Seur lepat ketik geuningan. Abdi nyobian ngalengkepan anu katangen lepat ketik (diwarnaan koneng). Mangga di handap ieu.
manar 2010/8/23 mh <[email protected]> > > > meunang nyalin tina fb si ambu. nyanggakeun: > =============== > UGA WANGSIT SILIWANGI SALENGKEPNA > by Richadiana > Kartakusuma<http://www.facebook.com/profile.php?id=1537983874>on Monday, > August 23, 2010 at 6:58pm > > *SILIWANGI* > > *Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu. Najan dia kabehan ka ngaing pada > satia, tapi ngaing heunteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu jadi balangsak, > ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup kahareupna, supaya > engke jagana jembar senang mugih mukti,bisa ngadegkeun deui Padjadjaran. > Lain Padjadjaran nu kiwari, tapi Padjadjaran anu anyar, nu ngadegna > digeuingkeun ku obahna jaman; Pilih: ngaing moal ngahalang-halang. Sabab > pikeun ngaing, heunteu pantes jadi raja amun somah sakabehna lapar bae jeung > balangsak.* > > > > *DARENGEKEUN!* > > *Nu dek tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul;* > > *Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah > kaler;* > > *Anu dek kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wetan;* > > *Anu moal milih ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon;* > > > > *DARENGEKEUN!* > > *Dia nu di beulah wetan, masing nyararaho : Kajayaan milu jeung dia; nya > turunan dia anu engke bakal marentah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing > nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engke bakal aya balesna. Jig geura > narindak !* > > > > *Dia nu di beulah kulon; papay ku dia lacak Ki Santang ! Sabab engkena > turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, > ka dulur anu nyorang saayunan, ka sakabeh nu rancage di hatena. Engke jaga > mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadenge sora tutunggulan, tah eta > tandana : saturunan dia disambat ku nu dek kawin di Lebak Cawene. Ulah sina > talangke. Sabab talaga bakal bedah; Jig, geura narindak ! Tapi ulah ngalieuk > ka tukang !* > > > > *Dia nu marisah ka beulah kaler; darengekeun: ! Dayeuh ku dia moal > kasampak, ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi > somah. Mun aya nu jadi pangkat, bakal luhur di pangkatna, tapi moal boga > kakawasaan. Ariyana engke jaga, bakal kaseundeuhan batur. Loba batur tinu > anggang, tapi batur nu sarusah jeung batur nu nyusahkeun. Sing waspada !* > > > > *Sakabeh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu nu > perlu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, > tapi ngan anu hade laku lampahna. * > > > > *Mun ngaing datang moal kadeuleu, mun ngaing nyarita moal kadenge. Memang > ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu geus rancage hatena, kanu weruh disemu > anu saestu, anu ngarti kana wangi nu sajati, jeung nu surti lanti pikirna, > nu hade laku lampahna. Mun ngaing datang : teu ngarupa teu nyawara, tapi > mere ciri ku wawangi. Ti mimiti poe ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. > Leungit dayeuhna, leungit ngarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti > ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti nu kari, bakal rea nu marungkir !* > > > > *Tapi,engke jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya nu laleungit kapanggih > deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu make amparan. Tapi anu marapayna loba nu > arieu aing pangpinterna. Mudu aredan heula. Engke bakal rea nu kapanggih, > sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang. Aya > nu wani ngorehan terus, teu ngahiding ka panglarang; ngorehan bari ngalawan, > ngalawan bari seuri. Nya eta budak angon : imahna di birit leuwi, pantona > batu satangtung, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang.* > > > > *Arin gangonna ? Lain kebo lain embe, lain meong lain banteng, tapi > kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu > kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalakonkeun. Engke mun > wayah jeung mangsana, baris loba anu kabuka jeung rareang marenta > dilalakonkeun. Tapi mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman > datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung > waktu nu nyukma, ngusumah eujeung nitis, laju nitis dipinda sukma.* > > > > *DARENGEKEUN!* > > *Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi ka mangsa : " > tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. "Tah di dinya, > sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barule, nu diangon kujalma > jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo > bulen yekel bubuntut, turunan urang narik wuluku, ngan narikna heunteu > karasa sabab murah jaman jeung seubeuh hakan. Ti dinya, wuluku ditumpakan > kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir. Tapi lilirna cara nu kara hudang > tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu kapanggih, tambah loba nu > manggihna. Tapi loba nu pahili. Nya kabawa nu lain mudu diala!* > > > > *Turunan urang loba anu heunteu engeuh, yen jaman ganti lalakon ! Ti dinya > gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngalanteur pamuka jalan; tapi > jalan nu kasingsal. Nu tutunjuk nyumput jauh; alun - alu jadi suwung, kebo > bule kalalabur : laju sampalan nu diranjah monyet !