akur, asana wajar upama aya nu ngajukeun pasualan-pasualan nu pakait.

2010/7/21 <[email protected]>

>
>
> Kuring milu hog hag lain urusan rarajaan eta we bisi di fait accomply jadi
> rahayatna.
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * mh <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Wed, 21 Jul 2010 11:20:18 +0800
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR
>
>
>
> Kang Oman, nu dimaksud ku Ambu mah jigana, lain "hog-hag" para "raja
> nusantara",
> tapi "hog-hag" paguneman di milis, antara nu pro sareng nu kontra.
> Tah nu kairong ku Ambu, oge ku uing (mun toongan uing bener), asana
> paguneman
> di milis teh masih wajar-wajar, teu acan nepi ka nu disebut hog-hag.
>
> 2010/7/21 oman abdurahman <[email protected]>
>
>>
>>
>> Haturan Ambu,
>>
>> Kahartos Ambu, dina posisi Ambu anu disuhunkeun langsung ku tim
>> "pelantikan para raja-raja" jaman kiwari ieu kanggo ngadamel kata sambutan
>> (kanggo eta acara pelatikan), teras nolak alatan teu terang asal-usulna
>> sareng kamana tujuanana eta hak Ambu sareng sakedahna kitu tinimbang
>> kacacandak ku hiji hal anu urang teu terang nanaon.
>>
>> Anapon posisi abdi, sakumaha dicarioskeun dina email ti heula, estuning
>> dina posisi anu keur ngabandungan kumaha perkembanganana anu teu miharep
>> ragrag kana ngahukuman atawa rurusuhan mere cap goreng samemeh jelas sagala
>> rupana. Teu aya anu ngawartosan sakedik oge eta rencana deklarasi teh.
>> Terang soteh samar-samar sanggeus dihubung-hubungkeun tina sababaraha data
>> anu katampina oge ti katebihan ku cara sms an, kitu oge henteu mangrupa alur
>> carita anu sagemblengna naon rupa anu dipikawanoh teh. Anu jelas, sadayana
>> sarwa tacan jelas. Naon rupa anu didongengkeun estuning masih aya dina
>> babadea kalawan make konsep atawa toropong optimistis tea.
>>
>> Ngeunaan "hog-hag", abdi teu ngartos, hog-hag anu mana anu dimaksad ku
>> ambu teh. Anu kairong ti katebihan ku abdi malahan sabalikna, eta anu
>> ngangken para katurunan raja-raja sa Nusantara teh malah siga anu runtut
>> raut geus anjog kana hiji kamupakatan anu disaluyuan ku sadayana anu aya
>> dina tim "pelantikan raja-raja Nusantara". Buktina, nya taya lian ti ikrar
>> atawa surat deklarasi sakumaha anu dipostingkeun di milist.
>>
>> Satemenna, sisi negatifna oge tangtu wae aya. Ngan, kacamata atawa
>> panaropong anu ku si kuring digunakeun nembe jurus optimistis heula
>> sateuacan kempel data anu rada lumayan keur ngaanalisis.
>>
>> Sakitu wae heula Ambu. Muga ulah salempang, alus jeung goreng bakal
>> tembong di ieu dunya keneh. Ieu kayakinan rada universal oge.
>>
>> manar
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>> 2010/7/21 richadiana kartakusuma <[email protected]>
>>
>>
>>>
>>> Bah Oman
>>> justru kumargi heran .... ujug2 naha aya nu kieu, apan urang teh rahayat
>>> naha bet teu terang, hog hag henteu asana teh .... kolot2 hoghag asa tos teu
>>> pararantes ... ngan sabage rahayat mah mah pan karuhan ukur tiasa nanya tapi
>>> can karuhan ditampi
>>>
>>> Abdi kaleresan disuhunkeun ngadamel KATA SAMBUTAN ku PANITIA eta teh ....
>>> LANGSUNG ... mana SUMBER na sanes NGINJEUM CEULI tapi langsung ka abdi
>>> nagn kumargi datana teu dipasihan oge cnah mah teu hiji2 acan, nya ku
>>> abdi ditolak da abdi mah teu tiasa ngawangkong kitu wae tanpa data
>>>
>>> Bah Harja
>>> abdi nyuhunkeun dihapunten... sanes niat ngadorong ngajongjlokeun teu
>>> pisan2 mung abdi bade attchment teh di kisunda teh  .... sababaraha kali teu
>>> kakintun margi ageung teuing .... jaba lami ... nya teu cios...
