Nuhun Mj, guaran anu sakitu munelna ngunaan urang Kanekes. Kacindekan
kuring, umum pisan, memang loba anu masih merlukeun panalungtikan ngeunaan
asal-usul urang Kanekes, oge asal-usul urang sarerea.

Jelas, urang Kanenekes mibanda ajen inajen anu enas-enasna bisa dipulungan,
diturutan di alam kamoderenan anu dirandapan ku kumna urang. Upamana wae:
miara alam jeung hirup saimbang jeung alam, teu ngahutang, teu ngalaman
kriris moneter, teu gumantung ka luar (kajaba uyah, asana mah hehehe).

manar
2010/12/2 mang jamal <[email protected]>

>
>
> sabenerna istilah primitif awal mulana muncul di wilayah antropologi pikeun
> nyirian suku bangsa nu masih terisolir atawa ngisolasi karep. tabi beh dieu,
> istilah eta diganti atawa teu dipake. da sihoreng masyarakat nu kungsi
> disebut primitif geus baroga ajen inajen nu luhur, utamana kana sistem
> nilay, kamasyarakatan jeung budaya sejena. henteu leuwih goreng ti batan
> budaya modern. malah dina urusan moral mah leuwih hade.
>
> ari soal urang baduy jeung hubunganana jeung atlantis mah mangga teh
> teuing. tapi teu atawa can aya raratanana perkawis eta boh dina carita
> pantun boh dina sumber sejen. kalolobana panalitian, boh pihak walanda jaman
> kolonial boh beh dieu ku antropolog bangsa sorangan, ngan nepi ka sasakala
> atawa asal usul urang baduy.
> 1. sawareh boga pamanggih yen baduy teh asalna ti pajajaran tea. cenah
> kabur atawa ngungsi alatan perang tea jeung banten.
>
> 2. nomer hiji eta teu pati kaharti, naha bet kabur ti perang pajajaran
> jeung banten tapi malah sacara geografis ngadeukeutan banten. lain kabur ka
> wetan.
>
> 3. hipotesis eta dipareuman ku, salah saurangna, prof kuntjaraningrat. dina
> buku baduy dari inti jagat aya. alesanana, kahiji, masarakat pajajaran hindu
> geus kenal budaya gerabah, barisa nyieun gerabah, kendi gentong jsb. urang
> baduy mah teu barisa atawa teu nyarieun. eta bukti yen baduy lain turunan
> pajajaran.
>
> 4.tapi anehna, di baduy aya atawa loba pantun nu nyabit-nyabit kecap
> pajajaran.
>
> 5. hartina, maranehna memang turunan pajajaran, ngan meureun dirahasiakeun,
> embung kapanggih kitu.yen maranehna teu nyarieun gentong, tapi dipake pikeun
> pabeasan, nembongkeun kapatuhan ka adat, nu meunang mulak-malik/ngolah
> taneuh cara nyawah. make gentong ieu salah sapuluh panalungtikan si kuring.
> nanya ka samin urang cikadu jeung pulung urang ciranji, jawabanana sarua,
> kahiji, urang baduy teu barisa nyieuna, kadua, teu nyieun gentong eta
> meureun bagean ti buyut: teu menang molak malik taneuh. sanajan pajajaran
> geus bisa nyieun gentong, baduy mah henteu, bisa jadi alatan nu kabur ka
> dinya ti pajajaran, kelompok prajurit, nu teu bisa nyieun gentong. da ari
> pandey beusi mah aya di batu beulah.
>
> 6. pamanggih sejen, ti baheula baduy minangka mandala, sarupaning pasantren
> pikeun para pendeta atawa kyai. meureun cara shao lin kitu di tiongkok.
> wilayah nu urusanana agama, lain dunia. teu kapangaruhan ku kajadian di luar
> wilayah kanekes. sanajan kitu, pikeun tanda satia ka nagara, sok ngayakeun
> seba satuan sakali ka panguasa. baheula mah cenah nepi ka bandung. ngan
> dicaram ku urang bandung, da jauh, karunya. (da urang baduy jero mah kudu
> leumpang kamana-mana ge). cukup ka bupati di banten we. ayeuna mah ngan ka
> gubernur banten di serang,  asana aeuna ngan ka bupati lebak wungkul di
> rangkas.
>
> 7. ti pihak urang baduy, urang baduy mah ti baheula di dinya. asalna ti
> dinya. nya turunan batara cikal.nu diturunkeun kunu kawasa di dinya.
> sasakala dunya oge urang baduy mah boga. asalna cenah cair terus jadi teuas
> sagede jangjang reungit. terus ngagedean. jarang aya nu boga sasakala dunya
> model kitu. bisa nyaingan fisika modern cara big bag atawa hawking. haha.
>
> 8. soal agama, cek cenah kabehdieunakeun mah geus siga sandwich. kacampuran
> ti hindu buda islam. tapi dasarna nu monoteis tetep aya.
>
> tapi dina kosmologina mah, di bale nyungcung, nu ngersakeun (yg maha kuasa)
> tetep pangluhurna (dina islam mah arays kursyi tea meureun). di lapis
> handapna, tempat sunan ambu jeung nyi pohaci, terus ka handap, aya dalapan
> belas lapis, karek ka buana panca tengah (tempat manusa). konsep agama sunda
> wiwitan teu aya reinkarnasi oge sanes pantheisme (cara kejawen nu
> manunggaling kawula gusti). cek agama sunda wiwitan van baduy, roh jelema nu
> paeh, nepi na ka lapis kadua, ka tempat sunan ambu jeung nyi pohaci, teu
> nepi ka lapis tempat Nu Ngersakeun. logis!
>
> 9. sacara etnik, urang baduy urang sunda. tanya we mun panggih jeung urang
> baduy. sacara budaya, maranena ngaku leuwih sunda tibatan urang sunda di
> luar kanekes. sabab nu disebut sunda, cek maranehna, kudu jeung agamana.
> dina henteuna, urang baduy ngarasa urang sunda nu leuwih kolot. enya ari
> kitu na mah, sabab maranehna sunda sagalana utamana agamana.
>
> 10. urang baduy luar barisa maca tulis sawareh, utamana nu sok kaluar
> kanekes pikeun dagang produk baduy cara madu, baju, jsb. barisa
> sorangan/otodidak atawa dipapatahan ku babaturanana nu sarua sok daragang ka
> luar baduy.
>
> 11. asal kecap baduy: ti gunung baduy (pasir, lain gunung nu badag), antara
> kampung kaduketug (tempat kantor desa kanekes, deukeut terminal ciboleger.
> kaduketug ieu kampung baduy pangluarna ti arah ciboleger. kanekes, di ngaran
> salah lima walungan, cikanekes. aya oge ngaran walungan ciparahyang. sigana
> kecap parahyangan asalna ti dieu.
>
> 12. baju aslina nyieun sorangan tina serat kulit kayu. tapi ayeuna geus
> kacampuran ku bahan pabrik. baduy luar cirina marake baju hideung iket biru
> batik citak meuli ti tanah abah, baduy jero, baju bodas iket bodas.
>
> 12. geus heula ah lapar. hahaha
>
>
> **
>
>
>  
>

Kirim email ke