Kuring milu hog hag lain urusan rarajaan eta we bisi di fait accomply jadi 
rahayatna.
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: mh <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 21 Jul 2010 11:20:18 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR

Kang Oman, nu dimaksud ku Ambu mah jigana, lain "hog-hag" para "raja
nusantara",
tapi "hog-hag" paguneman di milis, antara nu pro sareng nu kontra.
Tah nu kairong ku Ambu, oge ku uing (mun toongan uing bener), asana
paguneman
di milis teh masih wajar-wajar, teu acan nepi ka nu disebut hog-hag.

2010/7/21 oman abdurahman <[email protected]>

>
>
> Haturan Ambu,
>
> Kahartos Ambu, dina posisi Ambu anu disuhunkeun langsung ku tim "pelantikan
> para raja-raja" jaman kiwari ieu kanggo ngadamel kata sambutan (kanggo eta
> acara pelatikan), teras nolak alatan teu terang asal-usulna sareng kamana
> tujuanana eta hak Ambu sareng sakedahna kitu tinimbang kacacandak ku hiji
> hal anu urang teu terang nanaon.
>
> Anapon posisi abdi, sakumaha dicarioskeun dina email ti heula, estuning
> dina posisi anu keur ngabandungan kumaha perkembanganana anu teu miharep
> ragrag kana ngahukuman atawa rurusuhan mere cap goreng samemeh jelas sagala
> rupana. Teu aya anu ngawartosan sakedik oge eta rencana deklarasi teh.
> Terang soteh samar-samar sanggeus dihubung-hubungkeun tina sababaraha data
> anu katampina oge ti katebihan ku cara sms an, kitu oge henteu mangrupa alur
> carita anu sagemblengna naon rupa anu dipikawanoh teh. Anu jelas, sadayana
> sarwa tacan jelas. Naon rupa anu didongengkeun estuning masih aya dina
> babadea kalawan make konsep atawa toropong optimistis tea.
>
> Ngeunaan "hog-hag", abdi teu ngartos, hog-hag anu mana anu dimaksad ku ambu
> teh. Anu kairong ti katebihan ku abdi malahan sabalikna, eta anu ngangken
> para katurunan raja-raja sa Nusantara teh malah siga anu runtut raut geus
> anjog kana hiji kamupakatan anu disaluyuan ku sadayana anu aya dina tim
> "pelantikan raja-raja Nusantara". Buktina, nya taya lian ti ikrar atawa
> surat deklarasi sakumaha anu dipostingkeun di milist.
>
> Satemenna, sisi negatifna oge tangtu wae aya. Ngan, kacamata atawa
> panaropong anu ku si kuring digunakeun nembe jurus optimistis heula
> sateuacan kempel data anu rada lumayan keur ngaanalisis.
>
> Sakitu wae heula Ambu. Muga ulah salempang, alus jeung goreng bakal tembong
> di ieu dunya keneh. Ieu kayakinan rada universal oge.
>
> manar
>
>
>
>
>
>
> 2010/7/21 richadiana kartakusuma <[email protected]>
>
>
>>
>> Bah Oman
>> justru kumargi heran .... ujug2 naha aya nu kieu, apan urang teh rahayat
>> naha bet teu terang, hog hag henteu asana teh .... kolot2 hoghag asa tos teu
>> pararantes ... ngan sabage rahayat mah mah pan karuhan ukur tiasa nanya tapi
>> can karuhan ditampi
>>
>> Abdi kaleresan disuhunkeun ngadamel KATA SAMBUTAN ku PANITIA eta teh ....
>> LANGSUNG ... mana SUMBER na sanes NGINJEUM CEULI tapi langsung ka abdi
>> nagn kumargi datana teu dipasihan oge cnah mah teu hiji2 acan, nya ku abdi
>> ditolak da abdi mah teu tiasa ngawangkong kitu wae tanpa data
>>
>> Bah Harja
>> abdi nyuhunkeun dihapunten... sanes niat ngadorong ngajongjlokeun teu
>> pisan2 mung abdi bade attchment teh di kisunda teh  .... sababaraha kali teu
>> kakintun margi ageung teuing .... jaba lami ... nya teu cios...
>> sakali deui baha Harja hapunten
>>
>> AMBU
>>
>>
>> ------------------------------
>> *From:* oman abdurahman <[email protected]>
>> *To:* [email protected]
>> *Sent:* Tue, July 20, 2010 11:58:52 AM
>>
>> *Subject:* Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR
>>
>>
>>
>> Baraya,
>>
>> Ngiring ngawangkong, mudah2an teu ngabuntut bangkong ...atawa...urang
>> nganggo jurus "cai dina gelas satengah pinuh" alias jurus optimistis heula,
>> heuheu.
