Waktos KIBS II kamari, aya sesi dimana Mang Hasan (ahli Arkeologi) ngadadarkeun perkara Gunung Padang. Malihan mah harita oge aya wakil arkeologi (?) ti Provinsi Jawa Barat, anu netelakeun, Gunung Padang dirarancang jadi salah sahiji tempat wisata, ngaaktipkeun deui jalur kareta api anu ngaliwatan torowongan...... Mang Hasan harita teh teu nyabit-nyabit eta gunung mangrupa hiji piramid. Almarhum Mang Ayat oge dina buku memoarnya heunteu netelakeun aya piramid. Tapi anu jelas mah tempat neangan jodo.
Duka ahli dina widang naon, jol aya wae urang LIPI anu netelakeun Gunung Padang teh di handapna aya wangunan piramida. Sok sanajan masih hiji hipotesa anu perlu dibuktikeun, tapi upama maca di media, mani siga nu yakin pisan aya piramid. Duka tah, naha para peneliti LIPI anu "ceroboh" atawa media anu rek neangan sensasi, atawa aya pihak-pihak anu ngahaja "mempolitisir" perkara ieu. mrachmatrawyani
