walah mantap, mang. kumaha lamun eta thesis teh dijantenkeun buku popiler (cek mangle mah ieu teh basa sundana populer :p) cara thesis heubeul urang walanda ngeunaan kabayan tea.
si kabayan ge jadi kedulna teh sanggeus jadi minantuna si abah. pan cek film mah basa si kabayan bubujangan gawena teh di kebon terus. nepi ka datang urang batawi (diperankeun ku tokoh batawi paling kawentar, bang ben), nu hayang meuli tanah tea. si kabayan mah hade, henteu hejo kana duit. najan dibibita duit sagunung, manehna keukeuh moal ngajual taneuh warisan karuhunna... :p tuh pan cek saha si kabayan goreng? haha 2010/12/10 oman abdurahman <[email protected]> > > > Keur ceu Otih mah carita si Kabayan teh jadi thesis S2-na, bejana rek > diteruskeun ka S3-na. Jadi alih-alih dieundeuk-eundeuk, malah folklor nu aya > teh dimanfaatkeun. > > Kang Dudi, alesan sejenna: supaya ati-ati nya milih minantu (keur nu rek > jadi mitoha); atawa sing ati-ati dina milih mitoha (keur anu dina posisi > salaku "si kabayan"). > > manar > > > 2010/12/10 Dudi Herlianto <[email protected]> > > >> >> tah ieu ge jigana kalebet kana kesan rendah diri nya? naon bentenna humor >> sareng bodor? naha pedah humor asalna ti kecap bangsa deungeun nepi ka urang >> nganggap nu boga humor leuwih luhur ajenna tinimbang tukang bodor? >> >> stereotif ceuk kuring teu kudu jadi bangbaung. da eta mah ukur kesan. nu >> biasana jauh ka heueuh. kuring mah leuwih ngahargaan upaya jiga nu >> dilakukeun utuy t. sontani nu teu hayang si kabayan leungit tina kesan urang >> sunda. henteu deuk ngaleuleungit. ngan manehna mah ningali si kabayan teh ti >> sisi sejen. kalakuan si kabayan nu jiga kitu disurahanna teh sabab si >> kabayan mah geus jadi 'jelema nu teu nanaon ku nanaon'. >> >> aya tulisan babaturan di facebook (*http://tinyurl.com/2fmcmbn)*, nu >> nyurahan carita mang donal si meri jeung alo-alona, kwek, kwak, kwik. naha >> cenah hubungan nu dipake di dinya teh antara emang jeung alo, lain bapak >> jeung anak? cek si babaturan eta, eta teh dihaja, sabab hubungan bapak-anak >> mah sakral, bisa jadi lamun make hubungan ieu engke muncul budak-budak >> bangor cara kwik kwak kwek. sedeng hubungan emang-alo mah leuwih cair.... >> >> kitu deui, dina carita si kabayan, naha nu dipilih ku nu boga carita >> hubungan mitoha jeung minantu? jadi nu kedul teh minantu lain anak. bisa >> jadi alesanna cara milih hubungan mang donal jeung tilu alona. atawa minantu >> kedul mah gampang ngalikuidasina. heuheu >> >> 2010/12/10 Jalak Pakuan <[email protected]> >> >>> >>> >>> Obama mah ceuk sim kuring humoris sanes bodoris kang....Nya nu biasalah >>> kang nu wajar atuh sapertos Ali Sadikin, Mochtar Kusumaatmaja, Sarwono >>> Kusumaatmaja humoris tapi sanes bodoris. Nu karunya mah eta kang humoris teu >>> kataekan bodoris teu kaasup heu heu.. >>> >>> Makarya Mawa Raharja >>> >>> >>> ------------------------------ >>> *Dari:* Dudi Herlianto <[email protected]> >>> *Kepada:* [email protected] >>> *Terkirim:* Jum, 10 Desember, 2010 16:09:44 >>> *Judul:* Re: Sindrom Luar Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung >>> Kapamimpinan >>> >>> >>> >>> kuring mah sapuk jeung bah imun di lebah dieu mah, sunda mah majajaran. >>> henteu hayang jadi pentul nu nepak dada, aing pangjangkungna. kuring milari >>> sunda papak, sanes sunda punjul. bari na ge naon lepatna jadi tukang >>> ngabodor? da nu disebut pamingpin kudu seurieus ge eta teh cek kuring mah >>> stereotip deui wae. urang tangtu bisa ningali kumaha gedena obama basa >>> pidato di ui, ceuk kuring mah jauh tina kesan pamingpin seurieus jiga sby... >>> haha >>> >>> 2010/12/10 Firman Syafei <[email protected]> >>> >>>> >>>> >>> _,___ > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