>>> sakali deui baha Harja hapunten
>>>
>>> AMBU
>>>
>>>
>>> ------------------------------
>>> *From:* oman abdurahman <[email protected]>
>>> *To:* [email protected]
>>> *Sent:* Tue, July 20, 2010 11:58:52 AM
>>>
>>> *Subject:* Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR
>>>
>>>
>>>
>>> Baraya,
>>>
>>> Ngiring ngawangkong, mudah2an teu ngabuntut bangkong ...atawa...urang
>>> nganggo jurus "cai dina gelas satengah pinuh" alias jurus optimistis heula,
>>> heuheu.
>>>
>>> Geus rada lila si kuring meunang beja ayana kagiatan pajemuhan para
>>> "raja-raja" sa-Nusantara di Bandung. Anu dimaksud para "raja-raja di dieu -
>>> urang definisikeun heula sawatara waktu - nyaeta aranjeunna anu masih
>>> katurunan para raja-raja di Nusantara baheula. Diantarana wae, raja Kutai,
>>> Raja Palembang (Sriwijaya), Raja Bugis/Bone, raja Cirebon, jrrd. Data
>>> tambahan ngeunaan hal ieu anu pantes dihubung-hubungkeun , upamana wae, dina
>>> hiji kasempetan nalika si kuring mulang ti Jakarta ka Bandung keun, di km
>>> 40-an, mobil si kuring disusul (disalip) ku hiji mobil anu dina panto tukang
>>> eta mobil aya tulisan "raja Kutai" lengkep jeung simbolna.
>>>
>>> Ari tempat pajemuhanana di Bandung, diantarana nyaeta di bumina salah
>>> saurang kasepuhan di Bandung anu kawentar ku jujulukna: "Abah Olot" atawa
>>> "Rachmat Bedog". Anjeunna oge malah anu jadi pacurhatan (tempat curhat, ceuk
>>> para abg mah) alias tempat para raja2 ti sakuliah Nusantara ieu nepikeun
>>> pangangluhna (keluhanana) . Naon anu diadukeun ka abah Olot ku aranjeunna
>>> teh? loba hal, diantarana wae masalah-masalah sapopoe anu mindeng kapanggih
>>> ku urang sarerea di media massa: tambah nyirorotna karaharjaan rahayat,
>>> karusakan lingkungan, tambah leungitna hak tanah ulayat atawa tanah adat
>>> (kaasup leuweung, sumber cai, jsb), harga-harga pangabutuh sapopoe anu wuwuh
>>> pating terekel nararaek, jsb.
>>>
>>> Bari ngangluh atawa curhat teh - sakumaha tina obrolan abah Olot (abah)
>>> via tlpn - sadaya eta wawakil "karajaan2" teh ngabadamikeun kumaha jalan
>>> kaluarna, kumaha hadena, boh ngageuingkeun pamarentahan anu aya ayeuna atawa
>>> ningkatkeun karaharjaan "rahayat" di wewengkonna sewang-sewangan bari tetep
>>> aya dina pigura (bingkai) NKRI.
>>>
>>> Geus sababaraha kali akhir-akhir ieu si kuring ditawaran miluan ngariung
>>> atawa ngahajakeun ka bumi abah atawa si kuring sorangan janji "tarsok"
>>> ("sebentar-besok" atawa "muhun engke atawa enjing"  atawa "inggih-inggih ora
>>> kapanggih" ceuk urang wetan mah) pikeun tepang sareng "para raja ieu" atawa
>>> ngawangkon ngeunaan maksud eta pajemuhan2 sareng abah Olot. Ngan nya kitu,
>>> teu kalis ku balas pakepuk atawa cicing, tacan kalaksanakeun wae. Nepi ka
>>> "kasus" anu akhir ieu anu mana kang Oca jadi "raja", kamari oge kebat
>>> ditaroskeun ka abah via sms. Waleran abah: "teu bisa dina sms ngajawabna
>>> atawa ngobrolna. Nya si kuring oge "tarsok" deui wae ngawalon abah dina sms"
>>> (enya ari kituna mah, teu nalipaka maneh wae anu nanya teh - nya kuring tea
>>> - hehehe).
