Masih tina acara seminar kamari, pa Rizki nyaritakeun yen baheula jaman VOC, kekayaan indonesia mangrupa emasi (27 ribu ton) dibawa ka Belanda. Jaman PD II, Belanda eleh ku Jerman, tah eta emas teh dipindahkeun ka Jerman. Jerman eleh ku Amerika. Eta Emas pindah tangan deui ka Amerika. Sukarno, anu nganyahokeun ayana eta emas, ngomong ka John F. Kennedy, menta emas Indonesia di Balikeun. Kennedy satuju, jeung nandatangan dokumen pikeun ngabalikkeun eta emas. Tapi loba anu teu satuju kana langkah Kennedy. Nya kusabab kitu, Kennedy di paehan.

Ceuk pa Rizki deui, Kamari, SBY ngahadiran KTT G20, salah sahiji anu ditandatangani ku SBY teh nyaeta pernyataan ngarelakeun emasi Indonesia anu sekian, teu kudu dibalikeun. Eta salah sahiji conto. Conto sejen, kamari basa keur kampanyeu. urang apal kan kana lambang leungeun partey SBY. Lamun disidik- sidik bet siga simbolna iluminati.

Tah, Organisasi-organisasi terselubung ieu ngabogaan juklak dina operasina. Tah ku sabab SBY aya hubunganna jeung Ieu Organisasi, tangtuna manehna ngajalankeun eta juklak (Skenario).

Kuring can maca novel "Jacatra Secretn"na pak Rizki, tapi panasaran hayang nyaho naon wae anu geus kapanggih ku pa Rizki teh? :)

--
R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupaling Ningrat, teureuh Planet Krypton



On 08/04/2010 12:26 PM, Waluya wrote:

> irpan rispandi <mr.rispa...@...> wrote:
> Kuring teu nyaho aya hubunganna atawa euweuh. tapi hubung-hubungkeun
> we nya. he..he..he..
> SBY teh ceuk Pak Rizki Ridyasmara mah, salah sahiji anggota
> iluminati (atawa meureun ngan ukur jongosna).
> tah kebijakan-kebijakan ekonomi na oge sigana geus diskenario keun.

Cik siga nu kumaha nu diskenariokeun teh?

WALUYA




Kirim email ke