kenging gelar ti "karajaan" > > Solo > > > urang teu aya nu ribut. > > > > > > 4) Usaha-usaha ti para katurunana mantan raja dina raraga ngabela > > ("mantan") > > > rahayatna jeung lingkunganana tina kasangsaraan hirup oge karusakan > > > lingkungan pantes dirojong ku urang sadaya. Dina lebah dieu, boa-boa kang > > > Oca teh keur nyambungkeun hubungan jeung "para raja" anu cenah > > akhir-akhir > > > ieu aranjeunna mindeng ka Bandung; > > > > > > 5) Aya hadena maluruh katerangan anu leuwih jelas heula samemeh urang > > leuwih > > > jauh hog-hag atawa ngajadikeun hal ieu hiji pangecean (bahan olok-olok), > > > salila, sakali deui, eta "susunan" para "raja" teu ngarempag aturan hirup > > > (agama jeung nagara). > > > > > > manar > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > Naon anu diobrolkeun ku aranjeunna? > > > > > > > > > > > > 2010/7/20 Ii Sumirat <sumirat@> > > > > > > > > > > > > > > > > > Hehehe aya aya wae kang dudi > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > *From:* [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com> [mailto: > > [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>] *On > > > > Behalf Of *Dudi Herlianto > > > > *Sent:* Monday, July 19, 2010 10:37 PM > > > > *To:* [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com> > > > > *Subject:* Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > ih ulah ngaraledek siah. kade. bisi heueuh aya raja anyar. da nu > > ngaranna > > > > raja mah di mana-mana ge ujug-ujug pucunghul. 'aing raja, deuk naon > > sia? > > > > hayang dibekok?'. pokna. > > > > > > > > > > > > > > > > -- > > > > d-: dudi herlianto :-q > > > > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > -- > d-: dudi herlianto :-q > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
