[image: Blog Entry]UGA WANGSIT SILIWANGI - RAMALAN PRABU
SILIWANGI<http://cechgentong.multiply.com/journal/item/157/UGA_WANGSIT_SILIWANGI_-_RAMALAN_PRABU_SILIWANGI>Sep
21, '08 7:05 PM
for everyone Saur prabu siliwangi ka balad na anu milu mundur dina sateuacan
ngahiang : Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu pisan, najan dia kabehna ka
ngaing satia. Tapi ngaing heunteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup
jadi balangsak, ngilu rudin jadi lapar. Dia kudu marilih, pikeun hirup ka
hareupna, supaya engkena jagana jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun
deui padjadjaran. Lain pajajaran anu kiwari, tapi pajajaran anu anyar, anu
ngadeg na di geuingkeun ku obahna jaman. Pilih!!.. ngaing moal ngahalang,
sebab pikeun ngaing, heunteu pantes jadi raja, mun somah kabehna, lapar bae
jeung balangsak.

Artinya :kata prabu siliwangi kepada pengikut2 nya yang ikut mundur pada
saat sebelum moksa : perjalanan kita cuman sampe hari ini, walau pun kalian
smua setia kepadaku. Tapi aku tak bisa mengajak kalian untuk ikut-ikutan,
ikut hidup jadi susah, ikut (rudin) jadi lapar.kalian harus milih, untuk
hidup kedepanya, supaya nanti kedepanya mendapatkan kaluasan, kekayaan dan
mukti sehingga bisa mendirikan lagi pajajaran. Bukan pajajaran yang
sekarang, tapi pajajaran yang baru, yang beridirinya dikarenakan oleh
berubahnya jaman. Pilih. !! aku tidak akan menghalangi, sebab bagiku, tidak
pantas jadi raja kalau (somah) semua. Lapar terus dan menderita.

Darengekeun…! !Nu deuk tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul
.Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggal keun, geura misah ka Beulah
kaler.Anu deuk kumawula kanu keur jaya, geura misah ka beulah wetan. Anu
moal milu ka saha- saha, geura misah ka Beulah kulon.

Artinya : Dengarkan..! !Yang mau tetap ikut dengan ku, cepat memisahkan diri
ke daerah selatan. Yang pengen balik lagi ke kampung halaman yang di
tinggalkan, cepat memisahkan ke daerah utara.Yang mau menjadi pengikut pada
mereka yang lagi sedang berjaya, cepat memisahkan diri kedaerah timur.

Darengekeun…! !!Dia nu milih beulah wetan, ngaing nyaraho: Kajayaan milu
jeung dia. Nya turunan dia anu bakalna marentah kadulur jeung ka batur. Tapi
masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkena bakal aya babalesna. Jig
geura narindak.Dia Nu beulah kulon, papay ku dia lacak KI SANTANG. Sebab
engkena, turunan dia jadi ngageuingkeun ka dulur jeung ka batur, ka batur
urut salembur, kadulur anu nyorang sauuyunan, ka sakabeh anu rancage di
hatena.Engkena jaga mun teungah peuting digunung halimun kadenge sora
tutunggulan, tah eta tandana saturunan dia di sambat kunu deuk kimpoi di
lebak cawene. Ulah sina talangke. Sebab talaga bakal Beulah. Jig geura
narindak. Tapi ulah ngalieuk katukang.

Artinya : Dengarkan.. !!kalian yang memilih kearah timur, aku mengetahui..
Kejayaan ikut dengan kalian, ya keturunan kalian yang akan memerintah pada
saudara dan pad a orang lain, tapi harus kalian ketahui, bahwa kalian akan
lupa diri. Dan nanti pasti ada balasanya. Cepatlah bertindak. Kalian yang di
barat, ikuti oleh kalian jejak KI SANTANG. Sebab nantinya keturunan kalian
yang akan mengingatkan kebaikan pada saudara dan orang lain. Pada orang yang
satu kampung. Pada orang yang berusaha bersama-sama. Pada semua yang
(rancage) hatinya nanti suatu saat bila di gunung halimun terdengar suara
(tutunggulan) , itu tandanya satu keturunan kalian di panggil oleh yang
menikah di "lebak cawene". jangan sampai terbengkalai, sebab telaga akan
belah. cepatlah bertindak tapi jangan liat kebelakang.

