naha ambu geuning asa benten tina perkiraan cik kumaha ieu teh baktos --- On Wed, 7/21/10, Dikdik <[email protected]> wrote:
From: Dikdik <[email protected]> Subject: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR To: [email protected] Date: Wednesday, July 21, 2010, 4:17 PM muhun dihapunten ambu hehe... eeh hapunten oge kuring, da naha kesan ti kuring mah, teu aya kesan yen ambu teh kitu. ari pendapat kuring mah, nyaa wajar weh urang sadayana gaduh rasa panasaran ka ihwal carita (ato fakta) eta. da kusabab teu jelas tea, ujug2 aya kabar eta. atuh ari cara "mengungkapkan" (naon nya padanan basa sundana nu pas?) nu macem2 bahkan aya nu kesan heureuy, nyaaa wajar weh atuh, da panginten eusi sirah ge benten2. panginten... hehehe.... --- In [email protected], richadiana kartakusuma <richadianakartakus...@...> wrote: > > hapunten,,, naha kesan nya seakan saya tidak setuju seseorang jadi raja- > padahal > > ngalungkeun kadieu soteh sabage pngumuman rehna aya kajadian nu kieu tapi > pada2 > urang Sunda sasaeu2rna mah teu tarrangeun, padahal upami leres aya raja apan > hak > na sunda - sunda keneh, numawi balareya sunda oge gaduh hak kanggo terang... > > > > Baktos > > > > > ________________________________ > From: ilen kardani <ilen1...@...> > To: [email protected] > Sent: Wed, July 21, 2010 7:18:14 AM > Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR > > > Baraya, > > Langkung tipayun seja ngawilujeng keun ka kang Roza anu parantos dipercanten > gelar Raja Pajajaran, hayu urang dukung masing handaruan sorana, nyebar > mencar > sa Pasundan nyambuang sa Nusantara. Sugan kahareupna tina Raja Pajajaran sing > ngajadi Raja Nusantara, saha we engke mah penerusna isuk jaganing geto, naha > bade ilen kardani atanapi kang Oman. Nasib teu pahiri-hiri bagja teu > paala-ala, > teu meunang di embung-embung jeung dihayang-hayang. Geus kitu bageanana > masing-masing, sami sareng kang Roza anu kapentok janten Ratu di Pakuan, > minimalna urang Sunda pituin, keun wae turunanana mah teu kudu dipaluruh > teuing > da panjang teuing lalakona. Nu penting mah seja ngabakti kana kahadean, > tangtu > kawidian ku Nu Maha Kawasa maparinkeun Wahyu Cakra Ningrat ka anjeuna. Mangka > hade ulah jadi bahan piheureuyeun, da kumpulan raja-raja Nusantara teh lain > grup > sandiwara. Malahan ceuk beja nu kapanggih mah Panglima Pajajaran na oge > parantos > jeneng di Pasundan. > > Pikahareupeun, kuring rek milu ngabakti ka raja panyelang jeung mere saran > sarupaning: > > - Urang pernahkeun Raja Pajajaran liinggihna di Istana Bogor, penta we da ieu > mah hak urang sa Pasundan ngarah urang sarerea reueus boga raja anu merenah > di > tempatna. Lain arek jajawaan, tapi memang kitu pantesna. > - Raja Pajajaran keur sawatara waktu kudu dibere 1% tina PAD keur > ngaronjatkeun > pangwangunan di tempat-tempat anu teu kasiwer ku pamarentahan Dede Yusuf. > - Aparat kerajaan kudu dieuyeuban deui ku para Rama-Resi, dangdayang > Pajajaran. > > Sakitu heula panginten tawis pangabaktos ti sim kuring. > > > Ilen kardani > > > > > > > ________________________________ > From: oman abdurahman <omana...@gmail. com> > To: kisu...