Heu heu rungsing mah henteu ieu "terpesona" we ka urang sunda nu baroga jurus 8 
penjuru angin, kamana arah angin diskusi mo teu dilayanan bae. Nya kuring ge 
teu 
aya hayang maksa kudu saarah dua arah nu sarua kooomo jeung matak kuring jadi 
rungsing hareeng mah....ah rugi bandar atuh heu heu.... Ayeuna mah rek diajar 
leukeun we lah nya...

salam
JP
 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: mh <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Jum, 10 Desember, 2010 16:42:45
Judul: Re: Sindrom Luar Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan

  
Tenang Kang Dud, Kang JP teh keur rungsing pikir jigana pedah hayang ngabahas 
sababaraha topik ari nu kaluar rabul topik-topik anyar deui numatak si dia 
geregeteun Hehehe. Aya psikologi aya hukum jeung sajabana. Meureun ieu ge 
sindrom anyar deui wae sindrom gede kahayang kurang suporter. 


Memang rada hese kang JP rek ngabahas hiji perkara nepi ka tuntas teh Kajaba 
urang boga inisiatif sorangan leukeun mulunganana Atuda taya saurang ge nu bisa 
maksa sina ngabahas nu dipikahayang ku urang
  


2010/12/10 Dudi Herlianto <[email protected]>

  
>tah ieu ge jigana kalebet kana kesan rendah diri nya? naon bentenna humor 
>sareng 
>bodor? naha pedah humor asalna ti kecap bangsa deungeun nepi ka urang nganggap 
>nu boga humor leuwih luhur ajenna tinimbang tukang bodor?
>
>stereotif ceuk kuring teu kudu jadi bangbaung. da eta mah ukur kesan. nu 
>biasana 
>jauh ka heueuh. kuring mah leuwih ngahargaan upaya jiga nu dilakukeun utuy t. 
>sontani nu teu hayang si kabayan leungit tina kesan urang sunda. henteu deuk 
>ngaleuleungit. ngan manehna mah ningali si kabayan teh ti sisi sejen. kalakuan 
>si kabayan nu jiga kitu disurahanna teh sabab si kabayan mah geus jadi 'jelema 
>nu teu nanaon ku nanaon'.
>
>aya tulisan babaturan di facebook (http://tinyurl.com/2fmcmbn), nu nyurahan 
>carita mang donal si meri jeung alo-alona, kwek, kwak, kwik. naha cenah 
>hubungan 
>nu dipake di dinya teh antara emang jeung alo, lain bapak jeung anak? cek si 
>babaturan eta, eta teh dihaja, sabab hubungan bapak-anak mah sakral, bisa jadi 
>lamun make hubungan ieu engke muncul budak-budak bangor cara kwik kwak kwek. 
>sedeng hubungan emang-alo mah leuwih cair....
>
>kitu deui, dina carita si kabayan, naha nu dipilih ku nu boga carita hubungan 
>mitoha jeung minantu? jadi nu kedul teh minantu lain anak. bisa jadi alesanna 
>cara milih hubungan mang donal jeung tilu alona. atawa minantu kedul mah 
>gampang 
>ngalikuidasina. heuheu
>
>
>2010/12/10 Jalak Pakuan <[email protected]>
>
>  
>>Obama mah ceuk sim kuring humoris sanes bodoris kang....Nya nu biasalah kang 
>>nu 
>>wajar atuh sapertos Ali Sadikin, Mochtar Kusumaatmaja, Sarwono Kusumaatmaja 
>>humoris tapi sanes bodoris. Nu karunya mah eta kang humoris teu kataekan 
>>bodoris 
>>teu kaasup heu heu..
>>
>>
>>Makarya Mawa Raharja
>>
>>
>>
>> 

Kirim email ke