Dia nu misahkeun beula kaler, darengekeun : dayeuh ku dia moal ka sampak.
Nukasampak ngan ukur tegal baladeuhan. Turunan dia lolobana bakal jadi
somah. Mun aya jadi pangkat, bakal luhur pangkat na, tapi moal boga
kakawasaan. Arinyana engke jaga, bakal kaseundeuhan batur. Loba batur tinu
anggang, tapi batur nu sarusah jeung batur anu nyusahkeun. Sing
waspada.Sakabeh turunan dia ku ngaing bakal di langlang. Tapi ngan di waktu
anu parelu. Ngaing bakal datang deui, nullungan anu barutuh, mantuan anu
sarusah, tapi ngan nu hade lakulampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu.
Mun ngaing nyarita moal kadenge.Memang ngaing bakal datang. Tapi kanu geus
rancage hatena, kanu weruh di semu saestu. Mun ngaing datang, teu ngarupa
teu nyawara, tapi mere ciri ku wawangi.

Artinya : Kalian yang memisahkan diri kedaerah utara, Dengarkan : kalian
tidak akan menemukan kampung halaman, yang kalian temukan cuman tegal
(baladeuhan) . Keturunan kalian kebanyakan akan jadi (somah). Ketika punya
pangkat, akan tinggi pangkatnya tetapi tidak akan punya kekuasaan. Dan
kalian nanti akan kerepotan sama orang lain. Banyak teman dari jauh. Tapi
teman yang susah dan menyusahkan. Maka waspadalah. Semua keturunan kalian
semua akan aku (langlang). Tetapi ketika waktu waktu yang perlu saja.aku
bakal datang lagi. Menolong pada yang butuh. Membantu pada yang susah. Tapi
cuman yang berkelakuan baik.kalo aku datang tidak akan terlihat. Kalau aku
bercerita tidak akan terdengar. Memang aku akan datang. Tapi bagi yang sudah
(rancage) hatinya. Yang mengetahui Di (semu saestu). Kalo aku datang tidak
berwujud tidak bersuara. Tapi memberikan ciri dengan wewangian.

Timimiti poe ieu, pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit
ngarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jiba tingaran pikeun nu mapay.
Sabab bukti nu kari bakal rea nu mungkir.Tapi engke jaga bakal aya nunyoba2,
supaya anu leungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapay kudu make amparan,
tapi anu mapay na loba arieu aing pangpinterna. mudu aredan heula.Engke
bakal rea nu panggih, sabagian sabagian. Sabab kaburu di larang kunu di
sebut RAJA PANYELANG. Aya nu wani ngorehan terus, teu ngahiding ka
panglarang ngorehan bari ngalwan bari seuri. Nya budak angon, imah na di
birit leuwi pantone batu satangtung, kahieuman ku handeuleum karimbunan ku
hanjuang.Ari ngangona? Lain kebo lain embe, lain meong lain banteng, tapi
kalakay jeung tutunggul.Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih.
Sabagian di sumputkeun, sebab encan wayah ngalakonkeun. Mangke mun geus
wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung rarea menta di lalakonkeun.
tapi mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang undur jaman datang jaman
saban jaman mawa lalakon.Liliana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma,
ngusumah eujeung nitis, laju nitis di pinda sukma.

Artinya : Dimulai dari hari ini, Pajajaran hilang dari alam hidup. hilang
kampungnya, hilang namanya. Pajajaran tidak akan meninggalkan jejak, hanya
nama bagi yang melacak. Sebab bukti yang ada banyak yang akan mungkir. Tapi
nanti suatu saat bakal ada yang nyoba-nyoba, supaya yang hilang ketemu
lagi.memang bisa, tapi melacak harus pakai (amparan). Tapi yang melacak
kebanyakan ngerasa paling pintar. Keburu gila duluan. Nanti bakal banyak
yang ketemu, sebagian-sebagian. Sebab kaburu dilarang oleh yang di sebut
RAJA PANYELANG. Ada yang berani mencari terus, tidak memperdulikan larangan.
Mencari sambil melawan dan tertawa. Ya dialah sang pengembala. rumahnya di
belakang sungai, pintunya setinggi badan. Ternaungi olah (handeuleum) , di
rimbun oleh (hanjuang). Apa yang di gembala? bukan kerbau bukan kambing,
bukan kucing bukan banteng. Tapi (kalakay) dan (tutunggul). Dia terus asik
mencari. Mencari yang ketemu. Sebagian di sembunyikan. Sebab belum waktunya
berperan. Pada suatu saat nanti masanya datang, bakal banyak yang terbuka
dan banyak yang minta peran. Tapi harus mengalami banyak cerita, setelah
mengalami banyak jaman datang jaman, tiap jaman membawa cerita. Lamanya
jaman, sama dengan waktunya nyukma, (Ngusumah) dan nitis. kemudian nitis di
(pinda ) sukma.

