tah ieu ge jigana kalebet kana kesan rendah diri nya? naon bentenna humor
sareng bodor? naha pedah humor asalna ti kecap bangsa deungeun nepi ka urang
nganggap nu boga humor leuwih luhur ajenna tinimbang tukang bodor?

stereotif ceuk kuring teu kudu jadi bangbaung. da eta mah ukur kesan. nu
biasana jauh ka heueuh. kuring mah leuwih ngahargaan upaya jiga nu
dilakukeun utuy t. sontani nu teu hayang si kabayan leungit tina kesan urang
sunda. henteu deuk ngaleuleungit. ngan manehna mah ningali si kabayan teh ti
sisi sejen. kalakuan si kabayan nu jiga kitu disurahanna teh sabab si
kabayan mah geus jadi 'jelema nu teu nanaon ku nanaon'.

aya tulisan babaturan di facebook (*http://tinyurl.com/2fmcmbn)*, nu
nyurahan carita mang donal si meri jeung alo-alona, kwek, kwak, kwik. naha
cenah hubungan nu dipake di dinya teh antara emang jeung alo, lain bapak
jeung anak? cek si babaturan eta, eta teh dihaja, sabab hubungan bapak-anak
mah sakral, bisa jadi lamun make hubungan ieu engke muncul budak-budak
bangor cara kwik kwak kwek. sedeng hubungan emang-alo mah leuwih cair....

kitu deui, dina carita si kabayan, naha nu dipilih ku nu boga carita
hubungan mitoha jeung minantu? jadi nu kedul teh minantu lain anak. bisa
jadi alesanna cara milih hubungan mang donal jeung tilu alona. atawa minantu
kedul mah gampang ngalikuidasina. heuheu

2010/12/10 Jalak Pakuan <[email protected]>

>
>
> Obama mah ceuk sim kuring humoris sanes bodoris kang....Nya nu biasalah
> kang nu wajar atuh sapertos Ali Sadikin, Mochtar Kusumaatmaja, Sarwono
> Kusumaatmaja humoris tapi sanes bodoris. Nu karunya mah eta kang humoris teu
> kataekan bodoris teu kaasup heu heu..
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
> ------------------------------
> *Dari:* Dudi Herlianto <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Terkirim:* Jum, 10 Desember, 2010 16:09:44
> *Judul:* Re: Sindrom Luar Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung
> Kapamimpinan
>
>
>
> kuring mah sapuk jeung bah imun di lebah dieu mah, sunda mah majajaran.
> henteu hayang jadi pentul nu nepak dada, aing pangjangkungna. kuring milari
> sunda papak, sanes sunda punjul. bari na ge naon lepatna jadi tukang
> ngabodor? da nu disebut pamingpin kudu seurieus ge eta teh cek kuring mah
> stereotip deui wae. urang tangtu bisa ningali kumaha gedena obama basa
> pidato di ui, ceuk kuring mah jauh tina kesan pamingpin seurieus jiga sby...
> haha
>
> 2010/12/10 Firman Syafei <[email protected]>
>
>>
>>
>> kang jalak nyerat :
>>
>> "staying power urang sunda di ieu milis bisa keyeng henteu lamun ngabahas
>> hiji pasualan/topik nepi ka tuntas, atawa lumpatna kitu imej/image urang
>> sunda nu "tukang ngabodor". Ceuk sababaraha babaturan stereotip urang sunda
>> mah teu bisa jadi pamimpin sabab loba heureuyna."
>>
>> tah iyeu salah sahiji masalah urang sunda anu gaduh "stereotip" goreng..
>> abdi ge ningali urang sunda sohorna dina ngalawak tapi rada "sepi" ti
>> prestasi anu sanes.. pendapat abdi, lamun stereotip urang sunda ayeuna
>> kurang sae, urang sadayana kudu ngadamel stereotip anyar sapertos adolf
>> hitler "ngabentuk bangsa jerman anu arya" padahal harita kakara eleh perang
>>
>>
>> --- On *Thu, 12/9/10, Jalak Pakuan <[email protected]>* wrote:
>>
>>
>> From: Jalak Pakuan <[email protected]>
>> Subject: Sindrom Luar Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan
>> To: [email protected]
>> Date: Thursday, December 9, 2010, 11:27 PM
>>
>>
>>
>> Sae KO pami seueur topik bahasan, tapi  kapan ceuk babasaan "menu dahareun
>> salawasna leuwih loba batan kamampuan ngadahar",  bisa2 sanes kamerkaan deui
>> tapi nepi ka utah. Kitu oge dina ngabahas ari luar leor kamana-mana bari teu
>> araranggeus ngabahasna mah asa manglebarkeun sabab numutkeun sim kuring nu
>> narulis di milis baroga uteuk, pangalaman nu hade. Teu puguh naon nu kaala
>> dina padungdengan lian ti pagetreng pahereng2, mending lamun nepi ka
>> "sepakat dina perbedaan". Ari ieu mah lus les teu jelas. Memang hakna
>> narulis tapi lamun niat hade mah kapan dina rapat moal jadi nanaon lamun
>> hujan interupsi, interupsi diinterupsi terus we nepi ka poho kana substansi
>> nu dibahas, dirapatkeun.
>>
>> Ah sakalian we kuring nek nempo konsistensi, staying power urang sunda di
>> ieu milis bisa keyeng henteu lamun ngabahas hiji pasualan/topik nepi ka
>> tuntas, atawa lumpatna kitu imej/image urang sunda nu "tukang ngabodor".
>> Ceuk sababaraha babaturan stereotip urang sunda mah teu bisa jadi pamimpin
>> sabab loba heureuyna.
>>
>> Kurang leuwihna nyuhunkeun dihapunten ka sadaya bilih nyugak ngaraheutkeun
>> intelektual, psikis, hargadiri asa dipapatahan. Anapon KO ditulis sanes
>> khususon ka KO, pedah kenal we jembar manahna jeung moderator deuih jadi
>> apal maksud tulisan ieu.
>>
>> salam,
>> wilujeng jumaahan ka nu muslim
>> JP
>>
>> Makarya Mawa Raharja
>>
>>
>> ------------------------------
>> *Dari:* oman abdurahman <[email protected]>
>> *Kepada:* [email protected]
>> *Terkirim:* Jum, 10 Desember, 2010 09:56:49
>> *Judul:* [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan
>>
>>
>>
>> Baraya,
>>
>> Ngabageakeun Mh anu geus ngamimitian posting guaran ilmiah populer
>> ngeunaan psikologi atawa kajiwaan, si kuring kacida bungahna lamun di milist
>> kisunda digedekeun guaran-guaran perkara psikologi atawa kajiwaan. Aya
>> hadena sababaraha dulur urang anu parigel atawa anu widang akademisna urusan
>> kajiwaan ieu diajak aktif atawa dihaturanan icikibung di ieu milist.
>>
>> Apan ceuk sawatara ahli, aya 4 disiplin elmu anu wajib dipikawanoh tur
>> dilarapkeun kalawan parigel ku hiji pamimpin, lamun kapamimpinanana hayang
>> sukses. Anu opat teh nyaeta: filsafat, hukum, psikologi jeung komunikasi.
>> Keun lah elmu2 alam jeung sosial sejenna mah loba ahlina, kari ngamenej wae.
>> Tapi anu 4 eta mah mutlak kudu aya di hiji pamimpin.
>>
>> Mangga dilajengkeun.
>>
>> manar
>>
>>
>>
>>  ___
>>
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> paciringan.wordpress.com
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>  ._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke