ambu oge baraya sanesna. sainget uing ieu naskah geus sumebar di internet, sababaraha taun kaliwat.
cing sugan aya nu apal, timana ieu naskah asalna, atawa rujukanana? mun nilik bahasa nu digunakeunana, asana basa sunda beh dieu. jigana umurna leuwih ngora ti bahasa nu digunakeun dina naskah sanghiyang siksa. nuhun -mh- 2010/8/23 mh <[email protected]> > meunang nyalin tina fb si ambu. nyanggakeun: > =============== > UGA WANGSIT SILIWANGI SALENGKEPNA > by Richadiana > Kartakusuma<http://www.facebook.com/profile.php?id=1537983874>on Monday, > August 23, 2010 at 6:58pm > > *SILIWANGI* > > *Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu. Najan dia kabehan ka ngaing pada > satia, tapi ngaing heunteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu jadi balangsak, > ngilu rudin bari lapar.Dia mudu marilih, pikeun hirup kahareupna, supaya > engke jagana jembar senang mugih mukti,bisa ngadegkeun deui Padjadjaran. > Lain Padjadjaran nu kiwari, tapi Padjadjaran anu anyar, nu ngadegna > digeuingkeun ku obah jaman; Pilih: ngaing moal ngahalang-halang. Sabab > pikeun ngaing, heunteu pantes jadi rajaamun somah sakabehna lapar bae jeung > balangsak.* > > > > *DARENGEKEUN!* > > *Nu dek tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul;* > > *Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah > kaler;* > > *Anu dek kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wetan;* > > *Anu moal milih ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon;* > > > > *DARENGEKEUN!* > > *Dia nu di beulah wetan, masing nyararaho : Kajayaan milu jeung dia; nya > turunan dia anu engke bakal marentah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing > nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engke bakal aya balesna. Jig geura > narindak !* > > > > *Dia nu di beulah kulon; papay ku dia lacak Ki Santang ! Sabab engkena > turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, > ka dulur anu nyorang saayunan, ka sakabeh nu rancage di hatena. Engke jaga > mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadenge sora tutunggulan, tah eta > tandana : saturunan dia disambat ku nu dek kawin di Lebak Cawene. Ulah sina > talangke. Sabab talaga bakal bedah; Jig,geura narindak ! Tapi ulah ngalieuk > ka tukang !* > > > > *Dia nu marisah ka beulah kaler; darengekeun: ! Dayeuh ku dia moal > kasampak, ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi > somah. Mun aya nu jadi pangkat, bakal luhur di pangkatna, tapi moal boga > kakawasaan. Ariyana engke jaga, bakal kaseundeuhan batur. Loba batur tinu > anggang, tapi batur nu sarusah jeung batur nu nyusahkeun. Sing waspada !* > > > > *Sakabeh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu nu > perlu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, > tapi ngan anu hade laku lampahna. * > > > > *Mun ngaing datang moal kadeuleu, mun ngaing nyarita moal kadenge.Memang > ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu geus rancage hatena, kanu weruh disemu > anu saestu, anu ngarti kana wangi nu sajati jeung nu surti lanti pikirna, nu > had elaku lampahna.Mun ngaing datang : teu ngarupa teu nyawara, tapi mere > ciri ku wawangi. Ti mimitipoe ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit > dayeuhna, leungit ngarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti > ngaranpikeun nu mapay. Sabab bukti nu kari, bakal rea nu marungkir !* > > > > *Tapi,engke jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya nu laleungit kapanggih > deui, nyabisa, ngan mapayna kudu make amparan. Tapi anu marapayna loba nu > arieu aingpangpinterna. Mudu aredan heula.Engke bakal rea nu kapanggih, > sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang. Aya > nu wani ngorehan terus, teu ngahiding ka panglarang ;ngorehan bari ngalawan, > ngalawan bari seuri, Nya eta budak angon : imahna dibirit leuwi, pantona > batu satangtung, kahieuman ku handeuleum, karimbunan kuhanjuang.* > > > > *Arin gangonna ? Lain kebo lain embe, lain meong lain banteng, tapi > kalakay jeung tutunggul. Iyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. > Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalakonkeun. Engke mun wayah jeung > mangsana, baris loba anu kabuka jeung rareang marenta dilalakonkeun. Tapi > mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban > jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, saruajeung waktu nu nyukma, ngusumah > eujeung nitis, laju nitis dipinda sukma.* > > > > *DARENGEKEUN!* > > *Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi ka mangsa : " > tanah bugel sis iCibantaeun dijieun kandang kebo dongkol." Tah didinya, > sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barule, nu diangon kujalma > jangkung nu tutunjuk d alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo > bulen yekel bubuntut, turunan urang narik wuluku, ngan narikna heunteu > karasa sabab murah jaman jeung seubeuh hakan. Ti dinya, wuluku ditumpakan > kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir. Tapi lilirna cara nu kara hudang > tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu kapanggih, tambah loba nu > manggihna. Tapi loba nu pahili. Nya kabawa nu lain mudu diala. !* > > > > *Turunan urang loba anu heunteu engeuh, yen jaman ganti lalakon !Ti dinya > gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngalanteur pamuka jalan ; tapi > jalan nu kasingsal. Nu tutunjuk nyumput jauh ; alun - alu jadi suwung, kebo > bule kalalabur : laju sampalan nu diranjah monyet !