Darengekeun !Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi ka
mangsa : "tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol." Tah
didinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barule, nu diangon ku
jalma jangkung nu tutunjuk d alun-alun.Ti harita, raja-raja dibelenggu.Kebo
bule nyekel bubuntut, turunan urang narik wuluku, ngan narikna heunteu
karasa sabab murah jaman jeung seubeuh hakan.Ti dinya, wuluku ditumpakan
kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir. Tapi lilirna cara nu kara hudang
tina ngimpi.Ti nu laleungit, tambah loba nu kapanggih, tambah loba nu
manggihna. Tapi loba nu pahili. Nya kabawa nu lain mudu diala. !Turunan
urang loba anu heunteu engeuh, yen jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger
sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngalanteur pamuka jalan ; tapi jalan
nu kasingsal. Nu tutunjuk nyumput jauh ; alun - alun jadi suwung, kebo bule
kalalabur : laju sampalan nu diranjah monyet !Turunan urang ngareunah seuri,
tapi seuri heunteu anggeus, sabab kaburu : warung beak ku monyet, leuit beak
ku monyet, kebon beak ku monyet, sawah beak ku monyet, huma di acak-acak ku
monyet, cawene rareuneuh ku monyet. Sagala-gala diranjah ku monyet.Turunan
urang sieun ku nu niru - niru monyet."Panarat" dicekel ku monyet bari diuk
dina bubuntut. Wulukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh
kalaparan.

Artinya : Dengarkan !! yang sekarang memusuhi kita, jadi rajanya hanya
sampai masa : " (tanah bugel sisi cibantaeun) dijadikan kandang kerbau
(dungkul)"nah dari situ senegara akan jadi (sampalan). (sampalan) kerbau
bule. yang di gembalai oleh orang tinggi yang nunjuk2 di tengah alun
alun.dari situ raja-raja di belenggu. kerbau bule megang (bubuntut).
keturunan kita yang narik bajak.tapi nariknya tidak terasa sebab murahnya
jaman dan kenyangnya makanan.dari saat itu bajak di naikin monyet. Kemudian
keturunan kita ada yang sadar, cuman sadarnya seperti orang baru bangun dari
mimpi. Yang hilang, tambah banyak yang ketemu, tambah banyak yang menemukan.
tapi banyak yang tertukar, ya terbawa yang lain harus di ambil. Keturunan
kita banyak yang tidak sadar bahwa jaman sudah berganti cerita.! pintu yang
tertutup di obrak abrik oleh yang mengantar pembuka jalan; tapi jalan yang
(kasingsal). Yang nunjuk2 bersembunyi jauh; alun-alun jadi (suwung), kerbau
bule pada kabur; kemudian (sampalan) yang dirajah monyet!kebun habis sama
monyet, sawah habis sama monyet, ladang di acak-acak monyet, wanita pada
hamil sama monyet. Segala rupa di rajah sama monyet.keturunan kita takut
oleh yang niru-niru monyet. ("panarat") di pegang oleh monyet sambil duduk
di (bubuntut). Bajaknya di tarik oleh keturunan kita sendiri. banyak yang
mati kelaparan.

Ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan
maresek caturangga.Heunteu arengeuh, yen jaman geus ganti deui lalakon.Laju
hawar-hawar, ti tungtung sagara kaler ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun
endog. Genjlong saamparan jagat !Ari di urang ?Rame ku nu mangpring. Prang -
pring sabulu – bulu gading. Monyet ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk
turunan urang ; ngamukna teu jeung aturan.Loba nu paraeh teu boga dosa.
Puguh musuh, dijieun batur ; puguh batur, disebut musuh.Ngadak- ngadak loba
nu pangkat nu marentah cara nu edan. Nu bingung tambah baringung ; barudak
satepak jaradi Bapa. Nu ngaramuk tambah rosa ; ngamukna teu ngilik bulu. Nu
barodas di buburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani saheng buana urang,
sabab nu ngaramuk, heunteu beda tina tawon, dipalengpeng keuna
sayangna.Sanusa dijieun jagal.Tapi, kaburu aya nu nyapih ; nu nyapihna urang
sabrang.

