Kang Dudi dunia teh butuh jelema jiga kabayan,mun teu aya jelema jika kabayan 
dunia teh "garing" ceuk ABG tea, matak dina golek oge aya  si cepot, jelema 
macem si cepot/kabayan budak gaul, lantaran sok gaul bisa aub jeung saha wae, 
lomah, lantaran "guru" kebaikannya adalah pergaulan langsung (nyata),memang 
secara individu mah "kurang" berhasil hirupna...loba ulin.Beda jeung nu pinter, 
"guguru"na kana buku atanapi kana motivator, padahal kebaikan mah lain 
"doktrin/dogma" tapi kudu dilaksanakeun, lain dimotivatoran tapi dibere conto. 
Mun kebaikanana "doktrin" mah biasana, dunia nu "ideal" mah nurutkeun kana 
motivatorna (buku,idola dsjb), mun benten jeung motivatorna sok dianggap 
"mahiwal" , mun mahiwal dianggap kedah dilereskeun bari jeung dipaksa.Janten 
wae "fasis" kebaikan hahaha....matak teu aneh kunaon nu rekrut jadi radikal sok 
mahasiswa eksakta.
Tos heula.....
TM

--- Pada Jum, 10/12/10, Dudi Herlianto <[email protected]> menulis:

Dari: Dudi Herlianto <[email protected]>
Judul: Re: Sindrom Luar Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan
Kepada: [email protected]
Tanggal: Jumat, 10 Desember, 2010, 9:33 AM















 
 



  


    
      
      
      tah ieu ge jigana kalebet kana kesan rendah diri nya? naon bentenna humor 
sareng bodor? naha pedah humor asalna ti kecap bangsa deungeun nepi ka urang 
nganggap nu boga humor leuwih luhur ajenna tinimbang tukang bodor?


stereotif ceuk kuring teu kudu jadi bangbaung. da eta mah ukur kesan. nu 
biasana jauh ka heueuh. kuring mah leuwih ngahargaan upaya jiga nu dilakukeun 
utuy t. sontani nu teu hayang si kabayan leungit tina kesan urang sunda. henteu 
deuk ngaleuleungit. ngan manehna mah ningali si kabayan teh ti sisi sejen. 
kalakuan si kabayan nu jiga kitu disurahanna teh sabab si kabayan mah geus jadi 
'jelema nu teu nanaon ku nanaon'.


aya tulisan babaturan di facebook (http://tinyurl.com/2fmcmbn), nu nyurahan 
carita mang donal si meri jeung alo-alona, kwek, kwak, kwik. naha cenah 
hubungan nu dipake di dinya teh antara emang jeung alo, lain bapak jeung anak? 
cek si babaturan eta, eta teh dihaja, sabab hubungan bapak-anak mah sakral, 
bisa jadi lamun make hubungan ieu engke muncul budak-budak bangor cara kwik 
kwak kwek. sedeng hubungan emang-alo mah leuwih cair....


kitu deui, dina carita si kabayan, naha nu dipilih ku nu boga carita hubungan 
mitoha jeung minantu? jadi nu kedul teh minantu lain anak. bisa jadi alesanna 
cara milih hubungan mang donal jeung tilu alona. atawa minantu kedul mah 
gampang ngalikuidasina. heuheu


2010/12/10 Jalak Pakuan <[email protected]>
















 



  


    
      
      
      Obama mah ceuk sim kuring humoris sanes bodoris kang....Nya nu biasalah 
kang nu wajar atuh sapertos Ali Sadikin, Mochtar Kusumaatmaja, Sarwono 
Kusumaatmaja humoris tapi sanes bodoris. Nu karunya mah eta kang humoris teu 
kataekan bodoris teu kaasup heu heu..

 Makarya Mawa Raharja


Dari: Dudi Herlianto <[email protected]>
Kepada: [email protected]

Terkirim: Jum, 10 Desember, 2010 16:09:44
Judul: Re: Sindrom Luar Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan









 



    
      
      
      kuring mah sapuk jeung bah imun di lebah dieu mah, sunda mah majajaran. 
henteu hayang jadi pentul nu nepak dada, aing pangjangkungna. kuring milari 
sunda papak, sanes sunda punjul. bari na ge naon lepatna jadi tukang ngabodor? 
da nu disebut pamingpin kudu seurieus ge eta teh cek kuring mah stereotip deui 
wae. urang tangtu bisa ningali kumaha gedena obama basa pidato di ui, ceuk 
kuring mah jauh tina kesan pamingpin seurieus jiga sby... haha



