Ambu anu dipihormat ku sim kuring.
"Revitalisasi raja jeung karajaan" teu aya awon na, sae we saur abdi mah. 
Tibatan nungguan atanapi ngantos-ngantos Imam Mahdi ngajleng ti langit.[duka ka 
sabaraha]

:)



________________________________
From: richadiana kartakusuma <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wed, July 21, 2010 1:53:08 AM
Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR

  
Bah Oman
justru kumargi heran .... ujug2 naha aya nu kieu, apan urang teh rahayat naha 
bet teu terang, hog hag henteu asana teh .... kolot2 hoghag asa tos teu 
pararantes ... ngan sabage rahayat mah mah pan karuhan ukur tiasa nanya tapi 
can 
karuhan ditampi

Abdi kaleresan disuhunkeun ngadamel KATA SAMBUTAN ku PANITIA eta teh .... 
LANGSUNG ... mana SUMBER na sanes NGINJEUM CEULI tapi langsung ka abdi
nagn kumargi datana teu dipasihan oge cnah mah teu hiji2 acan, nya ku abdi 
ditolak da abdi mah teu tiasa ngawangkong kitu wae tanpa data 


Bah Harja
abdi nyuhunkeun dihapunten.. . sanes niat ngadorong ngajongjlokeun teu pisan2 
mung abdi bade attchment teh di kisunda teh  .... sababaraha kali teu kakintun 
margi ageung teuing .... jaba lami ... nya teu cios...
sakali deui baha Harja  hapunten

AMBU





________________________________
From: oman abdurahman <omana...@gmail. com>
To: kisu...@yahoogroups .com
Sent: Tue, July 20, 2010 11:58:52 AM
Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR

  
Baraya,

Ngiring ngawangkong, mudah2an teu ngabuntut bangkong ...atawa...urang nganggo 
jurus "cai dina gelas satengah pinuh" alias jurus optimistis heula, heuheu.

Geus rada lila si kuring meunang beja ayana kagiatan pajemuhan para "raja-raja" 
sa-Nusantara di Bandung. Anu dimaksud para "raja-raja di dieu - urang 
definisikeun heula sawatara waktu - nyaeta aranjeunna anu masih katurunan para 
raja-raja di Nusantara baheula. Diantarana wae, raja Kutai, Raja Palembang 
(Sriwijaya), Raja Bugis/Bone, raja Cirebon, jrrd. Data tambahan ngeunaan hal 
ieu 
anu pantes dihubung-hubungkeun , upamana wae, dina hiji kasempetan nalika si 
kuring mulang ti Jakarta ka Bandung keun, di km 40-an, mobil si kuring disusul 
(disalip) ku hiji mobil anu dina panto tukang eta mobil aya tulisan "raja 
Kutai" 
lengkep jeung simbolna. 


Ari tempat pajemuhanana di Bandung, diantarana nyaeta di bumina salah saurang 
kasepuhan di Bandung anu kawentar ku jujulukna: "Abah Olot" atawa "Rachmat 
Bedog". Anjeunna oge malah anu jadi pacurhatan (tempat curhat, ceuk para abg 
mah) alias tempat para raja2 ti sakuliah Nusantara ieu nepikeun pangangluhna 
(keluhanana) . Naon anu diadukeun ka abah Olot ku aranjeunna teh? loba hal, 
diantarana wae masalah-masalah sapopoe anu mindeng kapanggih ku urang sarerea 
di 
media massa: tambah nyirorotna karaharjaan rahayat, karusakan lingkungan, 
tambah 
leungitna hak tanah ulayat atawa tanah adat (kaasup leuweung, sumber cai, jsb), 
harga-harga pangabutuh sapopoe anu wuwuh pating terekel nararaek, jsb. 


Bari ngangluh atawa curhat teh - sakumaha tina obrolan abah Olot (abah) via 
tlpn 
- sadaya eta wawakil "karajaan2" teh ngabadamikeun kumaha jalan kaluarna, 
kumaha 
hadena, boh ngageuingkeun pamarentahan anu aya ayeuna atawa ningkatkeun 
karaharjaan "rahayat" di wewengkonna sewang-sewangan bari tetep aya dina pigura 
(bingkai) NKRI.

Geus sababaraha kali akhir-akhir ieu si kuring ditawaran miluan ngariung atawa 
ngahajakeun ka bumi abah atawa si kuring sorangan janji "tarsok" 
("sebentar-besok" atawa "muhun engke atawa enjing"  atawa "inggih-inggih ora 
kapanggih" ceuk urang wetan mah) pikeun tepang sareng "para raja ieu" atawa 
ngawangkon ngeunaan maksud eta pajemuhan2 sareng abah Olot. Ngan nya kitu, teu 
kalis ku balas pakepuk atawa cicing, tacan kalaksanakeun wae. Nepi ka "kasus" 
anu akhir ieu anu mana kang Oca jadi "raja", kamari oge kebat ditaroskeun ka 
abah via sms. Waleran abah: "teu bisa dina sms ngajawabna atawa ngobrolna. Nya 
si kuring oge "tarsok" deui wae ngawalon abah dina sms" (enya ari kituna mah, 
teu nalipaka maneh wae anu nanya teh - nya kuring tea - hehehe).

