jigana mah palsapah 'tenang' eta teu cocok upami dilarapkeun kana kajadian nu 'sanajan'. tapi kana kajadina nu 'da'. cobi we perhatikeun tilu conto kalimah ti emang.
2010/12/10 oman abdurahman <[email protected]> > > > Kagok ngaleor sigana mah hehehe, tapi Insya Alloh kaasup masalah anu keur > diguar keneg, psikologi eta. Eta, kataji ku kecap "tenang" nu dipake ku Mh. > > Cikan dulur sadaya, ari dina basa sejen naha aya pigunaan kecap "tenang" > dina obrolan model dina basa/masyarakat Sunda? Geura wae apan dina basa > Sunda atawa dina obrola sapopoe di jero masyarakat Sunda mah mindeng pisan > kakuping kalimah2 anu ngagunakeun kecap "tenang" model dihandap ieu: > "Tenang wae euy, ujianna oge lila keneh!" > "Tenang wae, da moal nanaon ieuh!" > "Tenang wae, kuring anu tanggungjawab!" > jrrd > > Tah, ari basa teh apan ngebrehkeun cara urang mikir atawa cara urang > narengsekeun hiji perkara atawa sikep urang dina nyanghareupan hiji hal anu > dikomunikasikeun ku alat kominukasi lisan anu geus jadi kasapukan hiji > masyarakat. Upama ngan ukur dina basa Sunda wae eta kapanggihna pigunaan > kecap "tenang", tangtu ieu oge nuduhkeun hiji sikep hirup urang Sunda anu > sing sarwa tenang. Tenang wae sanajan lemah cai geus heuring ku tangtung > atawa leuweung geus raruksak hehehe. Hiji sikep hirup anu - istilah kang > Ndud mah - paska "nanaon" alias "teu nanaon ku nanaon" tea meureun. > > Lebah dieu, si kuring ras inget ka sobat mangsa keur kuliah. Manehna teh > waktu keur kuliah kacida sangsarana sabab beaya keur kuliah ti kolotna > salawasna teu nyukupan. Dua taunan gaul jeung manehna dina harti anu > deukeut, sahenteuna sakost-kostan, tembong aya 2 rumus hirup manehna anu - > ceuk kuring - jadi modal manehna dina nyanghareupan kasulitan hirupna. > Mindeng pisan manehna ngaungkabkeun eta dua kalimah dina kahirupan sapopoe > atawa dina nyanghareupan masalah-masalah anu dirandapanana. Kalimah anu dua > teh kieu: > "Hirup mah durang duraring" jeung "Watenanging jeung kudu tenang". > > Cag > manar > > > 2010/12/10 mh <[email protected]> > >> >> >> Tenang Kang Dud, Kang JP teh keur rungsing pikir jigana pedah hayang >> ngabahas sababaraha topik ari nu kaluar rabul topik-topik anyar deui numatak >> si dia geregeteun Hehehe. Aya psikologi aya hukum jeung sajabana. Meureun >> ieu ge sindrom anyar deui wae sindrom gede kahayang kurang suporter. >> >> Memang rada hese kang JP rek ngabahas hiji perkara nepi ka tuntas teh >> Kajaba urang boga inisiatif sorangan leukeun mulunganana Atuda taya saurang >> ge nu bisa maksa sina ngabahas nu dipikahayang ku urang >> >> >> 2010/12/10 Dudi Herlianto <[email protected]> >> >> >>> >>> tah ieu ge jigana kalebet kana kesan rendah diri nya? naon bentenna humor >>> sareng bodor? naha pedah humor asalna ti kecap bangsa deungeun nepi ka urang >>> nganggap nu boga humor leuwih luhur ajenna tinimbang tukang bodor? >>> >>> stereotif ceuk kuring teu kudu jadi bangbaung. da eta mah ukur kesan. nu >>> biasana jauh ka heueuh. kuring mah leuwih ngahargaan upaya jiga nu >>> dilakukeun utuy t. sontani nu teu hayang si kabayan leungit tina kesan urang >>> sunda. henteu deuk ngaleuleungit. ngan manehna mah ningali si kabayan teh ti >>> sisi sejen. kalakuan si kabayan nu jiga kitu disurahanna teh sabab si >>> kabayan mah geus jadi 'jelema nu teu nanaon ku nanaon'. >>> >>> aya tulisan babaturan di facebook (*http://tinyurl.com/2fmcmbn)*, nu >>> nyurahan carita mang donal si meri jeung alo-alona, kwek, kwak, kwik. naha >>> cenah hubungan nu dipake di dinya teh antara emang jeung alo, lain bapak >>> jeung anak? cek si babaturan eta, eta teh dihaja, sabab hubungan bapak-anak >>> mah sakral, bisa jadi lamun make hubungan ieu engke muncul budak-budak >>> bangor cara kwik kwak kwek. sedeng hubungan emang-alo mah leuwih cair.... >>> >>> kitu deui, dina carita si kabayan, naha nu dipilih ku nu boga carita >>> hubungan mitoha jeung minantu? jadi nu kedul teh minantu lain anak. bisa >>> jadi alesanna cara milih hubungan mang donal jeung tilu alona. atawa minantu >>> kedul mah gampang ngalikuidasina. heuheu >>> >>> 2010/12/10 Jalak Pakuan <[email protected]> >>> >>>> >>>> >>>> Obama mah ceuk sim kuring humoris sanes bodoris kang....Nya nu biasalah >>>> kang nu wajar atuh sapertos Ali Sadikin, Mochtar Kusumaatmaja, Sarwono >>>> Kusumaatmaja humoris tapi sanes bodoris. Nu karunya mah eta kang humoris >>>> teu >>>> kataekan bodoris teu kaasup heu heu.. >>>> >>>> Makarya Mawa Raharja >>>> >>>> >>>> ------------------------------ >>>> *Dari:* Dudi Herlianto <[email protected]> >>>> *Kepada:* [email protected] >>>> *Terkirim:* Jum, 10 Desember, 2010 16:09:44 >>>> *Judul:* Re: Sindrom Luar Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung >>>> Kapamimpinan >>>> >>>> >>>> >>>> kuring mah sapuk jeung bah imun di lebah dieu mah, sunda mah majajaran. >>>> henteu hayang jadi pentul nu nepak dada, aing pangjangkungna. kuring milari >>>> sunda papak, sanes sunda punjul. bari na ge naon lepatna jadi tukang >>>> ngabodor? da nu disebut pamingpin kudu seurieus ge eta teh cek kuring mah >>>> stereotip deui wae. urang tangtu bisa ningali kumaha gedena obama basa >>>> pidato di ui, ceuk kuring mah jauh tina kesan pamingpin seurieus jiga >>>> sby... >>>> haha >>>> >>>> 2010/12/10 Firman Syafei <[email protected]> >>>> >>>>> >>>>> >>>>> kang jalak nyerat : >>>>> >>>>> "staying power urang sunda di ieu milis bisa keyeng henteu lamun >>>>> ngabahas hiji pasualan/topik nepi ka tuntas, atawa lumpatna kitu >>>>> imej/image >>>>> urang sunda nu "tukang ngabodor". Ceuk sababaraha babaturan stereotip >>>>> urang >>>>> sunda mah teu bisa jadi pamimpin sabab loba heureuyna." >>>>> >>>>> tah iyeu salah sahiji masalah urang sunda anu gaduh "stereotip" >>>>> goreng.. abdi ge ningali urang sunda sohorna dina ngalawak tapi rada >>>>> "sepi" >>>>> ti prestasi anu sanes.. pendapat abdi, lamun stereotip urang sunda ayeuna >>>>> kurang sae, urang sadayana kudu ngadamel stereotip anyar sapertos adolf >>>>> hitler "ngabentuk bangsa jerman anu arya" padahal harita kakara eleh >>>>> perang >>>>> >>>>> >>>>> --- On *Thu, 12/9/10, Jalak Pakuan <[email protected]>* wrote: >>>>> >>>>> >>>>> From: Jalak Pakuan <[email protected]> >>>>> Subject: Sindrom Luar Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan >>>>> To: [email protected] >>>>> Date: Thursday, December 9, 2010, 11:27 PM >>>>> >>>>> >>>>> >>>>> Sae KO pami seueur topik bahasan, tapi kapan ceuk babasaan "menu >>>>> dahareun salawasna leuwih loba batan kamampuan ngadahar", bisa2 sanes >>>>> kamerkaan deui tapi nepi ka utah. Kitu oge dina ngabahas ari luar leor >>>>> kamana-mana bari teu araranggeus ngabahasna mah asa manglebarkeun sabab >>>>> numutkeun sim kuring nu narulis di milis baroga uteuk, pangalaman nu hade. >>>>> Teu puguh naon nu kaala dina padungdengan lian ti pagetreng pahereng2, >>>>> mending lamun nepi ka "sepakat dina perbedaan". Ari ieu mah lus les teu >>>>> jelas. Memang hakna narulis tapi lamun niat hade mah kapan dina rapat moal >>>>> jadi nanaon lamun hujan interupsi, interupsi diinterupsi terus we nepi ka >>>>> poho kana substansi nu dibahas, dirapatkeun. >>>>> >>>>> Ah sakalian we kuring nek nempo konsistensi, staying power urang sunda >>>>> di ieu milis bisa keyeng henteu lamun ngabahas hiji pasualan/topik nepi ka >>>>> tuntas, atawa lumpatna kitu imej/image urang sunda nu "tukang ngabodor". >>>>> Ceuk sababaraha babaturan stereotip urang sunda mah teu bisa jadi pamimpin >>>>> sabab loba heureuyna. >>>>> >>>>> Kurang leuwihna nyuhunkeun dihapunten ka sadaya bilih nyugak >>>>> ngaraheutkeun intelektual, psikis, hargadiri asa dipapatahan. Anapon KO >>>>> ditulis sanes khususon ka KO, pedah kenal we jembar manahna jeung >>>>> moderator >>>>> deuih jadi apal maksud tulisan ieu. >>>>> >>>>> salam, >>>>> wilujeng jumaahan ka nu muslim >>>>> JP >>>>> >>>>> Makarya Mawa Raharja >>>>> >>>>> >>>>> ------------------------------ >>>>> *Dari:* oman abdurahman <[email protected]> >>>>> *Kepada:* [email protected] >>>>> *Terkirim:* Jum, 10 Desember, 2010 09:56:49 >>>>> *Judul:* [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan >>>>> >>>>> >>>>> >>>>> Baraya, >>>>> >>>>> Ngabageakeun Mh anu geus ngamimitian posting guaran ilmiah populer >>>>> ngeunaan psikologi atawa kajiwaan, si kuring kacida bungahna lamun di >>>>> milist >>>>> kisunda digedekeun guaran-guaran perkara psikologi atawa kajiwaan. Aya >>>>> hadena sababaraha dulur urang anu parigel atawa anu widang akademisna >>>>> urusan >>>>> kajiwaan ieu diajak aktif atawa dihaturanan icikibung di ieu milist. >>>>> >>>>> Apan ceuk sawatara ahli, aya 4 disiplin elmu anu wajib dipikawanoh tur >>>>> dilarapkeun kalawan parigel ku hiji pamimpin, lamun kapamimpinanana hayang >>>>> sukses. Anu opat teh nyaeta: filsafat, hukum, psikologi jeung komunikasi. >>>>> Keun lah elmu2 alam jeung sosial sejenna mah loba ahlina, kari ngamenej >>>>> wae. >>>>> Tapi anu 4 eta mah mutlak kudu aya di hiji pamimpin. >>>>> >>>>> Mangga dilajengkeun. >>>>> >>>>> manar >>>>> >>>>> >>>>> >>>>> ___ > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
