UCAPAN PRABU SILIWANGI WAKTU REK NGALEUNGITKEUN KARAJAAN PAJAJARAN 

“Rahayat sadayana, sateuacana kaula menta hampura kasadayana, pileuleuyan 
sadayana, salaku raja kaula teu tiasa nyugemakeun ka sadayana, meureun ieu 
mangsana, takdir ieu nagara mereun kudu leungit, buka hate jeung pikir 
kusadayana pikeun ihlas kana narima kanyataan, sabab, nu saenyana kahirupan 
urang teh geus aya nu ngaturna, mugi sadaya tiasa rido jeung ihlas ku teu ayana 
Pajajaran, ku leungitna Pajajaran sabab saenyana daripada diparebutkeun, 
diparebutkeun tahtana, diparebutkeun karajaanana mendingan di leungitkeun bae 
daripada perang antawis dulur jeung baraya sanagara, mugi sadayana sing tiasa 
rido jeung ihlas narimakeunana, ihlas ku leungitna nagara, ihlas ku leungit 
tialam hirupna, nanging, lain leungit ku dirampas, lain leungit ku dijajah, 
tapi 
leungit ku disumputkeun pikeun ngajaga perang antara dulur sanagara, 
pileuleuyan 
kasadayana, kanagara jeung rahayatna Pajajaran, sanajan aranjeun pada satia ka 
kaula tapi geningan kieu kanyataanana, dina bagja jeung sugema aranjeun oge 
kudu 
ngalaman sangsara, ngalaman lara jeung tunggara, meureun ieu teh cocoba pikeun 
urang sadayana, dina lalampahan urang didunya sabab nu saenyana dina kabagjaan 
teh pasti aya kasusah, kitu oge sabalikna dina kasusah teh pasti aya kabagjaan, 
mugi-mugi sadayana ihlas narimakeunana, narimakeun kanyataan anu datang 
kanagara 
dina bagja jeung sugema, kitu oge dina lara jeung tunggara. Timimiti poe ieu 
Pajajaran leungit, leungit ti alam hirupna, Pajajaran moal ninggalkeun tapak, 
engke jagana ngan saukur ngaran pikeun nu neang Pajajaran, saacan Pajajaran 
leungit anjeun sadayana kudu marilih pikeun ngalalampah ngajalankeun kahirupan 
aranjeun, sabab sanajan Pajajaran leungit urang sadayanamah tetep teras 
ngajalankeun kahirupan urang, rek kamana bae, rek kumaha bae, kaula moal 
ngahalang-halang, rek kakidul los. Rek kabelah kaler jig, rek kabelah kulon 
mangga, rek kabelah wetan heg, sabab kaula yakin aranjeun sadayana dina 
ngajalankeun kahirupanana pasti boga maksud jeung tujuan, boh tujuan dunya oge 
tujuan aheratna, mugi kabagjaan nyarengan urang sadayana, mugi-mugi kurido 
jeung 
ihlasna aranjeun dina narimakeun kanyataanana, narimakeun kanyataan kahirupan, 
mudah mudahan jadi ciri rahayat Pajajaran anu ngondang jalma-jalma engkena 
pikeun jadi eunteung engke kumaranehanana dina ngajalankeun kahirupanana, anu 
ngarti kanu wangi, nyaeta silih seungitan ka sasama manusa, kajelema sanagara 
oge ka batur, mudah-mudahan engke jaga bakal aya jalma anu bisa mukakeun, anu 
bisa ngartikeun, anu bisa nerangkeun kanu arti saenyana kahirupan kasasama, ka 
bangsa jeung ka nagara, nyaeta nu ngarana budak angon, tapi lain ngarana budak 
angon, tapi manehna ngarti kanu arti ingon ingon, nyaeta ngajaga, ngabuka 
rahasia Pajajaran dina ngurus nagarana, kumanehna dikumpulkeun tutunggul jeung 
kalakay saeutik-saeutik, diajar ngalalakonkeun kalakay Pajajaran anu hiji-hiji 
kapanggih ku dirina, bakal loba lalakon, bakal loba carita kanagara, dina ayana 
dialam dunya, yen saenyana bagja jeung sugemana Pajajaran lain ku kaula 
sorangan, lain ku rahayat sorangan tapi gawe nu rancage pamingpin jeung 
rahayatna, dibarengan ku karidoan hyang widi, sabab hyang widi anu nangtukeun 
sagalana, nu masihan karidoan ka hiji nagara pikeun jaya, kumaha carana pikeun 
neangan ridona hyang widi, nya ku kaihlasan urang dina ngajalankeun lalampahan 
ku bersih hate, jeung pikiran jalma anu nyicingan eta nagara, oge bener ucap 
jeung lampahna anu didasaran ku pamadeganana, mudah-mudahan leungitna Pajajaran 
di jieun conto engkena ku jalma-jalma anu ngurus bangsa jeung nagarana, ku 
kabeneran pamingpin jeung rahayatna, jeung runtuhna oge diwangun ku kasarakahan 
pamingpin jeung rahayatna, mugi-mugi engke jaga sanajan jaman jeung mangsana 
beda, Pajajaran bakal ka panggih deui, bakal ngadeg deui, dibarengan ku obahna 
jaman, dicicingan ku jalma-jalma anu ngarti, bersih hate jeung pikirna, hade 
ucap jeung lampahna, dina ngajalankeun kahirupanana, iraha mangsana, mun gunung 
gede enggeus bitu, disusul ku tujuh gunung, urang sadayana disasambat, lain 
disasambat jin jeung jurigna tapi disasambat kabeneran lalampahan urang 
sadayana 
dina meunangkeun kabagjaan, dina meunangkeun kasugemaan, dina ngeusian bangsa 
jeung nagarana, jig ayeunamah geura narindak, pikeun ngajalankeun kahirupan 
aranjeun kabeh, jig mariang bral lumampah, mudah-mudahan sadayana manggih 
kabagjaan jeung kasugemaan, nu rek milu jeung kaula tiayeunamah geura marisah 
ka 
belah kidul, nu rek milu jeung nu jaya tiayeuna geura marisah kabelah wetan, nu 
rek tetep cicing di ieu karajaan tiayeuna geura marisah kabelah kaler, nagging 
hampura karaton karajaan moal aya, jig weh ayeunamah miang heula kabelah kaler, 
sabab kaula teu tega pikeun aranjeun nu rek cicing di ieu karaton ningal 
ngerelepna karaton Pajajaran, jeung nu moal milu kasasaha tiayeuna geura 
marisah 
kabelah kulon, papay tapak lacak putra kaula Raden Kiansantang nu ayeuna miang 
katanah Arab, anu saterasna gaduh tujuan pikeun ngadegkeun padepokan jati 
sampurna, bejakeun ku aranjeun lamun panggih jeung dirina Pajajaran tos leungit 
kahirupanana, leungit karaton jeung nagarana tialam kahirupan anu nyata, jig 
geura narindak, bral geura lumampah tapi ulah ngalieuk ka tukang.”



________________________________


      

Kirim email ke