>>>
>>> Minangka panutup, sababaraha kacindekan kuring tina ieu "fenomena kang
>>> Oca jadi Raja" nyanggakeun sarupa di handap ieu:
>>>
>>> 1) Katurunan para raja sa-Nusantara di urang katembongna masih aya di
>>> kieuna. Di sagigireun masih aya, aranjeunna oge masih lumayan mibanda sumber
>>> daya (resources) atawa kakuatan, boh mangrupa harta banda atawa rajakaya
>>> atawa rakyat anu masih ngahargaan ka aranjeuna;
>>>
>>> 2) Leuwih ti eta, ieu para raja teh dina waktuna rahayat sangsara mindeng
>>> jadi gunung pananggeuhan masyarakatna pikeun kaluar tina pasoalan anu
>>> disanghareupana ku masyarakatna  di wewengkonna masing-masing. Pon kitu
>>> deui, ieu katurunan raja-raja sa-Nusantara teh masih mibanda wibawa oge
>>> perhatian pikeun ngurus "rahayat"-na. Leuwih jauh ti eta, ieu para katurunan
>>> raja-raja teh masih mikiran kumaha NKRI pikahareupeun ku cara jeung
>>> kakuatanana masing2 anu masih ngari danget ieu
>>>
>>> (Catetan: nya panyimpangan aya wae hiji dua kasus. Aya oge katurunan
>>> raja-raja anu geus teu nolih ka nasib rahayatana, sakumaha baheula wae keur
>>> jaman Walanda, aya anu ngalawan penjajah, teu kurang oge anu gawe bareng
>>> jeung nu ngajajah);
>>>
>>> 3) Kukituna, kasus "kang Oca jadi raja" keun wae heula teu kudu buru-buru
>>> geruh atawa ulah gagancangan ear, kusabab sababaraha hal.
>>>
>>> - Kahiji, urang tacan jelas pisan naha kang Oca teh satuju dipaparin
>>> gelar siga kitu atawa ukur lalandian ti pihak pakumpulan "raja2" sa
>>> Nusantara wae eta mah anu karumpul di hiji tempat laju maparin gelar ka
>>> sababaraha "tokoh". Babandinganana, lamun urang aya anu maparin katuangan
>>> atawa panganggo (baju atawa kaen), urang pan moal langsung nolak sapajodogan
>>> ku sabab ngaragangan tea ka anu maparin. Kajaba lamun anu dibikeun ka urang
>>> teh hiji hal anu pibahlaeun, jst.
>>>
>>> - Kaduana, urang apan tacan nampi ti kang Oca kumaha sikepna atawa
>>> kateranganana ngeunaan eta kajadian anjeunna "dilantik". Boa-boa nalika
>>> dilantik teh anjeunna mah satemenna teu hadir, jst.
>>>
>>> - Katiluna, na bet jadi pasoalan teuing. Salila teu ngalanggar hukum
>>> posotif di ieu NKRI mah eta "pelantikan" teh sah-sah wae. Malah, urang
>>> antosan pancen jeung pelaksanaan tina tugas kang Oca anu sakitu ageungna
>>> (hilap deui, "raja" urusan naon tah kang Oca teh, aya dina deklarasi anu
>>> dipostingkeun ka ieu milist). Sah-sah wae hiji warga Indonesia kenging gelar
>>> "raja" di jaman kiwari, komo bari mancen tugas anu mulia keur masyarakat
>>> mah. Yulia Perez atawa Sahrani wae nalika kenging gelar ti "karajaan" Solo
>>> urang teu aya nu ribut.
>>>
>>> 4) Usaha-usaha ti para katurunana mantan raja dina raraga ngabela
>>> ("mantan") rahayatna jeung lingkunganana tina kasangsaraan hirup oge
>>> karusakan lingkungan pantes dirojong ku urang sadaya. Dina lebah dieu,
>>> boa-boa kang Oca teh keur nyambungkeun hubungan jeung "para raja" anu cenah
>>> akhir-akhir ieu aranjeunna mindeng ka Bandung;
>>>
>>> 5) Aya hadena maluruh katerangan anu leuwih jelas heula samemeh urang
>>> leuwih jauh hog-hag atawa ngajadikeun hal ieu hiji pangecean (bahan
>>> olok-olok), salila, sakali deui, eta "susunan" para "raja" teu ngarempag
>>> aturan hirup (agama jeung nagara).
>>>
>>> manar
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> Naon anu diobrolkeun ku aranjeunna?
>>>
>>>
>>>
>>> 2010/7/20 Ii Sumirat <sumi...@bdg. bumiputera. 
>>> co.id<[email protected]>
>>> >
>>>
>>>>
>>>>
>>>>  Hehehe aya aya wae kang dudi
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> *From:* kisu...@yahoogroups .com <[email protected]> 
>>>> [mailto:kisu...@yahoogroups
>>>> .com <[email protected]>] *On Behalf Of *Dudi Herlianto
>>>> *Sent:* Monday, July 19, 2010 10:37 PM
>>>> *To:* kisu...@yahoogroups .com <[email protected]>
>>>> *Subject:* Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> ih ulah ngaraledek siah. kade. bisi heueuh aya raja anyar. da nu
>>>> ngaranna raja mah di mana-mana ge ujug-ujug pucunghul. 'aing raja, deuk 
>>>> naon
>>>> sia? hayang dibekok?'. pokna.
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> --
>>>> d-: dudi herlianto :-q
>>>> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>>>>
>>>>
>>>
>>>
>>
>   
>

Kirim email ke