* > > > > *Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri heunteu anggeus, sabab kaburu : > warung beak ku monyet, leuit beak ku monyet, kebon beak ku monyet, sawah > beak ku monyet, huma di acak-acak ku monyet, cawene rareuneuh ku monyet. > Sagala-gala diranjah ku monyet. Turunan urang sieun ku nu niru - niru > monyet. "Panarat"dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Wulukuna ditarik > ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan.Ti dinya, turunan urang > ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresek caturangga. Heunteu > arengeuh, yen jaman geus ganti deui lalakon. Laju hawar-hawar, ti tungtung > sagara kaler ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Genjlong > saamparan jagat !* > > > > *Ari diurang ? Rame kunu mangpring. Prang - pring sabulu - bulu gading. > Monyet ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung > aturan. Loba nu paraeh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh > batur, disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu marentah cara nu > edan. Nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi Bapa. Nu ngaramuk > tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas di buburak, nu harideung > disieuh-sieuh. Mani saheng buana urang, sabab nu ngaramuk, heunteu beda tina > tawon, dipalengpeng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya > nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.* > > ** > > *Laju ngajeug deui raja, asalna jalma biasa. Tapi memang titisan raja. > Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulau dewata. Da puguh titisan > raja; raja anyar hese apes ku rogahala ! Ti harita, ganti deui jaman. > Ganti jaman ganti lalakon;* > > > > *IRAHA ?* > > *Heunteu lila, anggeus tembong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku > bentang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. > Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran. Laju aya > deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu meunang dibuka, > nangtungkeun panto teu beunang ditutup, nyieun paneuran di tengah jalan. > Miara heulang dina caringin. * > > ** > > * * > > *Da raja buta ! Lain buta duruwiksa, tapi buta heunteu neuleu, buaya > eujeung ajag, ucing garong eujeung monyet ngorowotan somah nu susah. > Sakalina aya nu wani ngageuing: nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu > ngelingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui > nyembah berhala.* > > > > *Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu > ngawulukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan tarate hepe sawareh, kembang > kapas hapa buahna; buah pare loba nu asup kana aseupan .....Da bonganna, nu > ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji ; nu palinteur loba > teuing, ngan pinterna kabalinger. Ti dinya datang budak janggotan. Datangna > sajamang hideung, bari nyoren kaneron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, > ngelingan ka nu paroho. Tapi heunteu diwararo! Da pinterna kabalinger, > harayang meunang sorangan. Arinyana teu arengeuh, lagi tanggeus semu > beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dek ngawaro, malah budak nu > janggotan, ku arinyana di tewak diasupkeun kapengberokan. Laju arinyana > ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun neangan musuh; padahal arinyana > nyiar-nyiar pimusuheun. * > > > > *Sing waspada ! Sabab engke arinyana, bakal nyaram Pajajaran di > dongengkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi > gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin > bedegong, ngaleuwihan kebo bule. Arinyana teu nyaraho, yen harita teh > jaman geus asup kana jaman : Jaman sato. Jaman manusa dikawasaan ku sato! > Jayana buta - buta heunteu pati lila; tapi, bongan kacida teuing nyangsara > ka somah, loba somah anu pada ngarep - ngarep caringin reuntas di alun-alu. > Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan.* > > > > *IRAHA MANGSANA ?* > > * Engke mungeus tembong budak angon! Ti dinya loba nu ribut; mimiti ti > jero dapur, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo > jaradi gelo marantuan nu garelut, di kokolotan ku budak buncireung ! Matakna > garelut ? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang panglobana; nu teu hawek > hayang loba; nu boga hak marenta bagianana. Ngan anu areling caricing. Ari > nyana mah ngalalajoan. Tapi kabarerang. Nu garelut laju rareureuh. Laju > kakara arengeuh kabeh ge taya nu meunang bagian.Sabab warisan sakabeh beak, > beakna ku nu nyarekel gadean.* > > > > *Buta -buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun > ditempuhkeun leungitna nagara. Laju nareangan budak angon, nu saungna di > birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateupan ku handeuleum di > tihangan ku hanjuang. Nareangan budak tumbal, Tapi, sejana dek marenta > tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, enggeus narindak babarengan jeung > budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak > Cawene !! Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul.* > > > > *DARENGEKEUN!* > > *Jaman bakal ganti deui. Tapi engke, amun gunung Gede anggeus bitu di > susul ku tujuh gunung. Genjlong deui sajajagat. Urang Sunda di sasambat, > urang Sunda ngahampura. Hade deui sakabehanana. Banguna ngahiji deui. Mangsa > jaya, jaya deui; sabab Ratu anu anyar, Ratu Adil sajati. Tapi Ratu saha ? Ti > mana asalna eta Ratu ? Engke oge dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia eta > budak angon! Jig, geura narindak ! Tapi, ulah ngalieuk katukang ! * > > * > http://www.facebook.com/notes/richadiana-kartakusuma/uga-wangsit-siliwangi-salengkepna/424296679474 > * > > * > * > > >
