Keur ceu Otih mah carita si Kabayan teh jadi thesis S2-na, bejana rek diteruskeun ka S3-na. Jadi alih-alih dieundeuk-eundeuk, malah folklor nu aya teh dimanfaatkeun.
Kang Dudi, alesan sejenna: supaya ati-ati nya milih minantu (keur nu rek jadi mitoha); atawa sing ati-ati dina milih mitoha (keur anu dina posisi salaku "si kabayan"). manar 2010/12/10 Dudi Herlianto <[email protected]> > > > tah ieu ge jigana kalebet kana kesan rendah diri nya? naon bentenna humor > sareng bodor? naha pedah humor asalna ti kecap bangsa deungeun nepi ka urang > nganggap nu boga humor leuwih luhur ajenna tinimbang tukang bodor? > > stereotif ceuk kuring teu kudu jadi bangbaung. da eta mah ukur kesan. nu > biasana jauh ka heueuh. kuring mah leuwih ngahargaan upaya jiga nu > dilakukeun utuy t. sontani nu teu hayang si kabayan leungit tina kesan urang > sunda. henteu deuk ngaleuleungit. ngan manehna mah ningali si kabayan teh ti > sisi sejen. kalakuan si kabayan nu jiga kitu disurahanna teh sabab si > kabayan mah geus jadi 'jelema nu teu nanaon ku nanaon'. > > aya tulisan babaturan di facebook (*http://tinyurl.com/2fmcmbn)*, nu > nyurahan carita mang donal si meri jeung alo-alona, kwek, kwak, kwik. naha > cenah hubungan nu dipake di dinya teh antara emang jeung alo, lain bapak > jeung anak? cek si babaturan eta, eta teh dihaja, sabab hubungan bapak-anak > mah sakral, bisa jadi lamun make hubungan ieu engke muncul budak-budak > bangor cara kwik kwak kwek. sedeng hubungan emang-alo mah leuwih cair.... > > kitu deui, dina carita si kabayan, naha nu dipilih ku nu boga carita > hubungan mitoha jeung minantu? jadi nu kedul teh minantu lain anak. bisa > jadi alesanna cara milih hubungan mang donal jeung tilu alona. atawa minantu > kedul mah gampang ngalikuidasina. heuheu > > 2010/12/10 Jalak Pakuan <[email protected]> > >> >> >> Obama mah ceuk sim kuring humoris sanes bodoris kang....Nya nu biasalah >> kang nu wajar atuh sapertos Ali Sadikin, Mochtar Kusumaatmaja, Sarwono >> Kusumaatmaja humoris tapi sanes bodoris. Nu karunya mah eta kang humoris teu >> kataekan bodoris teu kaasup heu heu.. >> >> Makarya Mawa Raharja >> >> >> ------------------------------ >> *Dari:* Dudi Herlianto <[email protected]> >> *Kepada:* [email protected] >> *Terkirim:* Jum, 10 Desember, 2010 16:09:44 >> *Judul:* Re: Sindrom Luar Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung >> Kapamimpinan >> >> >> >> kuring mah sapuk jeung bah imun di lebah dieu mah, sunda mah majajaran. >> henteu hayang jadi pentul nu nepak dada, aing pangjangkungna. kuring milari >> sunda papak, sanes sunda punjul. bari na ge naon lepatna jadi tukang >> ngabodor? da nu disebut pamingpin kudu seurieus ge eta teh cek kuring mah >> stereotip deui wae. urang tangtu bisa ningali kumaha gedena obama basa >> pidato di ui, ceuk kuring mah jauh tina kesan pamingpin seurieus jiga sby... >> haha >> >> 2010/12/10 Firman Syafei <[email protected]> >> >>> >>> >>> kang jalak nyerat : >>> >>> "staying power urang sunda di ieu milis bisa keyeng henteu lamun ngabahas >>> hiji pasualan/topik nepi ka tuntas, atawa lumpatna kitu imej/image urang >>> sunda nu "tukang ngabodor". Ceuk sababaraha babaturan stereotip urang sunda >>> mah teu bisa jadi pamimpin sabab loba heureuyna." >>> >>> tah iyeu salah sahiji masalah urang sunda anu gaduh "stereotip" goreng.. >>> abdi ge ningali urang