Hatur nuhun bah Oca pami sayogi mah langkung diterangkeun deui  masih seueur nu 
teu ngartos. Usul abdi pami nyebat PS langsung we disebutkeun ngaran raja, nu 
mana nu dimaksud. Abdi tacan terang ugas siliwangi teh ti raja nu mana? Nu 
sanes 
na mah ngiring sidakep we utamana ngeunaan back to basic.....asa asa ciples 
polana jeung Capital Ideasna Peter L. Bernstein.

baktos
JP
~ experientia docet sapientiam ~ 




________________________________
From: Roza R. Mintaredja <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, October 30, 2010 3:05:16
Subject: Re: [kisunda] Konférénsi Budaya Sunda

  
baraya, 
dina sisi ilmiah akademis meni sakitu legana ungkapan2 jeung data ngeunaan 
sunda 
jeung asal muasalna.
hayoh we, teu beak-beak ngabahas, ngawacanakeun, taya lajuning laku anu payus 
jeung merenah.

uin nyoba disisi sejen,
ngeunaan kunaon diputuskeun eta acara di ayakeun di bogor? (anu samemehna di 
bandung), naha kabeneran?
duanana acara dina skala "internasional"
hiji peninjauan pema'naan.
bogor. mangrupa puseur dayeuh, anu diluluguan ku sri baduga maharaja ratu haji 
di pakwan padjadjaran.
salak-salakanagara; karajaan anu mimiti diawal abad masehi
dituluykeun ka tarumanagara, abad ka tilu jst. 
hotel salak nyanghareup ka istana di kebon RAJA.
boa-boa bisa jadi nyirikeun totonden anu mibanda harti; 
muncang labuh kapuhu, balik deui ka purbatisti purbajatina sunda, back to 
basic, 
back azimuth.

samemehna(kl saminggu), aya panon poe dikalang (matahari cincin, fotona aya 
dikompas) salila kl sajam!
pas sapeuting samemeh kajadian, uin maca pantun bogor ngeunaan kalang panon poe.
didinya dicaritakeun yen eyang prabu siliwangi 'menyerah' ku tanda alam 
kasebut, 
(lain menyerah/eleh ku pasukan banten).
kusabab mangrupa hiji  totonden pibakaleun tamatna jaman, obahna jaman
totonden anu sipatna ngeunaan kaayaan nagaraan.
alias nagara bakal ngaleungit, ganti wayah atawa padjadjaran bakal tunda carita
padjadjarannagara mudu tilem, lain eleh perang, lain runtag, lain burak, tapi 
sadar kudu 'pause' heula
sabab sadar kana 'siklus' grafik sinusoida atawa perputaran roda jaman anu 
mangrupa katangtuan, papasten ti gusti.
aya purna-warman, beakna warman grup, anu trus-bawa deui ka sunda.
tapi mere uga/prediksi, yen dina mangsaopat ratus taun ka lima, bakal datang 
mangsa padjadjaran anyar
anu ngandung harti lain padjadjaran harita, tapi anu anyar tapi heubeul, eta 
keneh.
nyarita sunda, mo leupas tina siliwangi jeung padjadjaran, gumulung/ sapaket.
nyaritakeun siliwangi, lain saukur ngaran samanea, lain saukur ngaran/gelar 
jelema, tapi mangrupa hiji sistem ajaran kamanusaan.
tah , kukituna mun sadar kana wayah; wanci jeung waktu(www.com)
tinangtu ti semet ieu, moal lila deui, bakal aya kajadian 'obah jaman', nagara 
bakal balik deui ka nu sa-estu.
sunda hiji sistem anu nganut ageman alam, ekosistem; maca alam, wanoh jeung 
alam, tanda-tanda jaman anu
dicirian ku munculna hiji; bencana alam, dua; panyakit endemik, tilu; perang 
antar dulur.
kumaha tungtungna? laju buta-buta nyarumput, sieun ditagih kunu boga gadean. 
laju seja deuk menta tumbal.
laju neangan budak angon jeung budak janggotan. ahirna?
urang sunda disarambat! .................satuluyna? ......................urang 
sunda ngahampura!
ngahampura dina harti anu anggeus nya anggeus, sabab dina obahna jaman, sistem 
kiwari moal dipake deui,
bakal muncul sistem anyar tapi heubeul. dina ka ayaan nuansa silih asih, silih 
asah, silih asuh; 
ajaran kasiliwangian bakal lumaku, anu kiwari ngan saukur lips service wungkul.
ajaran kasiliwangian lain keur hiji suku, tapi ajaran kabangsaan, pancasila, 
ajaran anu mibanda sipat universal.
dimimitian lumaku di wewengkon parahyangan, tuluy sanusantara, tuluy sa-BWANA.
....................................................................................................................kamarana
 urang sunda?
sumangga tengetan.
cag!
hampura isun!
*0catea