Minangka panutup, sababaraha kacindekan kuring tina ieu "fenomena kang Oca jadi 
Raja" nyanggakeun sarupa di handap ieu:

1) Katurunan para raja sa-Nusantara di urang katembongna masih aya di kieuna. 
Di 
sagigireun masih aya, aranjeunna oge masih lumayan mibanda sumber daya 
(resources) atawa kakuatan, boh mangrupa harta banda atawa rajakaya atawa 
rakyat 
anu masih ngahargaan ka aranjeuna; 


2) Leuwih ti eta, ieu para raja teh dina waktuna rahayat sangsara mindeng jadi 
gunung pananggeuhan masyarakatna pikeun kaluar tina pasoalan anu 
disanghareupana 
ku masyarakatna  di wewengkonna masing-masing. Pon kitu deui, ieu katurunan 
raja-raja sa-Nusantara teh masih mibanda wibawa oge perhatian pikeun ngurus 
"rahayat"-na. Leuwih jauh ti eta, ieu para katurunan raja-raja teh masih 
mikiran 
kumaha NKRI pikahareupeun ku cara jeung kakuatanana masing2 anu masih ngari 
danget ieu

(Catetan: nya panyimpangan aya wae hiji dua kasus. Aya oge katurunan raja-raja 
anu geus teu nolih ka nasib rahayatana, sakumaha baheula wae keur jaman 
Walanda, 
aya anu ngalawan penjajah, teu kurang oge anu gawe bareng jeung nu ngajajah);

3) Kukituna, kasus "kang Oca jadi raja" keun wae heula teu kudu buru-buru geruh 
atawa ulah gagancangan ear, kusabab sababaraha hal. 


- Kahiji, urang tacan jelas pisan naha kang Oca teh satuju dipaparin gelar siga 
kitu atawa ukur lalandian ti pihak pakumpulan "raja2" sa Nusantara wae eta mah 
anu karumpul di hiji tempat laju maparin gelar ka sababaraha "tokoh". 
Babandinganana, lamun urang aya anu maparin katuangan atawa panganggo (baju 
atawa kaen), urang pan moal langsung nolak sapajodogan ku sabab ngaragangan tea 
ka anu maparin. Kajaba lamun anu dibikeun ka urang teh hiji hal anu pibahlaeun, 
jst.

- Kaduana, urang apan tacan nampi ti kang Oca kumaha sikepna atawa 
kateranganana 
ngeunaan eta kajadian anjeunna "dilantik". Boa-boa nalika dilantik teh anjeunna 
mah satemenna teu hadir, jst. 


- Katiluna, na bet jadi pasoalan teuing. Salila teu ngalanggar hukum posotif di 
ieu NKRI mah eta "pelantikan" teh sah-sah wae. Malah, urang antosan pancen 
jeung 
pelaksanaan tina tugas kang Oca anu sakitu ageungna (hilap deui, "raja" urusan 
naon tah kang Oca teh, aya dina deklarasi anu dipostingkeun ka ieu milist). 
Sah-sah wae hiji warga Indonesia kenging gelar "raja" di jaman kiwari, komo 
bari 
mancen tugas anu mulia keur masyarakat mah. Yulia Perez atawa Sahrani wae 
nalika 
kenging gelar ti "karajaan" Solo urang teu aya nu ribut.

4) Usaha-usaha ti para katurunana mantan raja dina raraga ngabela ("mantan") 
rahayatna jeung lingkunganana tina kasangsaraan hirup oge karusakan lingkungan 
pantes dirojong ku urang sadaya. Dina lebah dieu, boa-boa kang Oca teh keur 
nyambungkeun hubungan jeung "para raja" anu cenah akhir-akhir ieu aranjeunna 
mindeng ka Bandung;

5) Aya hadena maluruh katerangan anu leuwih jelas heula samemeh urang leuwih 
jauh hog-hag atawa ngajadikeun hal ieu hiji pangecean (bahan olok-olok), 
salila, 
sakali deui, eta "susunan" para "raja" teu ngarempag aturan hirup (agama jeung 
nagara).

manar


 


  

Naon anu diobrolkeun ku aranjeunna? 




2010/7/20 Ii Sumirat <sumi...@bdg. bumiputera. co.id>

  
>Hehehe aya aya wae kang dudi 
> 
> 
>From:kisu...@yahoogroups .com [mailto:kisu...@yahoogroups .com] On Behalf Of 
>Dudi Herlianto
>Sent: Monday, July 19, 2010 10:37 PM
>To: kisu...@yahoogroups .com
>Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR
> 
>  
>ih ulah ngaraledek siah. kade. bisi heueuh aya raja anyar. da nu ngaranna raja 
>mah di mana-mana ge ujug-ujug pucunghul. 'aing raja, deuk naon sia? hayang 
>dibekok?'. pokna. 
> 
>-- 
>d-: dudi herlianto :-q
>kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


 


      

Kirim email ke