sunda sohorna dina ngalawak tapi rada "sepi" ti >>> prestasi anu sanes.. pendapat abdi, lamun stereotip urang sunda ayeuna >>> kurang sae, urang sadayana kudu ngadamel stereotip anyar sapertos adolf >>> hitler "ngabentuk bangsa jerman anu arya" padahal harita kakara eleh perang >>> >>> >>> --- On *Thu, 12/9/10, Jalak Pakuan <[email protected]>* wrote: >>> >>> >>> From: Jalak Pakuan <[email protected]> >>> Subject: Sindrom Luar Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan >>> To: [email protected] >>> Date: Thursday, December 9, 2010, 11:27 PM >>> >>> >>> >>> Sae KO pami seueur topik bahasan, tapi kapan ceuk babasaan "menu >>> dahareun salawasna leuwih loba batan kamampuan ngadahar", bisa2 sanes >>> kamerkaan deui tapi nepi ka utah. Kitu oge dina ngabahas ari luar leor >>> kamana-mana bari teu araranggeus ngabahasna mah asa manglebarkeun sabab >>> numutkeun sim kuring nu narulis di milis baroga uteuk, pangalaman nu hade. >>> Teu puguh naon nu kaala dina padungdengan lian ti pagetreng pahereng2, >>> mending lamun nepi ka "sepakat dina perbedaan". Ari ieu mah lus les teu >>> jelas. Memang hakna narulis tapi lamun niat hade mah kapan dina rapat moal >>> jadi nanaon lamun hujan interupsi, interupsi diinterupsi terus we nepi ka >>> poho kana substansi nu dibahas, dirapatkeun. >>> >>> Ah sakalian we kuring nek nempo konsistensi, staying power urang sunda di >>> ieu milis bisa keyeng henteu lamun ngabahas hiji pasualan/topik nepi ka >>> tuntas, atawa lumpatna kitu imej/image urang sunda nu "tukang ngabodor". >>> Ceuk sababaraha babaturan stereotip urang sunda mah teu bisa jadi pamimpin >>> sabab loba heureuyna. >>> >>> Kurang leuwihna nyuhunkeun dihapunten ka sadaya bilih nyugak >>> ngaraheutkeun intelektual, psikis, hargadiri asa dipapatahan. Anapon KO >>> ditulis sanes khususon ka KO, pedah kenal we jembar manahna jeung moderator >>> deuih jadi apal maksud tulisan ieu. >>> >>> salam, >>> wilujeng jumaahan ka nu muslim >>> JP >>> >>> Makarya Mawa Raharja >>> >>> >>> ------------------------------ >>> *Dari:* oman abdurahman <[email protected]> >>> *Kepada:* [email protected] >>> *Terkirim:* Jum, 10 Desember, 2010 09:56:49 >>> *Judul:* [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan >>> >>> >>> >>> Baraya, >>> >>> Ngabageakeun Mh anu geus ngamimitian posting guaran ilmiah populer >>> ngeunaan psikologi atawa kajiwaan, si kuring kacida bungahna lamun di milist >>> kisunda digedekeun guaran-guaran perkara psikologi atawa kajiwaan. Aya >>> hadena sababaraha dulur urang anu parigel atawa anu widang akademisna urusan >>> kajiwaan ieu diajak aktif atawa dihaturanan icikibung di ieu milist. >>> >>> Apan ceuk sawatara ahli, aya 4 disiplin elmu anu wajib dipikawanoh tur >>> dilarapkeun kalawan parigel ku hiji pamimpin, lamun kapamimpinanana hayang >>> sukses. Anu opat teh nyaeta: filsafat, hukum, psikologi jeung komunikasi. >>> Keun lah elmu2 alam jeung sosial sejenna mah loba ahlina, kari ngamenej wae. >>> Tapi anu 4 eta mah mutlak kudu aya di hiji pamimpin. >>> >>> Mangga dilajengkeun. >>> >>> manar >>> >>> >>> >>> ___ >>> >> >> >> >> -- >> d-: dudi herlianto :-q >> paciringan.wordpress.com >> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk >> >> ._,___ >> > > > > -- > d-: dudi herlianto :-q > paciringan.wordpress.com > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > > >
