Sok atuh pilari deui budayawan2 Sunda. Tong nu eta2 wae, jadi tidak 
berkembang.Subjektif oge teu kunanaon, nu penting mah logika na.Di Bogor oge 
seueur budayawan non intelektual, ngan can kaaku, minder ku anu tos sohor 
sigana mah. Kos kapungkur mah, Ki Baju Rombeng (ceunah mah kos gembel) nu 
geuning ngagaduhan Pantun Bogor. Di Bogor oge abdi pernah ningal tarian kos 
jaipong tapi lain, alus pisan, rada sakral. Ceunah nu nari na oge kedah tos 
tiasa ka titik 0.

--- Pada Sel, 26/10/10, MRachmat Rawyani <[email protected]> menulis:

Dari: MRachmat Rawyani <[email protected]>
Judul: Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda
Kepada: [email protected]
Tanggal: Selasa, 26 Oktober, 2010, 7:29 AM















 
 



  


    
      
      
      Radhar Pantja Dahana asana teh presentasina rada "mengpar" tina jejer 
utama. Abah Surya anu ngajentrekuen dongeng ti Urang Dayak perkara sajarah 
Sunda heunteu di dukung ku data sacara tertulis atanapi data ti pihak sanesna, 
cenderung subyektif. Juragan Dede Yusuf  ngadongeng pangalaman di Cina sangkan 
barudak urang oge diawjibkeun zaroh ka situs-situs, teu aya substansial anu 
mendasar, kumaha strategi kabudayaan pemda Jabar dina 'ngigelan' pajamanan. 
Sigana samporet pisan waktu pikeun ngadadarkeun perkara ieu.
(saya teu  kabagean kaos jeung topi yeuh, paniciana rada cuek, foto copian 
makalahna bureng, teu jelas.Hanjakal konferensi tingkat internasional, 
palayananana ka tamu  heunteu sabanding. Pananya ti para peserta oge, lebih 
banyak emosional tinimbang nalarna).

Hanjakal teu
 tiasa ningali situs.

Cik hoyong terang kumaha tah,acara dina dinten Rebo. Upama kaayanana masih siga 
acara hari pertama, berarti panicia "gagal" majukeun kasundaan di tataran 
global.

baktos,

mrachmatrawyani


From: oman abdurahman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Mon, October 25, 2010 12:33:53 PM
Subject: Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda









 



    
      
      
      Sumping wae enjing, meungpeung masih aya keneh dua dinten deui. Insya 
Alloh teu kedah mayar sagala. Ngan wayahna, fasilitas pamondokan upama tea mah 
bade ngawengi di Bogor milarian nyalira. Sim kuring sorangan sigana teu tiasa 
ngiringan eta acara dugi ka rengse jalaran di rorompok pun bojo kirang sehat 
teu tiasa dikantunkeun, lian ti memang poean salila seminar teh si kuring ti 
kantor teu diizinan cuti.


Tadi poe kahiji ngalongok ka konferensi, sanajan rada telat jalaran miang ti 
Bandung tos lohor kusabab di kantor kudu mimpin heula salah sahiji rapat dines. 
Jol ka hotel Salak, Bogor, tempat konferensi, kaagehan keneh presentasi 3 
narasumber (abah Surya, Radar Panca Dahana, sareng sang wagub Jabar). Tadi kl 
tbh 20.20 ti Bogor biur deui ka Bandung, mulang ka rorompok. Mudah2an isuk 
pageto laporanana tiasa kakintunkeun ka milist.


Enya si kuring kasebutna mah panitia, tapi lain panitia tehnis dina 
prak-prakanana (OC), balikta panitia dina widang subtansi (SC), kitu oge teu 
nyeples SC sakumaha ilaharna (minangkana mah anu nyusun bahan pedoman eta 
kagiatan anu eusina: kasang tukang, tujuan & sasaran sareng tema, kalebet 
pembicara/prsenter pikeun eta kagiatan; kitu oge dibantosan ku kang Ahmad 
Samantho sareng nu sanesna). Taya lian sabab kadali (kendali) utama konferensi 
mah tetep aya di Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Jabar minangka anu 
gaduh hajat (host). Kukituna, hapunten anu kasuhun upama si kuring henteu tiasa 
nyayogikeun fasilitas anu nyugemakeun ka saha wae warga milist anu haat aya 
minat ngiringan eta konferensi.  


Lian ti eta, sacara waktu si kuring anu formalna gawe di kantor Badan Geologi 
oge kawatesan. Upamana wae, ti antara tanggal 15-23 Oktober 2010 si kuring aya 
di Manado jadi panitia pertemuan taunan CCOP (sacara bebas ditarjamahkeun: 
panitia koordinasi program geosains sa Asia-Pasifik kalawan peninjau ti Eropa 
sareng Amerika) anu taun ieu nu gaduh hajatna teh Indonesia, nyatana kantor 
tempat si kuring digawe pisan; kalayan Manado, provinsi Sulut kapilih salaku 
tempat dilaksanakeunana eta riungan CCOP taun ieu. 


Sakitu heula minangka pamairan sareng laporan singget dina ieu jejer.

baktosna,
manar
 


 

2010/10/25 nurul iman <[email protected]>
















 



  


    
      
      
      
Kang, pesertana dibatasinya, henteu umum??? Sim abdi ningal dina :

http://ahmadsamantho.wordpress.com/2010/09/09/international-conference-on-sunda-land-civilization-nature-wisdom/


Kumaha atuh, da sim abdi mah rakyat biasa sanes jalmi nu gaduh jabatan luhur, 
kinten2 tiasa ngiringan eta konferensi teu??? 
Nyuhunkeun informasinya....


--- Pada Sen, 25/10/10, Deni Indra Kelana <[email protected]> menulis:


Dari: Deni Indra Kelana <[email protected]>
Judul: Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda

Kepada: [email protected]
Tanggal: Senin, 25 Oktober, 2010, 7:04 AM







 



    
      
      
      Mugi-mugi sing ngahasilkeun buah anu mangpaat.. Amiiin..



From: "[email protected]" <[email protected]>

To: [email protected]
Sent: Monday, October 25, 2010 17:02:11

Subject: Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda








 



    
      
      
      












Appreciate for arrange this venue and Just waiting for the  Action Plan for the 
REINVENTING Sunda!!! Powered by Telkomsel BlackBerry®From:  Tukang Wawar 
<[email protected]>
Sender:  [email protected]
Date: Mon, 25 Oct 2010 12:41:15 +0700To: <[email protected]>; 
<[email protected]>
ReplyTo:  [email protected]
Subject: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda

 



    
      
      
      
Senin, 25 Oktober 2010

Konférénsi Budaya Sunda


Dines Pariwisata sarta Kabudayaan Propinsi Jawa Barat digawé babarengan jeung 
Komisi Nasional Indonésia pikeun UNESCO ngagelar "International Conference on 
Sundanese Culture" di Hotél Salak the Heritage, Kota Bogor, Senén (25/10) nepi 
ka Rebo (27/10). Kagiatan éta boga tujuan pikeun numuwuhkeun katresna masarakat 
Jawa Barat ka budaya Sunda minangka modal pikeun pangwangunan nasional.



Téma acara éta téh "Reinventing Sunda in Strengthening the Nasional Culture and 
Promoting Cultural Diversity"atawa "Manggihan Deui Budaya Sunda Dina Ngukuhkeun 
Kabudayaan Nasional sarta Ngapromosikeun Budaya". Acara éta ogé baris dieusi 
kalayan sagala rupa kagiatan, di antarana konférénsi internasional, pameran 
sarta pagelaran seni, sarta ngadatangan ka Situs Batujaya Kabupatén Karawang. 
Kagiatan éta baris dihadiran kira-kira 350 peserta ti sagala rupa golongan, di 
antarana instansi pamaréntah, akademisi, budayawan, LSM, sarta média.

Dina konférénsi anu dilaksanakeun Senén (25/10) ieu baris dibahas ngeunaan 
sajarah Sunda sarta pakait jeung kabudayaan-kabudayaan nasional sarta dunya. 
Sajumlah pembicara ti Indonesia jeung luar nagari baris nyokot bagian dina 
konférénsi éta. Salah sahijina nyaéta Pupuhu Komisi Nasional pikeun UNESCO 
Prof. Dr. Arief Rachman, Diréktur Titilar Purbakala Kementerian Budaya sarta 
Pariwisata RI Dr. Junus Satrio Atmodjo, sarta Guru Besar Arkeologi Universitas 
Indonésia Prof. Edi Sediawati.


Samentara éta, pembicara ti luar nagari nyaéta peneliti sakaligus Director of 
Atlantis Publication Dr. Frank Joseph Hoff sarta peneliti ti Universitas 
Oxford, Inggris, Dr. Stephen Oppenheimer.



Pameran

Dina poé anu sarua ogé baris dilaksanakeun pameran anu mintonkeun sajumlah 
bukti-bukti sajarah Sunda ti tujuh musieum di Jawa Barat. Sagala rupa titilar 
sajarah ti jaman megalitikum nepi ka jaman modern baris ngeusian sajumlah stan 
di pameran éta.



Kapala Dines Kabudayaan sarta Pariwisata Jawa Barat, Herdiwan ngeceskeun, 
kagiatan éta boga tujuan ambéh masarakat Jawa Barat leuwih mikawanoh sacara 
jero ka budaya Sunda ku kituna ngajadikeunna minangka kebanggaan. Nurutkeun 
manéhna, dumasar penelusurana sacara awut ka sajumlah sakola di Jawa Barat, 
kalolobaan pelajar tacan nyurtian sajarah sarta budaya Sunda.



Herdiwan ngunggelkeun, lamun ditelaah, kabudayaan Sunda ngabogaan pangaruh anu 
badag ka peradaban dunya. Ngaliwatan kagiatan éta, Herdiwan ngaharepkeun ambéh 
sakumna masarakat Jawa Barat bisa ngamekarkeun katresna maranéhanana ka budaya 
Sunda ku kituna jadi modal dasar pikeun pangwangunan boh di tingkat regional 
boh nasional.


Posted by majalah basa sunda balébat at  08.36 
-- 
Majalah Balébat
Padépokan Riksa Sunda
Jl. Raya Leuwiliang Km.14
No.26-27 Ciampéa - Bogor 16620 
Telp.  08121112982 
Surélék : 
[email protected]/[email protected]
http://balebat.com




    
     

    










    
     








    
     



 





    
     

    
    






  










    
     














      

    
     

    
    


 



  










Kirim email ke