Hehehe, Ambu, tong diemutan, heureuy we eta mah. Pedah uing nyusudna asa can lengkep, ke sugan aya deui kateranganana.
2010/7/21 richadiana kartakusuma <[email protected]> > > > Bah Oman > justru kumargi heran .... ujug2 naha aya nu kieu, apan urang teh rahayat > naha bet teu terang, hog hag henteu asana teh .... kolot2 hoghag asa tos teu > pararantes ... ngan sabage rahayat mah mah pan karuhan ukur tiasa nanya tapi > can karuhan ditampi > > Abdi kaleresan disuhunkeun ngadamel KATA SAMBUTAN ku PANITIA eta teh .... > LANGSUNG ... mana SUMBER na sanes NGINJEUM CEULI tapi langsung ka abdi > nagn kumargi datana teu dipasihan oge cnah mah teu hiji2 acan, nya ku abdi > ditolak da abdi mah teu tiasa ngawangkong kitu wae tanpa data > > Bah Harja > abdi nyuhunkeun dihapunten... sanes niat ngadorong ngajongjlokeun teu > pisan2 mung abdi bade attchment teh di kisunda teh .... sababaraha kali teu > kakintun margi ageung teuing .... jaba lami ... nya teu cios... > sakali deui baha Harja hapunten > > AMBU > > > ------------------------------ > *From:* oman abdurahman <[email protected]> > *To:* [email protected] > *Sent:* Tue, July 20, 2010 11:58:52 AM > > *Subject:* Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR > > > > Baraya, > > Ngiring ngawangkong, mudah2an teu ngabuntut bangkong ...atawa...urang > nganggo jurus "cai dina gelas satengah pinuh" alias jurus optimistis heula, > heuheu. > > Geus rada lila si kuring meunang beja ayana kagiatan pajemuhan para > "raja-raja" sa-Nusantara di Bandung. Anu dimaksud para "raja-raja di dieu - > urang definisikeun heula sawatara waktu - nyaeta aranjeunna anu masih > katurunan para raja-raja di Nusantara baheula. Diantarana wae, raja Kutai, > Raja Palembang (Sriwijaya), Raja Bugis/Bone, raja Cirebon, jrrd. Data > tambahan ngeunaan hal ieu anu pantes dihubung-hubungkeun , upamana wae, dina > hiji kasempetan nalika si kuring mulang ti Jakarta ka Bandung keun, di km > 40-an, mobil si kuring disusul (disalip) ku hiji mobil anu dina panto tukang > eta mobil aya tulisan "raja Kutai" lengkep jeung simbolna. > > Ari tempat pajemuhanana di Bandung, diantarana nyaeta di bumina salah > saurang kasepuhan di Bandung anu kawentar ku jujulukna: "Abah Olot" atawa > "Rachmat Bedog". Anjeunna oge malah anu jadi pacurhatan (tempat curhat, ceuk > para abg mah) alias tempat para raja2 ti sakuliah Nusantara ieu nepikeun > pangangluhna (keluhanana) . Naon anu diadukeun ka abah Olot ku aranjeunna > teh? loba hal, diantarana wae masalah-masalah sapopoe anu mindeng kapanggih > ku urang sarerea di media massa: tambah nyirorotna karaharjaan rahayat, > karusakan lingkungan, tambah leungitna hak tanah ulayat atawa tanah adat > (kaasup leuweung, sumber cai, jsb), harga-harga pangabutuh sapopoe anu wuwuh > pating terekel nararaek, jsb. > > Bari ngangluh atawa curhat teh - sakumaha tina obrolan abah Olot (abah) via > tlpn - sadaya eta wawakil "karajaan2" teh ngabadamikeun kumaha jalan > kaluarna, kumaha hadena, boh ngageuingkeun pamarentahan anu aya ayeuna atawa > ningkatkeun karaharjaan "rahayat" di wewengkonna sewang-sewangan bari tetep > aya dina pigura (bingkai) NKRI. > > Geus sababaraha kali akhir-akhir ieu si kuring ditawaran miluan ngariung > atawa ngahajakeun ka bumi abah atawa si kuring sorangan janji "tarsok" > ("sebentar-besok" atawa "muhun engke atawa enjing" atawa "inggih-inggih ora > kapanggih" ceuk urang wetan mah) pikeun tepang sareng "para raja ieu" atawa > ngawangkon ngeunaan maksud eta pajemuhan2 sareng abah Olot. Ngan nya kitu, > teu kalis ku balas pakepuk atawa cicing, tacan kalaksanakeun wae. Nepi ka > "kasus" anu akhir ieu anu mana kang Oca jadi "raja", kamari oge kebat > ditaroskeun ka abah via sms. Waleran abah: "teu bisa dina sms ngajawabna > atawa ngobrolna. Nya si kuring oge "tarsok" deui wae ngawalon abah dina sms" > (enya ari kituna mah, teu nalipaka maneh wae anu nanya teh - nya kuring tea > - hehehe). > > Minangka