>>
>> Geus rada lila si kuring meunang beja ayana kagiatan pajemuhan para
>> "raja-raja" sa-Nusantara di Bandung. Anu dimaksud para "raja-raja di dieu -
>> urang definisikeun heula sawatara waktu - nyaeta aranjeunna anu masih
>> katurunan para raja-raja di Nusantara baheula. Diantarana wae, raja Kutai,
>> Raja Palembang (Sriwijaya), Raja Bugis/Bone, raja Cirebon, jrrd. Data
>> tambahan ngeunaan hal ieu anu pantes dihubung-hubungkeun , upamana wae, dina
>> hiji kasempetan nalika si kuring mulang ti Jakarta ka Bandung keun, di km
>> 40-an, mobil si kuring disusul (disalip) ku hiji mobil anu dina panto tukang
>> eta mobil aya tulisan "raja Kutai" lengkep jeung simbolna.
>>
>> Ari tempat pajemuhanana di Bandung, diantarana nyaeta di bumina salah
>> saurang kasepuhan di Bandung anu kawentar ku jujulukna: "Abah Olot" atawa
>> "Rachmat Bedog". Anjeunna oge malah anu jadi pacurhatan (tempat curhat, ceuk
>> para abg mah) alias tempat para raja2 ti sakuliah Nusantara ieu nepikeun
>> pangangluhna (keluhanana) . Naon anu diadukeun ka abah Olot ku aranjeunna
>> teh? loba hal, diantarana wae masalah-masalah sapopoe anu mindeng kapanggih
>> ku urang sarerea di media massa: tambah nyirorotna karaharjaan rahayat,
>> karusakan lingkungan, tambah leungitna hak tanah ulayat atawa tanah adat
>> (kaasup leuweung, sumber cai, jsb), harga-harga pangabutuh sapopoe anu wuwuh
>> pating terekel nararaek, jsb.
>>
>> Bari ngangluh atawa curhat teh - sakumaha tina obrolan abah Olot (abah)
>> via tlpn - sadaya eta wawakil "karajaan2" teh ngabadamikeun kumaha jalan
>> kaluarna, kumaha hadena, boh ngageuingkeun pamarentahan anu aya ayeuna atawa
>> ningkatkeun karaharjaan "rahayat" di wewengkonna sewang-sewangan bari tetep
>> aya dina pigura (bingkai) NKRI.
>>
>> Geus sababaraha kali akhir-akhir ieu si kuring ditawaran miluan ngariung
>> atawa ngahajakeun ka bumi abah atawa si kuring sorangan janji "tarsok"
>> ("sebentar-besok" atawa "muhun engke atawa enjing"  atawa "inggih-inggih ora
>> kapanggih" ceuk urang wetan mah) pikeun tepang sareng "para raja ieu" atawa
>> ngawangkon ngeunaan maksud eta pajemuhan2 sareng abah Olot. Ngan nya kitu,
>> teu kalis ku balas pakepuk atawa cicing, tacan kalaksanakeun wae. Nepi ka
>> "kasus" anu akhir ieu anu mana kang Oca jadi "raja", kamari oge kebat
>> ditaroskeun ka abah via sms. Waleran abah: "teu bisa dina sms ngajawabna
>> atawa ngobrolna. Nya si kuring oge "tarsok" deui wae ngawalon abah dina sms"
>> (enya ari kituna mah, teu nalipaka maneh wae anu nanya teh - nya kuring tea
>> - hehehe).
