Baraya,

Langkung tipayun seja ngawilujeng keun ka kang Roza anu parantos dipercanten 
gelar Raja Pajajaran, hayu urang dukung masing handaruan sorana, nyebar mencar 
sa Pasundan nyambuang sa Nusantara. Sugan kahareupna tina Raja Pajajaran sing 
ngajadi Raja Nusantara, saha we engke mah penerusna isuk jaganing geto, naha 
bade ilen kardani atanapi kang Oman. Nasib teu pahiri-hiri bagja teu paala-ala, 
teu meunang di embung-embung jeung dihayang-hayang. Geus kitu bageanana 
masing-masing, sami sareng kang Roza anu kapentok janten Ratu di Pakuan, 
minimalna urang Sunda pituin, keun wae turunanana mah teu kudu dipaluruh teuing 
da panjang teuing lalakona. Nu penting mah seja ngabakti kana kahadean, tangtu 
kawidian ku Nu Maha Kawasa maparinkeun Wahyu Cakra Ningrat ka anjeuna. Mangka 
hade ulah jadi bahan piheureuyeun, da kumpulan raja-raja Nusantara teh lain 
grup 
sandiwara. Malahan ceuk beja nu kapanggih mah Panglima Pajajaran na oge 
parantos 
jeneng di Pasundan.

Pikahareupeun, kuring rek milu ngabakti ka raja panyelang jeung mere saran 
sarupaning:

- Urang pernahkeun Raja Pajajaran liinggihna di Istana Bogor, penta we da ieu 
mah hak urang sa Pasundan ngarah urang sarerea reueus boga raja anu merenah di 
tempatna. Lain arek jajawaan, tapi memang kitu pantesna.
- Raja Pajajaran keur sawatara waktu kudu dibere 1% tina PAD keur ngaronjatkeun 
pangwangunan di tempat-tempat anu teu kasiwer ku pamarentahan Dede Yusuf.
- Aparat kerajaan kudu dieuyeuban deui ku para Rama-Resi, dangdayang Pajajaran.

Sakitu heula panginten tawis pangabaktos ti sim kuring.


Ilen kardani


 



________________________________
From: oman abdurahman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tue, July 20, 2010 12:58:52 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR

  
Baraya,

Ngiring ngawangkong, mudah2an teu ngabuntut bangkong ...atawa...urang nganggo 
jurus "cai dina gelas satengah pinuh" alias jurus optimistis heula, heuheu.

Geus rada lila si kuring meunang beja ayana kagiatan pajemuhan para "raja-raja" 
sa-Nusantara di Bandung. Anu dimaksud para "raja-raja di dieu - urang 
definisikeun heula sawatara waktu - nyaeta aranjeunna anu masih katurunan para 
raja-raja di Nusantara baheula. Diantarana wae, raja Kutai, Raja Palembang 
(Sriwijaya), Raja Bugis/Bone, raja Cirebon, jrrd. Data tambahan ngeunaan hal 
ieu 
anu pantes dihubung-hubungkeun , upamana wae, dina hiji kasempetan nalika si 
kuring mulang ti Jakarta ka Bandung keun, di km 40-an, mobil si kuring disusul 
(disalip) ku hiji mobil anu dina panto tukang eta mobil aya tulisan "raja 
Kutai" 
lengkep jeung simbolna. 


Ari tempat pajemuhanana di Bandung, diantarana nyaeta di bumina salah saurang 
kasepuhan di Bandung anu kawentar ku jujulukna: "Abah Olot" atawa "Rachmat 
Bedog". Anjeunna oge malah anu jadi pacurhatan (tempat curhat, ceuk para abg 
mah) alias tempat para raja2 ti sakuliah Nusantara ieu nepikeun pangangluhna 
(keluhanana) . Naon anu diadukeun ka abah Olot ku aranjeunna teh? loba hal, 
diantarana wae masalah-masalah sapopoe anu mindeng kapanggih ku urang sarerea 
di 
media massa: tambah nyirorotna karaharjaan rahayat, karusakan lingkungan, 
tambah 
leungitna hak tanah ulayat atawa tanah adat (kaasup leuweung, sumber cai, jsb), 
harga-harga pangabutuh sapopoe anu wuwuh pating terekel nararaek, jsb. 


Bari ngangluh atawa curhat teh - sakumaha tina obrolan abah Olot (abah) via 
tlpn 
- sadaya eta wawakil "karajaan2" teh ngabadamikeun kumaha jalan kaluarna, 
kumaha 
hadena, boh ngageuingkeun pamarentahan anu aya ayeuna atawa ningkatkeun 
karaharjaan "rahayat" di wewengkonna sewang-sewangan bari tetep aya dina pigura 
(bingkai) NKRI.

Geus sababaraha kali akhir-akhir ieu si kuring ditawaran miluan ngariung atawa 
ngahajakeun ka bumi abah atawa si kuring sorangan janji "tarsok" 
("sebentar-besok" atawa "muhun engke atawa enjing"  atawa "inggih-inggih ora 
kapanggih" ceuk urang wetan mah) pikeun tepang sareng "para raja ieu" atawa 
ngawangkon ngeunaan maksud eta pajemuhan2 sareng abah Olot. Ngan nya kitu, teu 
kalis ku balas pakepuk atawa cicing, tacan kalaksanakeun wae. Nepi ka "kasus" 
anu akhir ieu anu mana kang Oca jadi "raja", kamari oge kebat ditaroskeun ka 
abah via sms. Waleran abah: "teu bisa dina sms ngajawabna atawa ngobrolna. Nya 
si kuring oge "tarsok" deui wae ngawalon abah dina sms" (enya ari kituna mah, 
teu nalipaka maneh wae anu nanya teh - nya kuring tea - hehehe).