2010/10/25 Tukang Wawar <[email protected]>

  
>Senin, 25 Oktober 2010
>Konférénsi Budaya Sunda
>Dines Pariwisata sarta Kabudayaan Propinsi Jawa Barat digawé babarengan jeung 
>Komisi Nasional Indonésia pikeun UNESCO ngagelar "International Conference on 
>Sundanese Culture" di Hotél Salak the Heritage, Kota Bogor, Senén (25/10) nepi 
>ka Rebo (27/10). Kagiatan éta boga tujuan pikeun numuwuhkeun katresna 
>masarakat 
>Jawa Barat ka budaya Sunda minangka modal pikeun pangwangunan nasional.
>
>Téma acara éta téh "Reinventing Sunda in Strengthening the Nasional Culture 
>and 
>Promoting Cultural Diversity"atawa "Manggihan Deui Budaya Sunda Dina 
>Ngukuhkeun 
>Kabudayaan Nasional sarta Ngapromosikeun Budaya". Acara éta ogé baris dieusi 
>kalayan sagala rupa kagiatan, di antarana konférénsi internasional, pameran 
>sarta pagelaran seni, sarta ngadatangan ka Situs Batujaya Kabupatén Karawang. 
>Kagiatan éta baris dihadiran kira-kira 350 peserta ti sagala rupa golongan, di 
>antarana instansi pamaréntah, akademisi, budayawan, LSM, sarta média.Dina 
>konférénsi anu dilaksanakeun Senén (25/10) ieu baris dibahas ngeunaan sajarah 
>Sunda sarta pakait jeung kabudayaan-kabudayaan nasional sarta dunya. Sajumlah 
>pembicara ti Indonesia jeung luar nagari baris nyokot bagian dina konférénsi 
>éta. Salah sahijina nyaéta Pupuhu Komisi Nasional pikeun UNESCO Prof. Dr. 
>Arief 
>Rachman, Diréktur Titilar Purbakala Kementerian Budaya sarta Pariwisata RI Dr. 
>Junus Satrio Atmodjo, sarta Guru Besar Arkeologi Universitas Indonésia Prof. 
>Edi 
>Sediawati. 
>
>
>
>Samentara éta, pembicara ti luar nagari nyaéta peneliti sakaligus Director of 
>Atlantis Publication Dr. Frank Joseph Hoff sarta peneliti ti Universitas 
>Oxford, 
>Inggris, Dr. Stephen Oppenheimer.
>
>
>Pameran
>
>
>Dina poé anu sarua ogé baris dilaksanakeun pameran anu mintonkeun sajumlah 
>bukti-bukti sajarah Sunda ti tujuh musieum di Jawa Barat. Sagala rupa titilar 
>sajarah ti jaman megalitikum nepi ka jaman modern baris ngeusian sajumlah stan 
>di pameran éta.
>
>
>Kapala Dines Kabudayaan sarta Pariwisata Jawa Barat, Herdiwan ngeceskeun, 
>kagiatan éta boga tujuan ambéh masarakat Jawa Barat leuwih mikawanoh sacara 
>jero 
>ka budaya Sunda ku kituna ngajadikeunna minangka kebanggaan. Nurutkeun 
>manéhna, 
>dumasar penelusurana sacara awut ka sajumlah sakola di Jawa Barat, kalolobaan 
>pelajar tacan nyurtian sajarah sarta budaya Sunda.
>
>
>Herdiwan ngunggelkeun, lamun ditelaah, kabudayaan Sunda ngabogaan pangaruh anu 
>badag ka peradaban dunya. Ngaliwatan kagiatan éta, Herdiwan ngaharepkeun ambéh 
>sakumna masarakat Jawa Barat bisa ngamekarkeun katresna maranéhanana ka budaya 
>Sunda ku kituna jadi modal dasar pikeun pangwangunan boh di tingkat regional 
>boh 
>nasional.
>Posted by majalah basa sunda balébat at  08.36
>-- 
>Majalah Balébat
>Padépokan Riksa Sunda
>Jl. Raya Leuwiliang Km.14 No.26-27 
>Ciampéa - Bogor 16620 
>Telp.  08121112982 
>Surélék : [email protected]/[email protected]
>http://balebat.com



Kirim email ke