Artinya : Dari situ, keturunan kita berharap dari bertanam jagung, sambil
sok tau mengupas (caturrangga ), pada tidak sadar, kalau jaman sudah
berganti cerita. Kemudaian sayup- sayup, ti ujung samudra utara bergemuruh
menggelegar, galudra memecahkan telur, genjlong satu amparan jagat!kalau di
kita? rame oleh yang (mampring). prang - pring sabulu-bulu gading. (istilah
kebersamaan dalam sunda). monyet berkumpul pada menyerah. kemudian keturunan
kita ngamuk. ngamuknya gak pake aturan. Banyak yang mati tanpa dosa. Sudah
jelas musuh, di jadikan teman; sudah jelas teman, di sebut musuh. tiba-tiba
banyak yang punya pangkat memerintah seperti orang gila.yang bingung tambah
bingung; anak baru gede pada jadi bapak.yang mengamuk tambah parah;
ngamuknya tanpa pandang bulu. Yang berkulit putih di obrak abrik, yang
berkulit hitam di usir- usir.sangat ramai alam kita, sebab yang ngamuk,
tidak beda dengan lebah, di lempar sangkarnya.. ..Satu nusa di jadikan
jagal. Tapi terlanjur ada yang merelai; yang merelai orang sebrang.

Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan
raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja;
raja anyar hese apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman
ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul
kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui
karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh
Pajajaran.Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu
beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di
tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta
duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung
monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog
mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup,
loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala.
Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu
ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh,
kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan. Da
bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu
palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.Ti dinya datang budak
janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut,
ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo!
Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh,
langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék
ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka
pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan
musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.Sing waspada! Sabab engké
arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan,
saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu
baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu
nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!

Artinya : Kemudian berdiri lagi raja, asalnya orang biasa. Tetapi memang
titisan raja. Titisan raja dahulu dan biangnya satu putri pulau dewata.
Memang titisan raja. Raja baru sulit sial oleh bencana! dari saat itu, ganti
lagi jaman. Ganti jaman ganti cerita! kapan? tidak lama, setelah terlihat
bulan pada siang hari, di susul terlewati oleh bintang yang bersinar terang.
Di bekas negara kita, berdiri lagi kerajaan. Kerajaan di dalam kerajaan dan
rajanya bukan dari keturunan pajajaran. Kemudian ada lagi raja, tapi raja
buta/buto (raksasa pada pewayangan) yang mendirikan pintu yang tidak boleh
di buka, mendirikan pintu tidak boleh di tutup; membuat "air mancur" di
tengah jalan. Melihara burung elang di pohon beringin, memang raja buta!
bukan buta duruwiksa, tetapi buta dalam artian "tidak melihat". Buaya dan
anjing hutan, kucing garong dan monyet mencakari rakyat yang susah. Ketika
ada yang berani mengingatkan; yang di sergap bukan hewan nya, tapi malah
orang yang mengingatkan. Makin kedepan makin kedepan, banyak buto yang pada
buta, memerintah lagi menyembah berhala. Kemudian berbuntut salah yang
ngatur. (panarad pabeulit tinda cacadan); karena yang menggarapnya bukan
ahli tani. Ya pasti : ( tarete hepe sawareh) (kembang kapas hapa buahna
(buah pare loba nu teu asup kana aseupan) <<< peribahasa sunda yang
mengandung arti bahwa segala usaha daya dan upaya tidak membuahkan hasil. Ya
karena memang yang berkebun tukang berbohong; yang bertani cuman mengumbar
janji; yang pintar terlalu banyak. Cuma pintar nya keblinger. Dari situ
datang orang berjenggot. Datangnya (sajamang) hitam sambil (nyoren kaneron
butut). Mengingat kan pada mereka yang lagi tersesat, mengingatkan mereka
yang lupa. tapi tidak di perhatikan! sebab pinter keblinger, pengen menang
sendiri. mereka tidak sadar, langit sudah merona merah, asap mengepul dari
pembakaran. jagankan mau memperhatikan, malah orang yang berjenggot, oleh
meraka di masukan ke penjara. Kemudian mereka mengacak acak dapur orang
lain. seperti mancari musuh; padahal mereka mencari-cari permusuhan.
Waspadal ah!! sebab mereka nanti, akan melarang pajajaran di ceritakan.
Sebab takut ketauan, karena sebenarnya meraka yang jadi gara-gara semua
malapetaka. Buto yang pada buta. semakin kedepan semakin nakal, melebihi
kerbau bule. mereka tidak tau, jaman manusia di kuasai oleh hewan.!

