Kang Oman, nu dimaksud ku Ambu mah jigana, lain "hog-hag" para "raja nusantara", tapi "hog-hag" paguneman di milis, antara nu pro sareng nu kontra. Tah nu kairong ku Ambu, oge ku uing (mun toongan uing bener), asana paguneman di milis teh masih wajar-wajar, teu acan nepi ka nu disebut hog-hag.
2010/7/21 oman abdurahman <[email protected]> > > > Haturan Ambu, > > Kahartos Ambu, dina posisi Ambu anu disuhunkeun langsung ku tim "pelantikan > para raja-raja" jaman kiwari ieu kanggo ngadamel kata sambutan (kanggo eta > acara pelatikan), teras nolak alatan teu terang asal-usulna sareng kamana > tujuanana eta hak Ambu sareng sakedahna kitu tinimbang kacacandak ku hiji > hal anu urang teu terang nanaon. > > Anapon posisi abdi, sakumaha dicarioskeun dina email ti heula, estuning > dina posisi anu keur ngabandungan kumaha perkembanganana anu teu miharep > ragrag kana ngahukuman atawa rurusuhan mere cap goreng samemeh jelas sagala > rupana. Teu aya anu ngawartosan sakedik oge eta rencana deklarasi teh. > Terang soteh samar-samar sanggeus dihubung-hubungkeun tina sababaraha data > anu katampina oge ti katebihan ku cara sms an, kitu oge henteu mangrupa alur > carita anu sagemblengna naon rupa anu dipikawanoh teh. Anu jelas, sadayana > sarwa tacan jelas. Naon rupa anu didongengkeun estuning masih aya dina > babadea kalawan make konsep atawa toropong optimistis tea. > > Ngeunaan "hog-hag", abdi teu ngartos, hog-hag anu mana anu dimaksad ku ambu > teh. Anu kairong ti katebihan ku abdi malahan sabalikna, eta anu ngangken > para katurunan raja-raja sa Nusantara teh malah siga anu runtut raut geus > anjog kana hiji kamupakatan anu disaluyuan ku sadayana anu aya dina tim > "pelantikan raja-raja Nusantara". Buktina, nya taya lian ti ikrar atawa > surat deklarasi sakumaha anu dipostingkeun di milist. > > Satemenna, sisi negatifna oge tangtu wae aya. Ngan, kacamata atawa > panaropong anu ku si kuring digunakeun nembe jurus optimistis heula > sateuacan kempel data anu rada lumayan keur ngaanalisis. > > Sakitu wae heula Ambu. Muga ulah salempang, alus jeung goreng bakal tembong > di ieu dunya keneh. Ieu kayakinan rada universal oge. > > manar > > > > > > > 2010/7/21 richadiana kartakusuma <[email protected]> > > >> >> Bah Oman >> justru kumargi heran .... ujug2 naha aya nu kieu, apan urang teh rahayat >> naha bet teu terang, hog hag henteu asana teh .... kolot2 hoghag asa tos teu >> pararantes ... ngan sabage rahayat mah mah pan karuhan ukur tiasa nanya tapi >> can karuhan ditampi >> >> Abdi kaleresan disuhunkeun ngadamel KATA SAMBUTAN ku PANITIA eta teh .... >> LANGSUNG ... mana SUMBER na sanes NGINJEUM CEULI tapi langsung ka abdi >> nagn kumargi datana teu dipasihan oge cnah mah teu hiji2 acan, nya ku abdi >> ditolak da abdi mah teu tiasa ngawangkong kitu wae tanpa data >> >> Bah Harja >> abdi nyuhunkeun dihapunten... sanes niat ngadorong ngajongjlokeun teu >> pisan2 mung abdi bade attchment teh di kisunda teh .... sababaraha kali teu >> kakintun margi ageung teuing .... jaba lami ... nya teu cios... >> sakali deui baha Harja hapunten >> >> AMBU >> >> >> ------------------------------ >> *From:* oman abdurahman <[email protected]> >> *To:* [email protected] >> *Sent:* Tue, July 20, 2010 11:58:52 AM >> >> *Subject:* Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR >> >> >> >> Baraya, >> >> Ngiring ngawangkong, mudah2an