panutup, sababaraha kacindekan kuring tina ieu "fenomena kang Oca > jadi Raja" nyanggakeun sarupa di handap ieu: > > 1) Katurunan para raja sa-Nusantara di urang katembongna masih aya di > kieuna. Di sagigireun masih aya, aranjeunna oge masih lumayan mibanda sumber > daya (resources) atawa kakuatan, boh mangrupa harta banda atawa rajakaya > atawa rakyat anu masih ngahargaan ka aranjeuna; > > 2) Leuwih ti eta, ieu para raja teh dina waktuna rahayat sangsara mindeng > jadi gunung pananggeuhan masyarakatna pikeun kaluar tina pasoalan anu > disanghareupana ku masyarakatna di wewengkonna masing-masing. Pon kitu > deui, ieu katurunan raja-raja sa-Nusantara teh masih mibanda wibawa oge > perhatian pikeun ngurus "rahayat"-na. Leuwih jauh ti eta, ieu para katurunan > raja-raja teh masih mikiran kumaha NKRI pikahareupeun ku cara jeung > kakuatanana masing2 anu masih ngari danget ieu > > (Catetan: nya panyimpangan aya wae hiji dua kasus. Aya oge katurunan > raja-raja anu geus teu nolih ka nasib rahayatana, sakumaha baheula wae keur > jaman Walanda, aya anu ngalawan penjajah, teu kurang oge anu gawe bareng > jeung nu ngajajah); > > 3) Kukituna, kasus "kang Oca jadi raja" keun wae heula teu kudu buru-buru > geruh atawa ulah gagancangan ear, kusabab sababaraha hal. > > - Kahiji, urang tacan jelas pisan naha kang Oca teh satuju dipaparin gelar > siga kitu atawa ukur lalandian ti pihak pakumpulan "raja2" sa Nusantara wae > eta mah anu karumpul di hiji tempat laju maparin gelar ka sababaraha > "tokoh". Babandinganana, lamun urang aya anu maparin katuangan atawa > panganggo (baju atawa kaen), urang pan moal langsung nolak sapajodogan ku > sabab ngaragangan tea ka anu maparin. Kajaba lamun anu dibikeun ka urang teh > hiji hal anu pibahlaeun, jst. > > - Kaduana, urang apan tacan nampi ti kang Oca kumaha sikepna atawa > kateranganana ngeunaan eta kajadian anjeunna "dilantik". Boa-boa nalika > dilantik teh anjeunna mah satemenna teu hadir, jst. > > - Katiluna, na bet jadi pasoalan teuing. Salila teu ngalanggar hukum > posotif di ieu NKRI mah eta "pelantikan" teh sah-sah wae. Malah, urang > antosan pancen jeung pelaksanaan tina tugas kang Oca anu sakitu ageungna > (hilap deui, "raja" urusan naon tah kang Oca teh, aya dina deklarasi anu > dipostingkeun ka ieu milist). Sah-sah wae hiji warga Indonesia kenging gelar > "raja" di jaman kiwari, komo bari mancen tugas anu mulia keur masyarakat > mah. Yulia Perez atawa Sahrani wae nalika kenging gelar ti "karajaan" Solo > urang teu aya nu ribut. > > 4) Usaha-usaha ti para katurunana mantan raja dina raraga ngabela > ("mantan") rahayatna jeung lingkunganana tina kasangsaraan hirup oge > karusakan lingkungan pantes dirojong ku urang sadaya. Dina lebah dieu, > boa-boa kang Oca teh keur nyambungkeun hubungan jeung "para raja" anu cenah > akhir-akhir ieu aranjeunna mindeng ka Bandung; > > 5) Aya hadena maluruh katerangan anu leuwih jelas heula samemeh urang > leuwih jauh hog-hag atawa ngajadikeun hal ieu hiji pangecean (bahan > olok-olok), salila, sakali deui, eta "susunan" para "raja" teu ngarempag > aturan hirup (agama jeung nagara). > > manar > > > > > > > > Naon anu diobrolkeun ku aranjeunna? > > > > 2010/7/20 Ii Sumirat <sumi...@bdg. bumiputera. > co.id<[email protected]> > > > >> >> >> Hehehe aya aya wae kang dudi >> >> >> >> >> >> *From:* kisu...@yahoogroups .com <[email protected]> >> [mailto:kisu...@yahoogroups >> .com <[email protected]>] *On Behalf Of *Dudi Herlianto >> *Sent:* Monday, July 19, 2010 10:37 PM >> *To:* kisu...@yahoogroups .com <[email protected]> >> *Subject:* Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR >> >> >> >> >> >> ih ulah ngaraledek siah. kade. bisi heueuh aya raja anyar. da nu ngaranna >> raja mah di mana-mana ge ujug-ujug pucunghul. 'aing raja, deuk naon sia? >> hayang dibekok?'. pokna. >> >> >> >> -- >> d-: dudi herlianto :-q >> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk >> >> > > >