Jayana buta - buta heunteu pati lila; tapi, bongan kacida teuing nyangsara
ka somah, loba somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun.
Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana ? Engke
mun geus tembong budak angon ! Ti dinya loba nu ribut; mimiti ti jero dapur,
ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara !Nu barodo jaradi gelo
marantuan nu garelut, di kokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut ?
Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang panglobana; nu teu hawek hayang loba;
nu boga hak marenta bagianana.Ngan anu areling caricing. Ariyana mah
ngalalajoan. Tapi kaborerang. Nu garelut laju rareureuh. Laju kakara
arengeuh kabeh ge taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabeh beak, beakna
ku nu nyarekel gadean. Buta - buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung,
sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju nareangan budak angon, nu
saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateupan ku
handeuleum ditihangan ku hanjuang. Nareangan budak tumbal, tapi sejana dek
marenta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, enggeus narindak
babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan,
parindah ka Lebak Cawene. Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina
tutunggul.

Artinya: Berjayannya pada buta tidak terlalu lama, tapi memang mereka
keterlaluan menyengsarakan rakyat, banyak rakyat yang mengharapkan pohon
beringin tumbang di alun alun. Buta akan jadi tumbal, tumbal kelakuan
sendiri. kapan waktunya? nanti ketika terlihat/ muncul pengembala. Dari situ
banyak yang ribut, di mulai dari dalam dapur, dari dapur menjadi satu
kampung, dari satu kempung menjadi satu negara. Yang bodoh menjadi gila
membantu yang berkelahi, di ketuai oleh budak buncireng (budak buncireng =
orang berperut besar )! sebabnya berkelahi? memperebutkan warisan. Yang
rakus ingin paling banyak, yang tidak rakus ingin banyak, yang mempunyai hak
minta bagian haknya. cuman mereka yang sadar hanya diam, mereka hanya
menjadi penonton. Tapi kena getahnya. Yang berkelahi kemudian berhenti,
kemudian baru sadar bahwa tidak ada satupun yang mendapatkan bagian, sebab
semua warisan habis, habis oleh mereka yang memegang hak gadai. Buta buta
kemudian menyusup. Yang berkelahi menjadi takut. takut di jadikan sebab
hilangnya negara. kemudian mereka mencari pengembala, yang rumahnya di
belakang sungai dan pintu nya batu setinggi badan. Yang gentingnya terbuat
dari (handeuleum) , dan bertiang (hanjuang). Mencari seorang tumbal, tapi
sebenarnya hendak minta tumbal. tetapi pengembala sudah tidak ada, sudah
bertindak. Bersama-sama dengan orang berjenggot. Sudah berpindah kedaerah
yang lebih bawah/rendah. pindahnya ke lebak cawene. Yang tersisa hanya
tinggal burung gagak sedang bertengger di atas tunggul.

Darengekeun !!Jaman bakal ganti deui. Tapi engke, amun gunung Gede anggeus
bitu di susul ku tujuh gunung. Genjlong deui sajajagat.Urang Sunda
disasambat, urang Sunda ngahampura. Hade deui sakabehanana. Banguna ngahiji
deui.Mangsa jaya, jaya deui; sabab Ratu anu anyar, Ratu Adil sajati.Tapi
Ratu saha ? Ti mana asalna eta Ratu ?Engke oge dia nyaraho. Ayeuna mah, siar
ku dia eta budak angon !Jig, geura narindak ! Tapi, ulah ngalieuk katukang !

Artinya : Dengarkan!! Jaman akan berganti lagi. Tapi nanti kalau gunung gede
(dalam artian sebenarnya atau menunjukan gunung yang besar bingung) sudah
meletus yang di susul oleh tujuh gunung. Genjlong lagi satu jagat. Orang
sunda di panggil panggil, orang sunda memaafkan. Bagus lagi semuanya.
Semuanya bersatu lagi. Masa jaya, jaya kembali; sebab ratu yang baru, ratu
yang sejati..tetapi ratu siapa, dari mana asalnya ratu tersebut? Nanti juga
dia ngerti. Sekarang, kasih tau kepada pengembala itu. Segeralah bertindak.
Tapi, jangan melihat kebelakang.


Diterjemahkan oleh :
Perdana Wahyu Santosa (Sundapura)
http://cechgentong.multiply.com/journal/item/157/UGA_WANGSIT_SILIWANGI_-_RAMALAN_PRABU_SILIWANGI

Kirim email ke