baraya, dina sisi ilmiah akademis meni sakitu legana ungkapan2 jeung data ngeunaan sunda jeung asal muasalna. hayoh we, teu beak-beak ngabahas, ngawacanakeun, taya lajuning laku anu payus jeung merenah.
uin nyoba disisi sejen, ngeunaan kunaon diputuskeun eta acara di ayakeun di bogor? (anu samemehna di bandung), naha kabeneran? duanana acara dina skala "internasional" hiji peninjauan pema'naan. *bogor.* mangrupa puseur dayeuh, anu diluluguan ku sri baduga maharaja ratu haji di pakwan padjadjaran. *salak*-salakanagara; karajaan anu mimiti diawal abad masehi dituluykeun ka tarumanagara, abad ka tilu jst. hotel salak nyanghareup ka istana di kebon RAJA. boa-boa bisa jadi nyirikeun totonden anu mibanda harti; muncang labuh kapuhu, balik deui ka purbatisti purbajatina sunda, back to basic, back azimuth. samemehna(kl saminggu), aya panon poe dikalang (matahari cincin, fotona aya dikompas) salila kl sajam! pas sapeuting samemeh kajadian, uin maca pantun bogor ngeunaan kalang panon poe. didinya dicaritakeun yen eyang prabu siliwangi 'menyerah' ku tanda alam kasebut, (lain menyerah/eleh ku pasukan banten). kusabab mangrupa hiji totonden pibakaleun tamatna jaman, obahna jaman totonden anu sipatna ngeunaan kaayaan nagaraan. alias nagara bakal ngaleungit, ganti wayah atawa padjadjaran bakal tunda carita padjadjarannagara mudu tilem, lain eleh perang, lain runtag, lain burak, tapi sadar kudu 'pause' heula sabab sadar kana 'siklus' grafik sinusoida atawa perputaran roda jaman anu mangrupa katangtuan, papasten ti gusti. aya purna-warman, beakna warman grup, anu trus-bawa deui ka sunda. tapi mere uga/prediksi, yen dina mangsa* opat ratus taun ka lima*, bakal datang mangsa padjadjaran anyar anu ngandung harti lain padjadjaran harita, tapi anu anyar tapi heubeul, eta keneh. nyarita sunda, mo leupas tina siliwangi jeung padjadjaran, gumulung/ sapaket. nyaritakeun siliwangi, lain saukur ngaran samanea, lain saukur ngaran/gelar jelema, tapi mangrupa hiji sistem ajaran kamanusaan. tah , kukituna mun sadar kana wayah; wanci jeung waktu(www.com) tinangtu ti semet ieu, moal lila deui, bakal aya kajadian 'obah jaman', nagara bakal balik deui ka nu sa-estu. sunda hiji sistem anu nganut ageman alam, ekosistem; maca alam, wanoh jeung alam, tanda-tanda jaman anu dicirian ku munculna hiji; bencana alam, dua; panyakit endemik, tilu; perang antar dulur. kumaha tungtungna? laju buta-buta nyarumput, sieun ditagih kunu boga gadean. laju seja deuk menta tumbal. laju neangan budak angon jeung budak janggotan. ahirna? urang sunda disarambat! .................satuluyna? ......................urang sunda ngahampura! ngahampura dina harti anu anggeus nya anggeus, sabab dina obahna jaman, sistem kiwari moal dipake deui, bakal muncul sistem anyar tapi heubeul. dina ka ayaan nuansa silih asih, silih asah, silih asuh; ajaran kasiliwangian bakal lumaku, anu kiwari ngan saukur lips service wungkul. ajaran kasiliwangian lain keur hiji suku, tapi ajaran kabangsaan, pancasila, ajaran anu mibanda sipat universal. dimimitian lumaku di wewengkon parahyangan, tuluy sanusantara, tuluy sa-BWANA. ....................................................................................................................kamarana urang sunda? sumangga