teu ngabuntut bangkong ...atawa...urang >> nganggo jurus "cai dina gelas satengah pinuh" alias jurus optimistis heula, >> heuheu. >> >> Geus rada lila si kuring meunang beja ayana kagiatan pajemuhan para >> "raja-raja" sa-Nusantara di Bandung. Anu dimaksud para "raja-raja di dieu - >> urang definisikeun heula sawatara waktu - nyaeta aranjeunna anu masih >> katurunan para raja-raja di Nusantara baheula. Diantarana wae, raja Kutai, >> Raja Palembang (Sriwijaya), Raja Bugis/Bone, raja Cirebon, jrrd. Data >> tambahan ngeunaan hal ieu anu pantes dihubung-hubungkeun , upamana wae, dina >> hiji kasempetan nalika si kuring mulang ti Jakarta ka Bandung keun, di km >> 40-an, mobil si kuring disusul (disalip) ku hiji mobil anu dina panto tukang >> eta mobil aya tulisan "raja Kutai" lengkep jeung simbolna. >> >> Ari tempat pajemuhanana di Bandung, diantarana nyaeta di bumina salah >> saurang kasepuhan di Bandung anu kawentar ku jujulukna: "Abah Olot" atawa >> "Rachmat Bedog". Anjeunna oge malah anu jadi pacurhatan (tempat curhat, ceuk >> para abg mah) alias tempat para raja2 ti sakuliah Nusantara ieu nepikeun >> pangangluhna (keluhanana) . Naon anu diadukeun ka abah Olot ku aranjeunna >> teh? loba hal, diantarana wae masalah-masalah sapopoe anu mindeng kapanggih >> ku urang sarerea di media massa: tambah nyirorotna karaharjaan rahayat, >> karusakan lingkungan, tambah leungitna hak tanah ulayat atawa tanah adat >> (kaasup leuweung, sumber cai, jsb), harga-harga pangabutuh sapopoe anu wuwuh >> pating terekel nararaek, jsb. >> >> Bari ngangluh atawa curhat teh - sakumaha tina obrolan abah Olot (abah) >> via tlpn - sadaya eta wawakil "karajaan2" teh ngabadamikeun kumaha jalan >> kaluarna, kumaha hadena, boh ngageuingkeun pamarentahan anu aya ayeuna atawa >> ningkatkeun karaharjaan "rahayat" di wewengkonna sewang-sewangan bari tetep >> aya dina pigura (bingkai) NKRI. >> >> Geus sababaraha kali akhir-akhir ieu si kuring ditawaran miluan ngariung >> atawa ngahajakeun ka bumi abah atawa si kuring sorangan janji "tarsok" >> ("sebentar-besok" atawa "muhun engke atawa enjing" atawa "inggih-inggih ora >> kapanggih" ceuk urang wetan mah) pikeun tepang sareng "para raja ieu" atawa >> ngawangkon ngeunaan maksud eta pajemuhan2 sareng abah Olot. Ngan nya kitu, >> teu kalis ku balas pakepuk atawa cicing, tacan kalaksanakeun wae. Nepi ka >> "kasus" anu akhir ieu anu mana kang Oca jadi "raja", kamari oge kebat >> ditaroskeun ka abah via sms. Waleran abah: "teu bisa dina sms ngajawabna >> atawa ngobrolna. Nya si kuring oge "tarsok" deui wae ngawalon abah dina sms" >> (enya ari kituna mah, teu nalipaka maneh wae anu nanya teh - nya kuring tea >> - hehehe). >> >> Minangka panutup, sababaraha kacindekan kuring tina ieu "fenomena kang Oca >> jadi Raja" nyanggakeun sarupa di handap ieu: >> >> 1) Katurunan para raja sa-Nusantara di urang katembongna masih aya di >> kieuna. Di sagigireun masih aya, aranjeunna oge masih lumayan mibanda sumber >> daya (resources) atawa kakuatan, boh mangrupa harta banda atawa rajakaya >> atawa rakyat anu masih ngahargaan ka aranjeuna; >> >> 2) Leuwih ti eta, ieu para raja teh dina waktuna rahayat sangsara mindeng >> jadi gunung pananggeuhan masyarakatna pikeun kaluar tina pasoalan anu >> disanghareupana ku masyarakatna di wewengkonna masing-masing. Pon kitu >> deui, ieu katurunan raja-raja sa-Nusantara