@yahoogroups .com > Sent: Tue, July 20, 2010 12:58:52 PM > Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR > > > Baraya, > > Ngiring ngawangkong, mudah2an teu ngabuntut bangkong ...atawa...urang nganggo > jurus "cai dina gelas satengah pinuh" alias jurus optimistis heula, heuheu. > > Geus rada lila si kuring meunang beja ayana kagiatan pajemuhan para > "raja-raja" > sa-Nusantara di Bandung. Anu dimaksud para "raja-raja di dieu - urang > definisikeun heula sawatara waktu - nyaeta aranjeunna anu masih katurunan > para > raja-raja di Nusantara baheula. Diantarana wae, raja Kutai, Raja Palembang > (Sriwijaya), Raja Bugis/Bone, raja Cirebon, jrrd. Data tambahan ngeunaan hal > ieu > anu pantes dihubung-hubungkeun , upamana wae, dina hiji kasempetan nalika si > kuring mulang ti Jakarta ka Bandung keun, di km 40-an, mobil si kuring > disusul > (disalip) ku hiji mobil anu dina panto tukang eta mobil aya tulisan "raja > Kutai" > lengkep jeung simbolna. > > > Ari tempat pajemuhanana di Bandung, diantarana nyaeta di bumina salah saurang > kasepuhan di Bandung anu kawentar ku jujulukna: "Abah Olot" atawa "Rachmat > Bedog". Anjeunna oge malah anu jadi pacurhatan (tempat curhat, ceuk para abg > mah) alias tempat para raja2 ti sakuliah Nusantara ieu nepikeun pangangluhna > (keluhanana) . Naon anu diadukeun ka abah Olot ku aranjeunna teh? loba hal, > diantarana wae masalah-masalah sapopoe anu mindeng kapanggih ku urang sarerea > di > media massa: tambah nyirorotna karaharjaan rahayat, karusakan lingkungan, > tambah > leungitna hak tanah ulayat atawa tanah adat (kaasup leuweung, sumber cai, > jsb), > harga-harga pangabutuh sapopoe anu wuwuh pating terekel nararaek, jsb. > > > Bari ngangluh atawa curhat teh - sakumaha tina obrolan abah Olot (abah) via > tlpn > - sadaya eta wawakil "karajaan2" teh ngabadamikeun kumaha jalan kaluarna, > kumaha > hadena, boh ngageuingkeun pamarentahan anu aya ayeuna atawa ningkatkeun > karaharjaan "rahayat" di wewengkonna sewang-sewangan bari tetep aya dina > pigura > (bingkai) NKRI. > > Geus sababaraha kali akhir-akhir ieu si kuring ditawaran miluan ngariung > atawa > ngahajakeun ka bumi abah atawa si kuring sorangan janji "tarsok" > ("sebentar-besok" atawa "muhun engke atawa enjing" atawa "inggih-inggih ora > kapanggih" ceuk urang wetan mah) pikeun tepang sareng "para raja ieu" atawa > ngawangkon ngeunaan maksud eta pajemuhan2 sareng abah Olot. Ngan nya kitu, > teu > kalis ku balas pakepuk atawa cicing, tacan kalaksanakeun wae. Nepi ka "kasus" > anu akhir ieu anu mana kang Oca jadi "raja", kamari oge kebat ditaroskeun ka > abah via sms. Waleran abah: "teu bisa dina sms ngajawabna atawa ngobrolna. > Nya > si kuring oge "tarsok" deui wae ngawalon abah dina sms" (enya ari kituna mah, > teu nalipaka maneh wae anu nanya teh - nya kuring tea - hehehe). > > Minangka panutup, sababaraha kacindekan kuring tina ieu "fenomena kang Oca > jadi > Raja" nyanggakeun sarupa di handap ieu: > > 1) Katurunan para raja sa-Nusantara di urang katembongna masih aya di kieuna. > Di > sagigireun masih aya, aranjeunna oge masih lumayan mibanda sumber daya > (resources) atawa kakuatan, boh mangrupa harta banda atawa rajakaya atawa > rakyat > anu masih ngahargaan ka aranjeuna; > > > 2) Leuwih ti eta, ieu para raja teh dina waktuna rahayat sangsara mindeng > jadi > gunung pananggeuhan masyarakatna pikeun kaluar tina pasoalan anu > disanghareupana > ku