tengetan. cag! hampura isun! *0catea 2010/10/25 Tukang Wawar <[email protected]> > > > Senin, 25 Oktober 2010 > Konférénsi Budaya > Sunda<http://majalah-balebat.blogspot.com/2010/10/konferensi-budaya-sunda.html> > > <http://2.bp.blogspot.com/_u2n53vx9ME0/TMTevD1AXgI/AAAAAAAAAOg/TI8dxRSYTTQ/s1600/unesco1.jpg>Dines > Pariwisata sarta Kabudayaan Propinsi Jawa Barat digawé babarengan jeung > Komisi Nasional Indonésia pikeun UNESCO ngagelar *"International > Conference on Sundanese Culture"* di Hotél Salak the Heritage, Kota Bogor, > Senén (25/10) nepi ka Rebo (27/10). Kagiatan éta boga tujuan pikeun > numuwuhkeun katresna masarakat Jawa Barat ka budaya Sunda minangka modal > pikeun pangwangunan nasional. > > Téma acara éta téh *"Reinventing Sunda in Strengthening the Nasional > Culture and Promoting Cultural Diversity"*atawa "Manggihan Deui Budaya > Sunda Dina Ngukuhkeun Kabudayaan Nasional sarta Ngapromosikeun Budaya". > Acara éta ogé baris dieusi kalayan sagala rupa kagiatan, di antarana > konférénsi internasional, pameran sarta pagelaran seni, sarta ngadatangan ka > Situs Batujaya Kabupatén Karawang. Kagiatan éta baris dihadiran kira-kira > 350 peserta ti sagala rupa golongan, di antarana instansi pamaréntah, > akademisi, budayawan, LSM, sarta média. > Dina konférénsi anu dilaksanakeun Senén (25/10) ieu baris dibahas ngeunaan > sajarah Sunda sarta pakait jeung kabudayaan-kabudayaan nasional sarta dunya. > Sajumlah pembicara ti Indonesia jeung luar nagari baris nyokot bagian dina > konférénsi éta. Salah sahijina nyaéta Pupuhu Komisi Nasional pikeun UNESCO > Prof. Dr. Arief Rachman, Diréktur Titilar Purbakala Kementerian Budaya sarta > Pariwisata RI Dr. Junus Satrio Atmodjo, sarta Guru Besar Arkeologi > Universitas Indonésia Prof. Edi Sediawati. > > Samentara éta, pembicara ti luar nagari nyaéta peneliti sakaligus *Director > of Atlantis Publication* Dr. Frank Joseph Hoff sarta peneliti ti > Universitas Oxford, Inggris, Dr. Stephen Oppenheimer. > > *Pameran* > > Dina poé anu sarua ogé baris dilaksanakeun pameran anu mintonkeun sajumlah > bukti-bukti sajarah Sunda ti tujuh musieum di Jawa Barat. Sagala rupa > titilar sajarah ti jaman megalitikum nepi ka jaman modern baris ngeusian > sajumlah stan di pameran éta. > > Kapala Dines Kabudayaan sarta Pariwisata Jawa Barat, Herdiwan ngeceskeun, > kagiatan éta boga tujuan ambéh masarakat Jawa Barat leuwih mikawanoh sacara > jero ka budaya Sunda ku kituna ngajadikeunna minangka kebanggaan. Nurutkeun > manéhna, dumasar penelusurana sacara awut ka sajumlah sakola di Jawa Barat, > kalolobaan pelajar tacan nyurtian sajarah sarta budaya Sunda. > > Herdiwan ngunggelkeun, lamun ditelaah, kabudayaan Sunda ngabogaan pangaruh > anu badag ka peradaban dunya. Ngaliwatan kagiatan éta, Herdiwan ngaharepkeun > ambéh sakumna masarakat Jawa Barat bisa ngamekarkeun katresna maranéhanana > ka budaya Sunda ku kituna jadi modal dasar pikeun pangwangunan boh di > tingkat regional boh nasional. > Posted by majalah basa sunda balébat at 08.36 > -- > Majalah Balébat > Padépokan Riksa Sunda > Jl. Raya Leuwiliang Km.14 No.26-27 > Ciampéa - Bogor 16620 > Telp. 08121112982 > Surélék : [email protected]/[email protected] > <http://[email protected]/[email protected]>http://balebat.com > > >
