sabenerna istilah primitif awal mulana muncul di wilayah antropologi pikeun nyirian suku bangsa nu masih terisolir atawa ngisolasi karep. tabi beh dieu, istilah eta diganti atawa teu dipake. da sihoreng masyarakat nu kungsi disebut primitif geus baroga ajen inajen nu luhur, utamana kana sistem nilay, kamasyarakatan jeung budaya sejena. henteu leuwih goreng ti batan budaya modern. malah dina urusan moral mah leuwih hade.
ari soal urang baduy jeung hubunganana jeung atlantis mah mangga teh teuing. tapi teu atawa can aya raratanana perkawis eta boh dina carita pantun boh dina sumber sejen. kalolobana panalitian, boh pihak walanda jaman kolonial boh beh dieu ku antropolog bangsa sorangan, ngan nepi ka sasakala atawa asal usul urang baduy. 1. sawareh boga pamanggih yen baduy teh asalna ti pajajaran tea. cenah kabur atawa ngungsi alatan perang tea jeung banten. 2. nomer hiji eta teu pati kaharti, naha bet kabur ti perang pajajaran jeung banten tapi malah sacara geografis ngadeukeutan banten. lain kabur ka wetan. 3. hipotesis eta dipareuman ku, salah saurangna, prof kuntjaraningrat. dina buku baduy dari inti jagat aya. alesanana, kahiji, masarakat pajajaran hindu geus kenal budaya gerabah, barisa nyieun gerabah, kendi gentong jsb. urang baduy mah teu barisa atawa teu nyarieun. eta bukti yen baduy lain turunan pajajaran. 4.tapi anehna, di baduy aya atawa loba pantun nu nyabit-nyabit kecap pajajaran. 5. hartina, maranehna memang turunan pajajaran, ngan meureun dirahasiakeun, embung kapanggih kitu.yen maranehna teu nyarieun gentong, tapi dipake pikeun pabeasan, nembongkeun kapatuhan ka adat, nu meunang mulak-malik/ngolah taneuh cara nyawah. make gentong ieu salah sapuluh panalungtikan si kuring. nanya ka samin urang cikadu jeung pulung urang ciranji, jawabanana sarua, kahiji, urang baduy teu barisa nyieuna, kadua, teu nyieun gentong eta meureun bagean ti buyut: teu menang molak malik taneuh. sanajan pajajaran geus bisa nyieun gentong, baduy mah henteu, bisa jadi alatan nu kabur ka dinya ti pajajaran, kelompok prajurit, nu teu bisa nyieun gentong. da ari pandey beusi mah aya di batu beulah. 6. pamanggih sejen, ti baheula baduy minangka mandala, sarupaning pasantren pikeun para pendeta atawa kyai. meureun cara shao lin kitu di tiongkok. wilayah nu urusanana agama, lain dunia. teu kapangaruhan ku kajadian di luar wilayah kanekes. sanajan kitu, pikeun tanda satia ka nagara, sok ngayakeun seba satuan sakali ka panguasa. baheula mah cenah nepi ka bandung. ngan dicaram ku urang bandung, da jauh, karunya. (da urang baduy jero mah kudu leumpang kamana-mana ge). cukup ka bupati di banten we. ayeuna mah ngan ka gubernur banten di serang, asana aeuna ngan ka bupati lebak wungkul di rangkas. 7. ti pihak urang baduy, urang baduy mah ti baheula di dinya. asalna ti dinya. nya turunan batara cikal.nu diturunkeun kunu kawasa di dinya. sasakala dunya oge urang baduy mah boga. asalna cenah cair terus jadi teuas sagede jangjang reungit. terus ngagedean. jarang aya nu boga sasakala dunya model kitu. bisa nyaingan fisika modern cara big bag atawa hawking. haha. 8. soal agama, cek cenah kabehdieunakeun mah geus siga sandwich. kacampuran ti hindu buda islam. tapi dasarna nu monoteis tetep aya. tapi dina kosmologina mah, di bale nyungcung, nu ngersakeun (yg maha kuasa) tetep pangluhurna (dina islam mah arays kursyi tea meureun). di lapis handapna, tempat sunan ambu jeung nyi pohaci, terus ka handap, aya dalapan belas lapis, karek ka buana panca tengah (tempat manusa). konsep agama sunda wiwitan teu aya reinkarnasi oge sanes pantheisme (cara kejawen nu manunggaling kawula gusti). cek agama sunda wiwitan van baduy, roh jelema nu paeh, nepi na ka lapis kadua, ka tempat sunan ambu jeung nyi pohaci, teu nepi ka lapis tempat Nu Ngersakeun. logis! 9. sacara etnik, urang baduy urang sunda. tanya we mun panggih jeung urang baduy. sacara budaya, maranena ngaku leuwih sunda tibatan urang sunda di luar kanekes. sabab nu disebut sunda, cek maranehna, kudu jeung agamana. dina henteuna, urang baduy ngarasa urang sunda nu leuwih kolot. enya ari kitu na mah, sabab maranehna sunda sagalana utamana agamana. 10. urang baduy luar barisa maca tulis sawareh, utamana nu sok kaluar kanekes pikeun dagang produk baduy cara madu, baju, jsb. barisa sorangan/otodidak atawa dipapatahan ku babaturanana nu sarua sok daragang ka luar baduy. 11. asal kecap baduy: ti gunung baduy (pasir, lain gunung nu badag), antara kampung kaduketug (tempat kantor desa kanekes, deukeut terminal ciboleger. kaduketug ieu kampung baduy pangluarna ti arah ciboleger. kanekes, di ngaran salah lima walungan, cikanekes. aya oge ngaran walungan ciparahyang. sigana kecap parahyangan asalna ti dieu. 12. baju aslina nyieun sorangan tina serat kulit kayu. tapi ayeuna geus kacampuran ku bahan pabrik. baduy luar cirina marake baju hideung iket biru batik citak meuli ti tanah abah, baduy jero, baju bodas iket bodas. 12. geus heula ah lapar. hahaha > > > >
