Anu leuwih aneh, duit ayeuna aya dimana ? 
Proyek-2 rada seret.; Perputaran ekonomi asa seret.
Ceuk kuring, siganamah loba duit anu disimpenan dina deposito. 
Nu garableg duit tinggal nungguan unggal bulan duit tiis tina bunga bank, 
teu kudu usaha  oge sidik sabulan na  bakal pasti meunang saanu saehem.
Kabijakan redominasi, nimbulkeun efek anu garableg duit anu diteundeun
dina deposito, rada hareudang, jalan kaluarna :
1 mareulian taneuh
2 mareulian imah jeung taneuh na
3 meuli emas
4 meuli mobil jeung barang-2 lain anu garampang dijual deui.

Neu teu gableg duit nya wayahna tiarap atanapi depa.


________________________________
From: Dikdik <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wed, August 4, 2010 8:03:30 AM
Subject: [kisunda] Re: Duit - 100.000 bakal jadi 100?

  
ari ceuk pamendak kuring mah, asa na teh teu penting2 pisan ngalakukeun 
(redenominasi) ieu teh.
rada curiga na teh, isu ieu dijieun jang mengparkeun isu2 nu lainna nu leuwih 
penting.

nu penting mah, ceuk kuring weh ieu mah angger hehe..., kumaha rahayat lolobana 
-utamana nu leutik- bisa akses kana sagala fasilitas tur bisa kabedag barang 
beuli keur kebutuhan pokok-na, samisal sembako. saayeuna mah, leuwih loba 
rahayat leutik nu leuwih mentingkeun bako tinimbang sembako, cenah mah daripada 
sutris...

ceuk statistik mah, angka kemiskinan teh semakin menurun. 
ari ceuk kuring mah, puguh weh turun, da nu miskin teh lain naek 
kesejahteraanna 
(raharja kitu basa sunda na mah? cmiiw), tapi kalah ka loba nu maraot 
(meureun), 
nyaa otomatis weh angka kemiskinan teh turun
heuheuheu...

kateuing ah, isuk2 geus lieur :D

--- In [email protected], mh <khs...@...> wrote:
>
> Redenominasi Dimulai 2011
> Memudahkan Konversi ke Mata Uang Asing
> 
>


      

Kirim email ke