* > > > > *Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri heunteu anggeus, sabab kaburu : > warung beak ku monyet, leuit beak ku monyet, kebon beak ku monyet, sawah > beak ku monyet ,huma di acak-acak ku monyet, cawene rareuneuh ku monyet. > Sagala-gala diranjah ku monyet. Turunan urang sieun ku nu niru - niru > monyet."Panarat"dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Wulukuna ditarik > ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan.Ti dinya,turunan urang > ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresek caturangga. Heunteu > arengeuh, yen jaman geus ganti deui lalakon.Laju hawar-hawar, ti tungtung > sagara kaler ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Genjlong > saamparan jagat !* > > > > *Ari diurang ? Rame kunu mangpring. Prang - pring sabulu - bulu gading. > Monyet ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang ; ngamukna teu jeung > aturan.Loba nu paraeh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur ; puguh > batur, disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu marentah cara nu > edan. Nu bingung tambah baringung ; barudak satepak jaradi Bapa. Nu ngaramuk > tambah rosa ; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas di buburak, nu harideung > disieuh-sieuh. Mani saheng buana urang, sabab nu ngaramuk, heunteu beda tina > tawon, dipalengpeng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya > nu nyapih ; nu nyapihna urang sabrang.* > > ** > > *Laju ngajeug deui raja, asalna jalma biasa. Tapi memang titisan raja. > Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulau dewata. Da puguh titisan > raja ; rajaanyar hese apes ku rogahala !Ti harita, ganti deui jaman. Ganti > jaman ganti lalakon ;* > > > > *IRAHA ?* > > *Heunteu lila, anggeus tembong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku > bentang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. > Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajanalain teureuh Pajajaran. Laju > ayadeui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu meunang > dibuka,nangtungkeun panto teu beunang ditutup, nyieun paneuran di tengah > jalan. Miara heulang dina caringin. * > > ** > > * * > > *Da raja buta ! Lain buta duruwiksa, tapi buta heunteu neuleu, buaya > eujeung ajag, ucing garong eujeung monyet ngorowotan somah nu susah. > Sakalina aya nu wani ngageuing: nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu > ngelingan.Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui > nyembah berhala.* > > > > *Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan ; da nu > ngawulukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan tarate hepe sawareh, kembang > kapas hapa buahna ; buah pare loba nu asup kana aseupan .....Da bonganna, nu > ngebonna tukang barohong ; nu tanina ngan wungkul jangji ; nupalinteur loba > teuing, ngan pinterna kabalinger. Ti dinya datang budak janggotan. Datangna > sajamang hideung, bari nyoren kaneron butut,ngageuingkeun nu keur sasar, > ngelingan ka nu paroho. Tapi heunteu diwararo !Da pinterna kabalinger, > harayang meunang sorangan. Arinyana teu arengeuh, lagi tanggeus semu > beureum, hasep ngebul tina pirunan. Boro-boro dek ngawaro, malah budak nu > janggotan, ku ariyana di tewak diasupkeun kapengberokan. Laju ariyana > ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun neangan musuh; padahal ariyana > nyiar-nyiar pimusuheun. * > > > > *Sing waspada ! Sabab engke ariyana,bakal nyaram Pajajaran di dongengkeun. > Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana ariyana anu jadi gara-gara sagala jadi > dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan > kebo bule. Ariyana teu nyaraho, yen harita teh jaman geus asup kana jaman : > Jaman sato. Jaman manusa dikawasaan ku sato!Jayana buta - buta heunteu pati > lila; tapi, bongan kacida teuing nyangsara ka somah,loba somah anu pada > ngarep - ngarep caringin reuntas di alun-alu. Buta bakaljaradi wadal, wadal > pamolahna sorangan.* > > > > *IRAHA MANGSANA ?* > > * Engke mungeus tembong budak angon !Ti dinya loba nu ribut; mimiti ti > jero dapur, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara ! Nu barodo > jaradi gelo marantuan nu garelut, di kokolotan ku budak buncireung ! Matakna > garelut ? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang panglobana; nu teu hawek > hayang loba; nu boga hak marenta bagianana.Ngan anu areling caricing. > Ariyana mah ngalalajoan. Tapi kaborerang.Nu garelut laju rareureuh. Laju > kakara arengeuh kabeh ge taya nu meunang bagian.Sabab warisan sakabeh beak, > beakna ku nu nyarekel gadean.* > > > > *Buta -buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun > ditempuhkeun leungit nanagara. Laju nareangan budak angon, nu saungna di > birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateupan ku handeuleum di > tihangan ku hanjuang. Nareangan budak tumbal, Tapi, Sejana dek marenta > tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, enggeus narindak babarengan jeung > budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parinda hka Lebak > Cawene !!Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul.* > > > > *DARENGEKEUN!* > > *Jaman bakal ganti deui. Tapi engke, amun gunung Gede anggeus bitu di > susul ku tujuh gunung. Genjlong deui sajajagat. Urang Sunda di sasambat, > urang Sunda ngahampura.Hade deui sakabehanana. Banguna ngahiji deui. Mangsa > jaya, jaya deui; sabab Ratu anu anyar, Ratu Adil sajati. Tapi Ratu saha ? Ti > mana asalna eta Ratu ? Engke oge dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia eta > budak angon ! Jig, geura narindak ! Tapi, ulah ngalieuk katukang ! * > > * > http://www.facebook.com/notes/richadiana-kartakusuma/uga-wangsit-siliwangi-salengkepna/424296679474 > * > > * > * > >