2010/12/10 Firman Syafei <[email protected]>

















 



  


    
      
      
      
kang jalak nyerat :
"staying power urang sunda di ieu milis bisa keyeng henteu lamun
 ngabahas hiji pasualan/topik nepi ka tuntas, atawa lumpatna kitu 
imej/image urang sunda nu "tukang ngabodor". Ceuk sababaraha babaturan 
stereotip urang sunda mah teu bisa jadi pamimpin sabab loba heureuyna."

tah iyeu salah sahiji masalah urang sunda anu gaduh "stereotip" goreng.. abdi 
ge ningali urang sunda sohorna dina ngalawak tapi rada "sepi" ti prestasi anu 
sanes.. pendapat abdi, lamun stereotip urang sunda ayeuna kurang sae, urang 
sadayana kudu ngadamel stereotip anyar sapertos adolf hitler "ngabentuk bangsa 
jerman anu arya" padahal harita kakara eleh perang



--- On Thu, 12/9/10, Jalak Pakuan <[email protected]> wrote:


From: Jalak Pakuan <[email protected]>

Subject: Sindrom Luar  Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan
To: [email protected]
Date: Thursday, December 9, 2010, 11:27 PM









 



    
      
      
      Sae KO pami seueur topik bahasan, tapi  kapan ceuk babasaan "menu 
dahareun salawasna leuwih loba batan kamampuan ngadahar",  bisa2 sanes 
kamerkaan deui tapi nepi ka utah. Kitu oge dina ngabahas ari luar leor 
kamana-mana bari teu araranggeus ngabahasna mah asa manglebarkeun sabab 
numutkeun sim kuring nu narulis di milis baroga uteuk, pangalaman nu hade. Teu 
puguh naon nu kaala dina padungdengan lian ti pagetreng pahereng2, mending 
lamun nepi ka "sepakat dina perbedaan". Ari ieu mah lus les teu jelas. Memang 
hakna narulis tapi lamun niat hade mah kapan dina rapat moal jadi nanaon lamun 
hujan interupsi, interupsi diinterupsi terus we nepi ka poho kana substansi nu 
dibahas, dirapatkeun.



Ah sakalian we kuring nek nempo konsistensi, staying power urang sunda di ieu 
milis bisa keyeng henteu lamun
 ngabahas hiji pasualan/topik nepi ka tuntas, atawa lumpatna kitu imej/image 
urang sunda nu "tukang ngabodor". Ceuk sababaraha babaturan stereotip urang 
sunda mah teu bisa jadi pamimpin sabab loba heureuyna.



Kurang leuwihna nyuhunkeun dihapunten ka sadaya bilih nyugak ngaraheutkeun 
intelektual, psikis, hargadiri asa dipapatahan. Anapon KO ditulis sanes 
khususon ka KO, pedah kenal we jembar manahna jeung moderator deuih jadi apal 
maksud tulisan ieu.



salam,
wilujeng jumaahan ka nu muslim
JP
 Makarya Mawa Raharja



Dari: oman abdurahman
 <[email protected]>
Kepada: [email protected]


Terkirim: Jum, 10 Desember, 2010 09:56:49
Judul: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan








 



    
      
      
      Baraya,

Ngabageakeun Mh anu geus ngamimitian posting guaran ilmiah populer ngeunaan 
psikologi atawa kajiwaan, si kuring kacida bungahna lamun di milist kisunda 
digedekeun guaran-guaran perkara psikologi atawa kajiwaan. Aya hadena 
sababaraha dulur urang anu parigel atawa anu widang akademisna urusan kajiwaan 
ieu diajak aktif atawa dihaturanan icikibung di ieu milist.




Apan ceuk sawatara ahli, aya 4 disiplin elmu anu wajib dipikawanoh tur 
dilarapkeun kalawan parigel ku hiji pamimpin, lamun kapamimpinanana hayang 
sukses. Anu opat teh nyaeta: filsafat, hukum, psikologi jeung komunikasi. Keun 
lah elmu2 alam jeung sosial sejenna mah loba ahlina, kari ngamenej wae. Tapi 
anu 4 eta mah mutlak kudu aya di hiji pamimpin.




Mangga dilajengkeun.

manar





    
     








    
     



 


___






  









-- 
d-: dudi herlianto :-qpaciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk




    
     





._,___






  









-- 
d-: dudi herlianto :-qpaciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk



    
     

    
    


 



  










Kirim email ke