teh masih mibanda wibawa oge >> perhatian pikeun ngurus "rahayat"-na. Leuwih jauh ti eta, ieu para katurunan >> raja-raja teh masih mikiran kumaha NKRI pikahareupeun ku cara jeung >> kakuatanana masing2 anu masih ngari danget ieu >> >> (Catetan: nya panyimpangan aya wae hiji dua kasus. Aya oge katurunan >> raja-raja anu geus teu nolih ka nasib rahayatana, sakumaha baheula wae keur >> jaman Walanda, aya anu ngalawan penjajah, teu kurang oge anu gawe bareng >> jeung nu ngajajah); >> >> 3) Kukituna, kasus "kang Oca jadi raja" keun wae heula teu kudu buru-buru >> geruh atawa ulah gagancangan ear, kusabab sababaraha hal. >> >> - Kahiji, urang tacan jelas pisan naha kang Oca teh satuju dipaparin gelar >> siga kitu atawa ukur lalandian ti pihak pakumpulan "raja2" sa Nusantara wae >> eta mah anu karumpul di hiji tempat laju maparin gelar ka sababaraha >> "tokoh". Babandinganana, lamun urang aya anu maparin katuangan atawa >> panganggo (baju atawa kaen), urang pan moal langsung nolak sapajodogan ku >> sabab ngaragangan tea ka anu maparin. Kajaba lamun anu dibikeun ka urang teh >> hiji hal anu pibahlaeun, jst. >> >> - Kaduana, urang apan tacan nampi ti kang Oca kumaha sikepna atawa >> kateranganana ngeunaan eta kajadian anjeunna "dilantik". Boa-boa nalika >> dilantik teh anjeunna mah satemenna teu hadir, jst. >> >> - Katiluna, na bet jadi pasoalan teuing. Salila teu ngalanggar hukum >> posotif di ieu NKRI mah eta "pelantikan" teh sah-sah wae. Malah, urang >> antosan pancen jeung pelaksanaan tina tugas kang Oca anu sakitu ageungna >> (hilap deui, "raja" urusan naon tah kang Oca teh, aya dina deklarasi anu >> dipostingkeun ka ieu milist). Sah-sah wae hiji warga Indonesia kenging gelar >> "raja" di jaman kiwari, komo bari mancen tugas anu mulia keur masyarakat >> mah. Yulia Perez atawa Sahrani wae nalika kenging gelar ti "karajaan" Solo >> urang teu aya nu ribut. >> >> 4) Usaha-usaha ti para katurunana mantan raja dina raraga ngabela >> ("mantan") rahayatna jeung lingkunganana tina kasangsaraan hirup oge >> karusakan lingkungan pantes dirojong ku urang sadaya. Dina lebah dieu, >> boa-boa kang Oca teh keur nyambungkeun hubungan jeung "para raja" anu cenah >> akhir-akhir ieu aranjeunna mindeng ka Bandung; >> >> 5) Aya hadena maluruh katerangan anu leuwih jelas heula samemeh urang >> leuwih jauh hog-hag atawa ngajadikeun hal ieu hiji pangecean (bahan >> olok-olok), salila, sakali deui, eta "susunan" para "raja" teu ngarempag >> aturan hirup (agama jeung nagara). >> >> manar >> >> >> >> >> >> >> >> Naon anu diobrolkeun ku aranjeunna? >> >> >> >> 2010/7/20 Ii Sumirat <sumi...@bdg. bumiputera. >> co.id<[email protected]> >> > >> >>> >>> >>> Hehehe aya aya wae kang dudi >>> >>> >>> >>> >>> >>> *From:* kisu...@yahoogroups .com <[email protected]> >>> [mailto:kisu...@yahoogroups >>> .com <[email protected]>] *On Behalf Of *Dudi Herlianto >>> *Sent:* Monday, July 19, 2010 10:37 PM >>> *To:* kisu...@yahoogroups .com <[email protected]> >>> *Subject:* Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR >>> >>> >>> >>> >>> >>> ih ulah ngaraledek siah. kade. bisi heueuh aya raja anyar. da nu ngaranna >>> raja mah di mana-mana ge ujug-ujug pucunghul. 'aing raja, deuk naon sia? >>> hayang dibekok?'. pokna. >>> >>> >>> >>> -- >>> d-: dudi herlianto :-q >>> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk >>> >>> >> >> > >