Minangka panutup, sababaraha kacindekan kuring tina ieu "fenomena kang Oca jadi 
Raja" nyanggakeun sarupa di handap ieu:

1) Katurunan para raja sa-Nusantara di urang katembongna masih aya di kieuna. 
Di 
sagigireun masih aya, aranjeunna oge masih lumayan mibanda sumber daya 
(resources) atawa kakuatan, boh mangrupa harta banda atawa rajakaya atawa 
rakyat 
anu masih ngahargaan ka aranjeuna; 


2) Leuwih ti eta, ieu para raja teh dina waktuna rahayat sangsara mindeng jadi 
gunung pananggeuhan masyarakatna pikeun kaluar tina pasoalan anu 
disanghareupana 
ku masyarakatna  di wewengkonna masing-masing. Pon kitu deui, ieu katurunan 
raja-raja sa-Nusantara teh masih mibanda wibawa oge perhatian pikeun ngurus 
"rahayat"-na. Leuwih jauh ti eta, ieu para katurunan raja-raja teh masih 
mikiran 
kumaha NKRI pikahareupeun ku cara jeung kakuatanana masing2 anu masih ngari 
danget ieu

(Catetan: nya panyimpangan aya wae hiji dua kasus. Aya oge katurunan raja-raja 
anu geus teu nolih ka nasib rahayatana, sakumaha baheula wae keur jaman 
Walanda, 
aya anu ngalawan penjajah, teu kurang oge anu gawe bareng jeung nu ngajajah);

3) Kukituna, kasus "kang Oca jadi raja" keun wae heula teu kudu buru-buru geruh 
atawa ulah gagancangan ear, kusabab sababaraha hal. 


- Kahiji, urang tacan jelas pisan naha kang Oca teh satuju dipaparin gelar siga 
kitu atawa ukur lalandian ti pihak pakumpulan "raja2" sa Nusantara wae eta mah 
anu karumpul di hiji tempat laju maparin gelar ka sababaraha "tokoh". 
Babandinganana, lamun urang aya anu maparin katuangan atawa panganggo (baju 
atawa kaen), urang pan moal langsung nolak sapajodogan ku sabab ngaragangan tea 
ka anu maparin. Kajaba lamun anu dibikeun ka urang teh hiji hal anu pibahlaeun, 
jst.

- Kaduana, urang apan tacan nampi ti kang Oca kumaha sikepna atawa 
kateranganana 
ngeunaan eta kajadian anjeunna "dilantik". Boa-boa nalika dilantik teh anjeunna 
mah satemenna teu hadir, jst. 


- Katiluna, na bet jadi pasoalan teuing. Salila teu ngalanggar hukum posotif di 
ieu NKRI mah eta "pelantikan" teh sah-sah wae. Malah, urang antosan pancen 
jeung 
pelaksanaan tina tugas kang Oca anu sakitu ageungna (hilap deui, "raja" urusan 
naon tah kang Oca teh, aya dina deklarasi anu dipostingkeun ka ieu milist). 
Sah-sah wae hiji warga Indonesia kenging gelar "raja" di jaman kiwari, komo 
bari 
mancen tugas anu mulia keur masyarakat mah. Yulia Perez atawa Sahrani wae 
nalika 
kenging gelar ti "karajaan" Solo urang teu aya nu ribut.

4) Usaha-usaha ti para katurunana mantan raja dina raraga ngabela ("mantan") 
rahayatna jeung lingkunganana tina kasangsaraan hirup oge karusakan lingkungan 
pantes dirojong ku urang sadaya. Dina lebah dieu, boa-boa kang Oca teh keur 
nyambungkeun hubungan jeung "para raja" anu cenah akhir-akhir ieu aranjeunna 
mindeng ka Bandung;

5) Aya hadena maluruh katerangan anu leuwih jelas heula samemeh urang leuwih 
jauh hog-hag atawa ngajadikeun hal ieu hiji pangecean (bahan olok-olok), 
salila, 
sakali deui, eta "susunan" para "raja" teu ngarempag aturan hirup (agama jeung 
nagara).

manar


 


  

Naon anu diobrolkeun ku aranjeunna? 




2010/7/20 Ii Sumirat <sumi...@bdg. bumiputera. co.id>

  
>Hehehe aya aya wae kang dudi 
> 
> 
>From:kisu...@yahoogroups .com [mailto:kisu...@yahoogroups .com] On Behalf Of 
>Dudi Herlianto
>Sent: Monday, July 19, 2010 10:37 PM
>To: kisu...@yahoogroups .com
>Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR
> 
>  
>ih ulah ngaraledek siah. kade. bisi heueuh aya raja anyar. da nu ngaranna raja 
>mah di mana-mana ge ujug-ujug pucunghul. 'aing raja, deuk naon sia? hayang 
>dibekok?'. pokna. 
> 
>-- 
>d-: dudi herlianto :-q
>kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk




      

Kirim email ke