>>
>> Minangka panutup, sababaraha kacindekan kuring tina ieu "fenomena kang Oca
>> jadi Raja" nyanggakeun sarupa di handap ieu:
>>
>> 1) Katurunan para raja sa-Nusantara di urang katembongna masih aya di
>> kieuna. Di sagigireun masih aya, aranjeunna oge masih lumayan mibanda sumber
>> daya (resources) atawa kakuatan, boh mangrupa harta banda atawa rajakaya
>> atawa rakyat anu masih ngahargaan ka aranjeuna;
>>
>> 2) Leuwih ti eta, ieu para raja teh dina waktuna rahayat sangsara mindeng
>> jadi gunung pananggeuhan masyarakatna pikeun kaluar tina pasoalan anu
>> disanghareupana ku masyarakatna  di wewengkonna masing-masing. Pon kitu
>> deui, ieu katurunan raja-raja sa-Nusantara teh masih mibanda wibawa oge
>> perhatian pikeun ngurus "rahayat"-na. Leuwih jauh ti eta, ieu para katurunan
>> raja-raja teh masih mikiran kumaha NKRI pikahareupeun ku cara jeung
>> kakuatanana masing2 anu masih ngari danget ieu
>>
>> (Catetan: nya panyimpangan aya wae hiji dua kasus. Aya oge katurunan
>> raja-raja anu geus teu nolih ka nasib rahayatana, sakumaha baheula wae keur
>> jaman Walanda, aya anu ngalawan penjajah, teu kurang oge anu gawe bareng
>> jeung nu ngajajah);
>>
>> 3) Kukituna, kasus "kang Oca jadi raja" keun wae heula teu kudu buru-buru
>> geruh atawa ulah gagancangan ear, kusabab sababaraha hal.
>>
>> - Kahiji, urang tacan jelas pisan naha kang Oca teh satuju dipaparin gelar
>> siga kitu atawa ukur lalandian ti pihak pakumpulan "raja2" sa Nusantara wae
>> eta mah anu karumpul di hiji tempat laju maparin gelar ka sababaraha
>> "tokoh". Babandinganana, lamun urang aya anu maparin katuangan atawa
>> panganggo (baju atawa kaen), urang pan moal langsung nolak sapajodogan ku
>> sabab ngaragangan tea ka anu maparin. Kajaba lamun anu dibikeun ka urang teh
>> hiji hal anu pibahlaeun, jst.
>>
>> - Kaduana, urang apan tacan nampi ti kang Oca kumaha sikepna atawa
>> kateranganana ngeunaan eta kajadian anjeunna "dilantik". Boa-boa nalika
>> dilantik teh anjeunna mah satemenna teu hadir, jst.
>>
>> - Katiluna, na bet jadi pasoalan teuing. Salila teu ngalanggar hukum
>> posotif di ieu NKRI mah eta "pelantikan" teh sah-sah wae. Malah, urang
>> antosan pancen jeung pelaksanaan tina tugas kang Oca anu sakitu ageungna
>> (hilap deui, "raja" urusan naon tah kang Oca teh, aya dina deklarasi anu
>> dipostingkeun ka ieu milist). Sah-sah wae hiji warga Indonesia kenging gelar
>> "raja" di jaman kiwari, komo bari mancen tugas anu mulia keur masyarakat
>> mah. Yulia Perez atawa Sahrani wae nalika kenging gelar ti "karajaan" Solo
>> urang teu aya nu ribut.
>>
>> 4) Usaha-usaha ti para katurunana mantan raja dina raraga ngabela
>> ("mantan") rahayatna jeung lingkunganana tina kasangsaraan hirup oge
>> karusakan lingkungan pantes dirojong ku urang sadaya. Dina lebah dieu,
>> boa-boa kang Oca teh keur nyambungkeun hubungan jeung "para raja" anu cenah
>> akhir-akhir ieu aranjeunna mindeng ka Bandung;
>>
>> 5) Aya hadena maluruh katerangan anu leuwih jelas heula samemeh urang
>> leuwih jauh hog-hag atawa ngajadikeun hal ieu hiji pangecean (bahan
>> olok-olok), salila, sakali deui, eta "susunan" para "raja" teu ngarempag
>> aturan hirup (agama jeung nagara).
>>
>> manar
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>> Naon anu diobrolkeun ku aranjeunna?
>>
>>
>>
>> 2010/7/20 Ii Sumirat <sumi...@bdg. bumiputera. 
>> co.id<[email protected]>
>> >
>>
>>>
>>>
>>>  Hehehe aya aya wae kang dudi
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> *From:* kisu...@yahoogroups .com <[email protected]> 
>>> [mailto:kisu...@yahoogroups
>>> .com <[email protected]>] *On Behalf Of *Dudi Herlianto
>>> *Sent:* Monday, July 19, 2010 10:37 PM
>>> *To:* kisu...@yahoogroups .com <[email protected]>
>>> *Subject:* Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> ih ulah ngaraledek siah. kade. bisi heueuh aya raja anyar. da nu ngaranna
>>> raja mah di mana-mana ge ujug-ujug pucunghul. 'aing raja, deuk naon sia?
>>> hayang dibekok?'. pokna.
>>>
>>>
>>>
>>> --
>>> d-: dudi herlianto :-q
>>> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>>>
>>>
>>
>>
>  
>

Kirim email ke