Uga Wangsit Siliwangi

<http://kalisengara.wordpress.com/2009/10/27/uga-wangsit-siliwangi/#comments>

Uga Siliwangi adalah wangsit yang diucapkan oleh Prabu Siliwangi yang sangat
sayang kepada penduduk Bandung (Sunda) dari dulu sampai sekarang. Ucapannya
mengena ke seluruh sendi-sendi kehidupan kota Bandung. Perjalanan Prabu
Siliwangi direkam dalam uga siliwangi ini dan berlaku hingga sekarang.

Uga ini berbentuk prosa dalam Bahasa Sunda. Terjemahan bebasnya dalam Bahasa
Indonesia dapat dilihat di bagian bawah halaman.

Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran

Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!

Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana
ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing
pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi
balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka
hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun
deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu
ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang.
Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé
jeung balangsak.”

Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul!
Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah
kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu
moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!

Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung
dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi
masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig
geura narindak!

Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna,
turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur,
ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga,
mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta
tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina
talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk
ka tukang!

Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu
ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi
somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké
jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu
nyusahkeun. Sing waspada!

Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu
perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah,
tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing
nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé
haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati
jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu
ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran
leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal
ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari,
bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu
laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu
marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.

Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu
disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka
panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak
angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku
handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain
méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan,
ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah
ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka
jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus
nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban
jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda
sukma.

Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi
mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di
dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku
jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu.
Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu
karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.

Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi
lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu
manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang
loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara.
Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu
pasingsal!

Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju
sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu
anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit
béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh
ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu
niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut.
Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya,
turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék
caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.

Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra
megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu
mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk.
Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu
boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh.
Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah
baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna
teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani
sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng
keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu
nyapihna urang sabrang.

Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan
raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja;
raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman
ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul
kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui
karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.

Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang
dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah
jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi
buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét
ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah
lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba
buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur,
panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya
karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu
teu asup kana aseupan……………………….. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong;
nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna
kabalinger.

Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén
kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi
henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana
teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan.
Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak
diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur,
majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.

Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun.
Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi
dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan
kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!

Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara
ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal
jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus
témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti
lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut,
dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu
hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling caricing.
Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.

Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang
bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta
laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna
nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona
batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang.
Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon
enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus
mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!

Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman
bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku
tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda
ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya
deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.

Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah,
siar ku dia éta budak angon!

Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!

http://kalisengara.wordpress.com/2009/10/27/uga-wangsit-siliwangi/

Kirim email ke