masyarakatna di wewengkonna masing-masing. Pon kitu deui, ieu katurunan > raja-raja sa-Nusantara teh masih mibanda wibawa oge perhatian pikeun ngurus > "rahayat"-na. Leuwih jauh ti eta, ieu para katurunan raja-raja teh masih > mikiran > kumaha NKRI pikahareupeun ku cara jeung kakuatanana masing2 anu masih ngari > danget ieu > > (Catetan: nya panyimpangan aya wae hiji dua kasus. Aya oge katurunan > raja-raja > anu geus teu nolih ka nasib rahayatana, sakumaha baheula wae keur jaman > Walanda, > aya anu ngalawan penjajah, teu kurang oge anu gawe bareng jeung nu ngajajah); > > 3) Kukituna, kasus "kang Oca jadi raja" keun wae heula teu kudu buru-buru > geruh > atawa ulah gagancangan ear, kusabab sababaraha hal. > > > - Kahiji, urang tacan jelas pisan naha kang Oca teh satuju dipaparin gelar > siga > kitu atawa ukur lalandian ti pihak pakumpulan "raja2" sa Nusantara wae eta > mah > anu karumpul di hiji tempat laju maparin gelar ka sababaraha "tokoh". > Babandinganana, lamun urang aya anu maparin katuangan atawa panganggo (baju > atawa kaen), urang pan moal langsung nolak sapajodogan ku sabab ngaragangan > tea > ka anu maparin. Kajaba lamun anu dibikeun ka urang teh hiji hal anu > pibahlaeun, > jst. > > - Kaduana, urang apan tacan nampi ti kang Oca kumaha sikepna atawa > kateranganana > ngeunaan eta kajadian anjeunna "dilantik". Boa-boa nalika dilantik teh > anjeunna > mah satemenna teu hadir, jst. > > > - Katiluna, na bet jadi pasoalan teuing. Salila teu ngalanggar hukum posotif > di > ieu NKRI mah eta "pelantikan" teh sah-sah wae. Malah, urang antosan pancen > jeung > pelaksanaan tina tugas kang Oca anu sakitu ageungna (hilap deui, "raja" > urusan > naon tah kang Oca teh, aya dina deklarasi anu dipostingkeun ka ieu milist). > Sah-sah wae hiji warga Indonesia kenging gelar "raja" di jaman kiwari, komo > bari > mancen tugas anu mulia keur masyarakat mah. Yulia Perez atawa Sahrani wae > nalika > kenging gelar ti "karajaan" Solo urang teu aya nu ribut. > > 4) Usaha-usaha ti para katurunana mantan raja dina raraga ngabela ("mantan") > rahayatna jeung lingkunganana tina kasangsaraan hirup oge karusakan > lingkungan > pantes dirojong ku urang sadaya. Dina lebah dieu, boa-boa kang Oca teh keur > nyambungkeun hubungan jeung "para raja" anu cenah akhir-akhir ieu aranjeunna > mindeng ka Bandung; > > 5) Aya hadena maluruh katerangan anu leuwih jelas heula samemeh urang leuwih > jauh hog-hag atawa ngajadikeun hal ieu hiji pangecean (bahan olok-olok), > salila, > sakali deui, eta "susunan" para "raja" teu ngarempag aturan hirup (agama > jeung > nagara). > > manar > > > > > > > > Naon anu diobrolkeun ku aranjeunna? > > > > > 2010/7/20 Ii Sumirat <sumi...@bdg. bumiputera. co.id> > > > >Hehehe aya aya wae kang dudi > > > > > >From:kisu...@yahoogroups .com [mailto:kisu...@yahoogroups .com] On Behalf Of > >Dudi Herlianto > >Sent: Monday, July 19, 2010 10:37 PM > >To: kisu...@yahoogroups .com > >Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR > > > > > >ih ulah ngaraledek siah. kade. bisi heueuh aya raja anyar. da nu ngaranna > >raja > >mah di mana-mana ge ujug-ujug pucunghul. 'aing raja, deuk naon sia? hayang > >dibekok?'. pokna. > > > >-- > >d-: dudi herlianto :-q > >kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk >
